Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 5)
Jeprut bola hejo dipegatkeun ku huntuna. Sok jarum diteundeun, dicecebkeun kana babantalan leutik. Baju orok dibengbrengkeun, dialak-ilik. Asa payus jeung kahayang gambar bordelan dina dada baju orok teh, gerentes hate Awit. Bet asa aya rasa nalangsa nu teu pupuguh nyaliara na hatena. Mun seug kawin teh kawin enyaan, tada teuing resepna. Meureun beubeunangan ngabordel teh ditembongkeun ka bapana budak. Pan ieu mah Kang Inu mah lain. Salawasna teu weleh ketus, teu weleh jejebris sakalieun patanya ge. Awit rumasa kana kaayaan dirina. Nu matak sagala paripolah Inu ka manehna teh teu dijadikeun teu ngeunah pikir. Awit yakin Inu can sare di kamar gigireun manehna. Inu teh kakara pisan balik ti Garut, neang indungna, neang adina, jeung nu pangpangna neang Mila, mojang kadeudeuhna tangtuna ge.
"Enden...!"
Korejat Awit ngorejat. "Ih, Si Ma Uti, ku ngareureuwas."
"Ah Enden onaman, Ma Uti nyarita biasa ge make reuwas. Bane keur ngalamun, nya."
"Ieu...keur naksir bordelan. Alus nya, Ma?"
"Iiih, enya...ku bisaan atuh dunungan Ema teh."
Awit seuri, panonna neuteup kana panon Ma Uti. Geus kolot ayeuna mah Ma Uti teh. Ti sainget hirup manehna reureujengan jeung Ma Uti teh, sare, sakola, ulin, teu weleh dikukuntit ku Ma Uti. Matak geus teu asa ka sasaha, asa ka indung wae Awit mah. Ayeuna ge keur dirina aya dina katunggaraan, ngan Ma Uti nu bela teh, maturan beurang jeung peuting.
"Ari popok geus disisian kabeh, Ma?"
"Lah make disisian sagala popok mah, matak nyerieun palangkakan orok keh. Lah...ku aksi, orok mah dapon buni we."
"Ka dieu ku Awit, dasar nini-nini pangedulan."
"Prak teuing, Ema mah narah, sieun katojos jarum, mana jeujeueungan geus teu pati awas teh." Crot nyiduhkeun cai panyeupahan.
"Cing Ema, pangnyieunkeun seupaheun!"
"Iiih...boa awewe orok teh." Kusiwel Ma Uti nilepan seureuh. Sanggeus meunang nyamaraan, sok dibikeun ka Awit. Am dihuapkeun. Tapi teu lila Awit nyengir.
"Laga...laga, kangkoyong..."
Ma Uti seuri bari sok neundeun tampolong. Crot sakabehna dipiceun deui. Ma Uti ngehkey nyeungseurikeun.
Kadenge Inu dehem di kamar gigireun. Awit molotot ka Ma Uti. Ma Uti ngangkat taktakna bari ngelel, terus nungkup biwir. Jep teu kadenge sorana deui. Meureun Inu teh gandengeun ku seuri Ma Uti mana dehem ge. Bet aya rasa sono ka Inu teh. Tapi hayang ngobrol teh kumaha atuh, da sakalieun Awit nanya, pan Inu teh mani pondok pisan nembalanana ge. Salawasna.
"Ma Uti...cokot taraje, jig!"
"Rek nanahaonan Enden teh?" Tapi biwir Ma Uti ditungkup ku Awit bari molotot, nyarek Ma Uti nyarita tarik ku isarah panonna.
"Keur naon?" cek Ma Uti ngaharewos.
"Hayang nempo Kang Inu keur naon?"
"Atuh ketrok we."
"Embung sieun ambekeun. Jig geuwat!"
Ma Uti katenjo neuteup Awit lila. Bangun aya sinar kadeudeuh dina beungeutna nu karijut teh. Awit ge ngarasa kalakuanana teh kawas budak bolon, tapi da ku hayangeun pisan nenjo Inu teh, keur naon ayeuna?
Ma Uti ka luar, teu lila ka jero deui mawa taraje tina almunium. Teu pati jangkung, tapi beresih.
