Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 3)
Wanci asar Inu tepi ka imah indungna. Poe nu lenglang, taya sari pihujaneun ngotoran langit. Ngan katara layung hurung munggah burahay.
Kawas sasari, imahna teu weleh tiiseun. Imah leutik, pangeusina ukur tiluan, raresik bareresih. Ngahaja Inu nyalingker jalan ka dapur. Katenjoeun Yuyum, adina, keur nyokelan taneuh pepelakan. Beletuk ku Inu dibaledog tonggongna. Lep deui nyumput tukangeun tembok imah.
"Saha nu maledog teh? Ema, nya!" cek Yuyum.
"Ah, ari Yuyum, nanaonan atuh Ema kolot-kolot babaledogan."
Inu nyerengeh. Kop deui kana batu nu rada gede. Beletuk dibaledog lebah bujurna. Yuyum ngalieuk deui. Ayeuna mah cengkat, bari nyenyekel aritna. Luak-lieuk.
"Teang saha nu heureuy teh, ku Ema ge katara batuna," cek indungna.
"Bi Umi, pangneangkeun!"
"Ah, ari Nyai onaman, sok borangan," cek Bi Umi.
"Babaturan meureun heureuy," cek indungna deui.
Memeh Yuyum neang ka tempat panyumputan Inu, keleweng bungkusan pibajueun dialungkeun meneran kana beungeutna.
"Aduh...naon ieu teh?" Yuyum nunda aritna. Bray mukakeun bungkusan. Gerewek ngajerit.
"Kang Inu...! Mana...? Si Kang Inu, moal salah!" bari surak.
Inu kaluar tina panyumputanana. Gabrug Yuyum ngarangkul, jeletot nyiwit kana puhu leungeunna.
"Adodo...doow, tong nyiwit atuh, Yum!"
"Ngewa...! Ngareureuwas!"
"Si Ujang...! Paingan ngalangkang wae dina panon ti beurang keneh."
Solongkrong Inu munjungan ka indungna. Katara paroman indungna marahmay bangun bungah. Gap nyekel kana leungeun katuhuna.
"Iraha ti Bandung?" pokna.
"Siang," tembalna pondok. Solongkrong ka Bi Umi.
"Cageur, Jang?"
"Pangesto!"
"Geuwat haneut-haneutkeun dahareun, Umi, lapareun meureun Si Ujang," cek indungna. Guk-gek nu dipisono teh dariuk deukeut manehna.
"Kumaha Neng Awit teh, Jang?" Kop indungna kana koper manehna. Sok diteundeun dina luhur meja.
"Ah, kitu we. Tadina mah bade enggal-enggal diberesan, ngan saur Tanteu Opie teh engke wae mun budak tos lahir cenah, Ma."
"Nya keun wae atuh, Ujang. Wayahna we, da Ema teh moal poho kana kahadean budi maranehna teh. Kumaha cek Ujang?"
"Muhun mangga we sanggem Inu teh."
"Heueuh sukur. Cing Yuyum ieu bawa ka dituh koper Akang, heg mawa cai nanaon, lain kalah diuk! Keun lanan ngobrol mah."
"Entong kaprak-keprek, Ma! Wios da tos sesek, tadi bade mios neda heula di rerencangan."
Jung Inu nangtung. Koper dijingjing dibawa ka kamarna. Kameja dilaan, sok digantungkeun dina paku. Rarat-reret, teu weleh bareresih kamar teh najan euweuh pangeusina ge.
"Kang...ieu rek eueut?" cek Yuyum bari song mikeun cai sagelas. Sok diteundeun dina luhur meja leutik.
"Naon, Jang? Pek atuh rek reureuh mah, keun engke ngobrol mah, cape meureun."
"Ih, henteu...ieu bisi kabujeng kaanggo." Sok duit lambaran teh dibikeun kabeh ka indungna.
Indungna ngitung duit pamere anakna tea, Yuyum umat-imut ngawaskeun.
"Na sabaraha Ujang gajih teh ayeuna? Geuning ka Ema mere mani loba kieu, naek meureun, nya?"
"Ah, henteu...sadaya we di ka Ema keun, da abdi mah pan neda perdio sasih ieu mah." Serengeh seuri.
"Naha moal nyakuan pisan atuh?"
"Atos, kanggo ongkos we sareng roko.""Ma...! Yuyum kaos tea," cek Yuyum.
"Ih, naon ieu teh. Ema teh pan boga kiriditan."
"Atuh...Ma, pira ge dua rebu, Ma."
"Itu pan pibajueun ti Akang can dikaput, na ari Yuyum.""Enya Ema mah, ari kamari mah cenah ke mun datang Kang Inu."