"Ieuh Enden...!" pokna bari angger ngaharewos.
"Tunda deukeut eta!" cek Awit. Taraje diteundeun sapamenta Awit, persis handapeun jandela kaca pasagi opat di luhur.
Lalaunan Awit nece kana taraje tea, satece-satece. Tepi ka nu pangluhurna, kakara awas kana kaayaan jero kamar Inu, ngaliwatan kaca jandela tea. Atra Inu teh keur diuk nyanghareupan meja, nukangan Awit. Tetela keur ngawas-ngawas potret awewe, geus tangtu Mila tea.
Mun seug dirina nu dipideudeuh teh, tada teuing bagjana. Inu dina wangwangan Awit, hiji jajaka nu gede tanggung jawabna. Salian ti kasep teh aya jiwa nu pujieun dina dirina. Arang langka jajaka saumur manehna nu daek tanggung-jawab kana kahirupan kolotna. Nu enya-enya ngestokeun kahayang indungna. Nu sakitu satiana ka kadeudeuhna. Nu ngahormat awewe sakitu hormatna. Lalaki nu kakara kapanggih saumur manehna dewasa. Hanjakal papanggihna teh leuir teuing. Sanggeus dirina dilingkung ku kahirupan nu mimitina karasa endah, sihoreng saenyana pait, pait pisan. Sanggeus dirina digadabah ku nu lian.
Katenjo Inu ngaganjel sirah ku leungeunna. Dina sisi tumpukan buku-buku aya potret Mila keur imut. Kawas keur bingungeun Inu teh. Karunya mun enya teh. Sanajan cek indungna kawin ka Inu teh estu kawin sakeudeung, nu sakadar nutupan wiwirang wungkul, tapi kanyaah nu teleb dina diri Awit hese pisan nyieuhkeunana. Mun neuteup panon Inu teh karasana ku Awit asa ngiuhan di handapeun tangkal nu liuh mangsa panas poe ereng-erengan. Inu ayeuna keur udud, ngelepus bangun ni'mat. Leungeun katuhuna nyekel pulpenna, sakapeung tanggah, teu lila gutrut nulis. Serebung haseup rokona nyerebung ka luhur. Mun seug Inu teh salakina, meureun ayeuna Awit teh ngagoler dina pangsarean nu itu, atawa ngalendean tonggong salaki. Hanjakal sagalana geus elat. Mun bisa mah Awit hayang muterkeun waktu ka nu geus kalarung. Meureun moal disorang jalan nu poek meredong teh, meureun moal ditincak taneuh nu pinuh ku leutak kahirupan teh. Hanjakal sabot kokojayan dina dunya kama'siatan teh taya nu ngageuing. Kakara sadar, indungna teh bet taya pisan panyarekna. Salawasna mentingkeun kaperluan pribadina tibatan nalingakeun anak.
Basa Inu rek ngagoler, Awit rada nyingcet ka sisi. Goledag Inu ngagoler. Awit geuwat turun tuturubun lantaran ti ditu pasti awas ka lebah manehna nangtung, tapi turunna teu ati-ati. Taraje ngolesed, Awit labuh bareng jeung ragragna taraje.
"Astaghfirullah...! Endennn...!" Ma Uti ngajerit.
Rek hudang pisan, bray panto muka. Inu nu asup teh. Awit tuluy pura-pura ngudupung. Inu muru ka manehna.
"Ku naon Ma Uti...?"
Regeyeng Awit dipangku, dug digolerkeun dina tempat sarena. Awit malik ka kenca, ngahaja ngarah buukna nuruban panonna. Era, wirang, kapanggih keur ngintip. Hatena degdegan ratug tutunggulan.
"Naon ieu teh make aya taraje di dieu?" cek Inu.
"Eta Ema rek nyieuhkeun lancah. Enden sieun, ari taeun...labuh, ninggang Enden nu keur diuk di handap." Ma Uti nembalan tatag.
Alhamdulillah, nuhun Ma Uti, gerentes hate Awit. Calakan Ma Uti mah. Tulus dipangmeulikeun samping rereng pager teh, sakalian jeung pibajueunana.
"Cig candak cai tiis!" cek Inu.
Pigeulang leungeun Awit dicekel ku Inu. Hate Awit ngageter. Mun seug ieu kadeudeuh teh saendeng-endeng eukeurna, tada teuing. Hatena beuki ratug tutunggulan. Inu nyokot simbut, rup ditutupkeun kana awak Awit. Hadena buukna nu panjang teh nuruban panonna, bari meletet Awit ngawaskeun beungeut Inu. Enyaan kasep ka hate-hatena, gerentesna. Mun seug...mun seug...
Teu karasaeun aya nu melag dina tikorona. Beurat, beurat pisan. Piceurikeun nu melag teh. Hayang budal, hayang ka luar, hayang ditumprakeun kana lahunan nu ayeuna aya hareupeun. Tapi teu wasa. Pan manehna teh boga kadeudeuh, nu geus tangtu moal leupas tina ingetanana. Jeungna sabage awewe kapan manehna mibanda keneh harga diri. Kalah kumaha oge teu meunang micinta jelema nu teu mikacinta tur dipicinta deungeun. Sasama manehna papada awewe, anu tangtu teu sukaeun kadeudeuhna dipicinta batur.
Jol Ma Uti mawa cai tiis herang dina baskom leutik. Sok diteundeun dina meja. Inu neuteup ka Awit lila naker.
"Ma Uti singklakkeun rambutna ka tukang, terus ceuceuhan. Ari Tanteu aya, henteu?"
"Wah, malem Senen mah biasana ge balik peuting."
"Ka mana?" cek Inu. Kop Ma Uti kana anduk leutik, clom dikana caikeun, sok diceuceuhkeun kana tarang Awit sanggeus buukna disingklakkeun.
"Ka teuing ka mana-manana mah, da Nden Awit mah ti bareto ge jeung Ema we. Mun urang mah, nya anak sasiki, heg diatik sing bener!"
"Ari ieu kumaha kitu Ma Uti?"
"Ieu mah gijrig ka ditu, gijrig ka dieu. Anak parawan dihakan batur kakara nyaho. Keuheul Ema mah. Karunya ku nasibna, budak sabageur-bageur nepi ka kudu kajadian kieu."
Inu teu nembalan. Karasana ku Awit keur neuteup ka manehna. Tapi naon hartina eta teuteupan mun ukur rek ngagerihan atina. Mun ukur keur ngawawaas. Pan engkena mah keur Mila, nu Mila saendeng-endeng. Deudeuh diri, micinta ambon soangan, gerentesna. Teu karasa cipanon nu ngagenduk dina tikoro teh palid sakeclak-sakeclak. Lalaunan disusut ku Ma Uti.
"Naon nu nyeri, Nden, dunungan Ema?" cek Ma Uti dareuda.
Hate nu nyeri teh Ma Uti, cek hatena. Jauh harewos teh datangna ti dasar hatena. Moal aya nu ngadenge, dalah indung leungeunna oge. Komo Inu mah. Eta nu nganyerihatekeun teh. Deukeut, deukeutna mah, tapi hatena jauh, di Garut, ditinggalkeun di Garut.
"Awit...emut! Wit...!" Sora Inu ngagalindeng.
Mun kongang mah hayang ngagabrug, hayang ceurik jejeritan dina keukeupanana nu sembada. Tapi pimanaeun, pimanaeun. Lalaki nu boga wibawa, nu ngahormat kaum wanita. Teu pantes kudu ngahiji jeung dirina nu geus dibalur ku geugeuleuh. Awit teu kuateun nahan piceurikeunana, segruk ceurik eueuriheun.
"Ma Uti, upahan!" Ngan sakitu ucap nu kedal. Leos Inu indit ka kamarna. Panto meundeut lalaunan.
Gabrug Awit ngarangkul Ma Uti. Hatena asa digerihan ku hinis, peurih..., peurih pisan.
"Meunggeus geulis, ieu era ku Den Inu pajar nyeungceurikan manehna."