Inu mesem. Ku taya deui atuh rajana kabungah teh iwal ti dibageakeun ku indung jeung adi. Maranehna nu mikadeudeuh, nu dipideudeuh. Nu ngagantungkeun hirupna ka manehna. Karasa hirupna teh asa aya nu ngadagoan. Tapi mun seug manehna geus kawin, naha Mila ridoeun mun rejekina dibagi dua jeung keur indungna. Ah, piraku da kacirina ge Mila mah bangun bageur, moal kawas Awit sugan, da manehna mah kaasup jalma biasa, kawas Inu, teu cara Awit nu salawasna aya dina kasenangan, tara nyaho naon ari kasusah teh.
"Enya...ke ari aya sesana kop keur Yuyum."
Nu paloba-loba carita kadenge keneh. Inu imut ngagelenyu.
"Yum, Yuuuum...! Ka dieu geura!"
"Kaah...!" Teu lila katenjo jelemana ngurunyung.
"Hayang naon Yuyum teh?" cek Inu. Panonna neuteup beungeut adina. Yuyum teh geus rumaja putri, keur meujeuhna resep dangdan. Jeung geus kaciri geulisna teh deuih.
"Kaos! Ema mah Kang, ari kamari mah ke ngadagoan Kang Inu."
"Loba kaperluan meureun, Yum. Sabaraha?"
"Dua rebu."
"Geus tong ribut, ke ti Akang."
Katenjo Yuyum imut bangun bungah. Leungeun katuhuna mintel-mintel karet nu ti tadi dicecekel.
"Kang Nu, basa kamari ieu Yuyum pendak jeung Ceu Mila keur duaan jeung pameget..."
Teu kebat Yuyum nyarita kaburu indungna ngurunyung deui ka jero. Bray mukakeun koper Inu.
"Bisi aya seuseuheun, Jang?"
"Beresih sadayana ge, Ma."
"Na saha nu mangnyeuseuhkeun?"
"Duka, ku Awit sugan di ka jongoskeun."
"Na...sa..."
"Henteu, Inu mah kamar nu hiji deui. Awit mah sareng pangasuhna di kamar nu gigireun. Moal atuh Ma, Inu ge da gaduh emutan."
Indungna imut ngagelenyu. Imut indung nu salapan bulan ngakandung. Nu salawasna mideudeuh, nu ngadu'akeun teu kendat-kendat. Ayeuna eta imut angger nganteur manehna bajuang keur pikahareupeun.
"Moal sare mah urang ngobrol we atuh di tepas! Nam, ulah ngobrol di kamar sare, teu hade," cek indungna.
Yuyum jeung indungna kalaluar ti kamar. Ari manehna rap kana baju kampret bodas. Teu lila nuturkeun ka hareup. Bet jadi ingeteun ka Mila. Kapangaruhan ku caritaan adina bieu, cenah reureujeungan jeung lalaki?
Kop kana rokona, didudut sabatang. Gur diseuneuan. Lung nu sawarehna dialungkeun kana meja leutik.
Mila jeung lalaki sejen? Piraku? Serebung haseup roko ngelun ngaliwatan sirahna, terus mumbul ka luhur.
Disampeurkeun teh indungna keur nilep-nilep pibajueun bawana ti Bandung. Tamba lengoh meuli dua meter satengah keur Yuyum.
"Rek di bidan atawa di dokter cenah babarna Neng Awit teh, Jang?"
"Ah, duka da Inu mah tara pirajeunan ubral-obrol sareng Awit. Atuda enjing siang kuliah, sonten wengi digawe. Ongkoh sieun majar nyaaheun, heg teh montel, waaah repot." Barakatak Inu seuri.
"Geus sabaraha sasih cenah Kang bobotna?"
"Teuing, cek Kang Inu ge tara tunyu-tanya."
"Karunya atuh Kang tara ditaros mah."
"Kurang kumaha Akang karunya ka manehna. Mun teu inget ka Ema mah cadu teuing Akang ngawin awewe kawas kitu. Ner teu Yum?"
Yuyum unggeuk, tapi basa ngareret ka indungna, Inu rada ngarandeg. Euweuh imut nu biasa mapaesan biwirna teh. Nu aya ngan paroman nu ngandung kateungeunah. Tapi Inu teu papanjangan nyarita. Sep ngenyot rokona, bul haseupna dikebulkeun, ngelun ka luhur. Teu dihaja diteuteup ku tiluan.
"Sok inget, harita Ema keur ditinggalkeun maot ku bapa maraneh. Da atuh mani gupuy-gapay teuing kudu kumaha. Nu matak Yuyum mah kudu tamat sakola teh, kudu bisa cekel gawe, ulah ngandelkeun teuing salaki. Harita Ema..., duh Gusti! Heg Ujang leutik keneh, komo Yuyum mah. Lain ngagogoreng dulur, harita Uwa Ito teh tas ngajual imah. Ema nganjang. Da mani baluar-balieur atuh, Jang. Behna mah dulur teh jadi batur geus dipisahkeun ku dunya mah. Tapi indungna Awit, na da mani bela. Cacak ukur sobat keur jaman sakola. Komo basa Ema gering, mun seug taya maranehna, emh..., boa maraneh teh ayeuna ge geus teu baroga indung-bapa. Nu matak wayahna Ujang, tulungan heula we naon kahayangna."
"Leresan dinya mah, Ma, kantenan. Ngan da Inu ge gaduh cita-cita hoyong ngawangun rumah tangga jeung nu dipiati. Jeung istri nu ngabogaan tangtungan. Asa teu kacipta istri kawas Awit bakal bisa jadi indung nu hade. Mangkaning pan saur Ema ge jadi indung nu hade teh kalintang banggana. Ieu deui, nu tuman hirup senang, sagala sok tinggal engab. Sedeng manehna kudu jadi indung, nu wayahna nganomerduakeun kahayang sorangan. Asa moal tiasa, Ma. Jabi tilas istri bangor. Naha moal kanceuh kabangoranana di mana jaga manehna geus rumah tangga. Inu gaduh pamilih ka Mila, leresan dieu mah punten we Ma, ari kedah neraskeun rumah tangga sareng Awit mah."
"Ih, lebah dinyana mah kumaha Ujang, Ema mah ngan nyaritakeun eta. Pedah menta didagoan nepi ka ngalahirkeun. Sukur we ku Ujang disanggupan. Nyieun pagawean amal teh teu kudu ku barang bere wae. Ngajait wiwirang deungeun ge kaasup pagawean amal." Indungna ngarenghap. Pibajueun diturubkeun kana pingpingna.
"Abot teuing saleresna mah Ma males budi ku jalan kieu teh. Amal nu kawas abdi teh seueur awonna. Geura we raraoseun istri nu kalakuanana kawas Awit, mun seueur lalaki nu kawas abdi. Kitu deui lalaki nu kawas bapana anak Awit, beuki ngabur napsuna, beuki sawenang-wenang migawe pagawean nirca, ngahina ka kaum wanita. Sareng naha teu kalebet kana ngilungan kana padamelan awon eta teh, Ma?"
"Asal Ujang enya-enya nulung. Ujang kudu beresih tina sagala pamrih. Upamana wae, pedah Neng Awit geulis, der sakamar heula, tapi lebah tanggung-jawab Ujang nyebutkeun nulung wungkul. Ari enya Ujang nulungan, cek Ema mah kaasupna kana amal. Jeung deui cek Ema ge Ujang mah nenjo Ema. Itung-itung males kahadean batur. Ema teu bisa males, da pimanaeun. Ayeuna keur mangsana manehna butuh ku pitulung, kabeneran Ujang sadrah, naon salahna. Tapi Ema teu maksa deuih ka Ujang sangkan satuluyna ngarangkeup ka Neng Awit."
Serebung haseup roko Inu ngapung ka luhur. Terus...terus...muru lalangit. Ditumbu ku haseup nu anyar datang. Nyerebung, ngabrul ka luhur.
"Jeungna deui, Jang, ulah sok waka ngahina. Cek Ema kangaranan manusa mah tara luput tina kasalahan. Ieu ge meureun, Neng Awit teh keur mangsana nyorang dosa, kasalahan nu boa ku manehna mah teu karasaeun. Tapi can tangtu Ujang, manehna bakal saterusna kitu. Papadaning kitu ge Ujang, ulah ari nembongkeun sipat miijid mah. Saha nu nyaho, nu ku urang dipideudeuh hiji mangsa teu pupuguh aya alesan pikeun dipiijid, atawa sabalikna. Manusa tea teu kawasa. Jeungna deui parasaan mah digerakkeun ku Pangeran, lain kahayang. Ngan sanajan kumaha wae oge, Ema mah mihape, awewe nu kumaha wae oge ku Ujang kudu dihormat, saperti Ujang ngahormat ka Ema."
"Ey...Ema mah mani serieus," cek Yuyum.
"Ih...lain serieus ieu mah mapatahan we ka anak."
"Nuhun ketah, Ma. Eh, Yum nyaan ningali Mila jeung pameget teh iraha?" cek Inu asa diingetan ku kekecapan indungna.
"Ah, Yuyum onaman, boa teuing emangna," indungna nempas.
"Dukaa...pokona cek Yuyum ge ningali Ceu Mila jeung pameget."
Indungna balem, neuteup beungeut Inu lila naker. Inu ge ngareret. Najan katenjo beungeut indungna nyanghareup ka manehna, Inu teu bisa ngajugjugan jeroeun hate indungna. Teuing aya naon. Laut nu sakumaha jerona beunang keneh diteuleuman, hate jelema saha nu bisa?
Basa indungna nutup-nutupkeun hordeng jandela jeung adan magrib kadenge ngelingan umat Islam, Inu diuk keneh dina korsina. Sakapeung haseup ngelun loba ngabrul ka luhur, sakapeung haseupna diantep ngambul tina rokona keneh. Ngan nu tetela, layung geus nembongan. Sakeudeung deui alam nu tadi caang lenglang bakal kaganti ku poek jeung sepi. (*)
Sambungan ti Bagian 2 | Nyambung ka Bagian 4 |
Aam Amilia