Awit nahan piceurikeunana, tapi cipanonna teh teu burung limpas, palid teu katahan. Ma Uti ukur ngusapan tonggongna. Ku nyeri hate nu raheut. Kajeun sakalian teu dijait tina wiwirang tibatan nyieun raheut anu anyar. Kajeun teu patepung wae tibatan disiksa batin. Kang Inuuu...Kang Inuuu. Jeritna kur jero hate, na dasar hate nu pangjero-jerona. Moal kakobet ku saha wae oge.
"Ma Uti...," pokna sanggeus rada leler, kari inghakna.
"Naon geulis?"
"Awit mah jalma doraka nya...?"
Goledag ngagoler. Lalaunan Ma Uti ngusapan beuteungna. Karasa aya nu usik di jero.
"Ah, Enden, di dunya mah taya jelema nu suci. Sarerea ge taya nu luput tina kasalahan, taya nu beresih tina dosa. Satalung nu rumasa kana dosana, asal daek tobat, Gusti ge moal burung ngahampura lantaran Gusti mah lautan hampura."
"Kumaha ari tobat teh Ma Uti...?"
"Tobat teh neda pangampura Gusti, bari urang jangji moal ngalampahkeun deui kasalahan nu tas dipigawe ku urang. Sanajan onggeng-onggengan tobat ge, ari der deui mah ngalakukeun kasalahan eta-eta keneh, keur nanahaon."
"Awit ge rek tobat."
"Sukur...ku Ema diaping, Enden mah ngora keneh, loba keneh pangharepan. Talunganan Ema, anak teu boga, salaki komo deui. Hirup ge ngan ngandelkeun pangasih Enden. Nu matak anak teh kudu dipusti-pusti, eta teh titipan Pangeran. Lantaran teu kabeh jelema dipercaya katitipan anak teh. Enden mah jaga ulah dilalaworakeun anak teh. Gedekeun ku urang, piara ku sorangan. Indung mah kudu nyieuhkeun karesep sorangan, kudu nganomerhijikeun kapentingan anak. Talingakeun anak teh, cek paribasa kajeun ka cai ge tuturkeun. Komo Enden anak awewe mah, duh beurat pisan."
"Ma Uti engke nyaah moal ka anak Awit?"
"Atuh komo! Ka Enden geus asa ka anak sorangan, komo ka putrana. Tong salempang. Sapanjang aya Ema mah, moal weleh nuturkeun Enden, ka mana wae oge. Geus deudeuh Ema mah ka Enden teh. Atuh ti bareto, ti jaman orok beureum dirorok ku Ema teh. Da rama Enden mah percaya keneh ka Ema tibatan ka juragan istri bareto teh, heuheuh..." Ceuleukeuteuk seuri.
Awit neuteup. Enyaan..., dalah dirinya ge leuwih apet ka pangasuh tibatan ka indung. Mun seug anaknya lahir engke, teu hayang ngaleupaskeun. Hayang dirorok ku sorangan. Deudeuh meureun budak teh teu bogaeun bapa. Teu sangka geuning kalakuan nu bareto disangka sawarga hirup teh horeng kancah kamurkaan. Naraka dunya. Ayeuna sagalana kudu ditanggung ku sorangan. Bruh-breh sagalana narembongan. Ayeuna kakara sadar, sihoreng kalakuan indungnya nu ngantep teh lain hiji kanyaah, tapi tanaga nu ngilu ngusrukkeun dirina kana jurang, sanajan Awit yakin indungna ge lain ngahaja. Eta ge sok mindeng indungna nyarek, ulah ulin ti peuting. Tapi naon hartina panyarek mun indungna sorangan ge tara aya di imah? Teu mere conto hade dina kahirupan sapopoe. Tindakan hiji indung nu ngaheuyeuk rumah tangga. Picontoeun anak teh taya pisan katenjo dina kahirupan. Sedeng manehna teh teu boga dulur. Jeung saha atuh geusan pakumaha teh? Antuknya pangolona ti lalaki teh ku manehna dipercaya pisan. Asa enya dipideudeuh. Asa enya aya batur geusan cacarita. Sihoreng kabeh ge racun, kabeh ge panipuan. Ayeuna sagalana kari urutna. Manehnya nu kudu nanggung akibatna. Sarerea surak ambal-ambalan. Naha bet Inu nu kudu mangnanggungjawabkeun? Munasabah mun manehna rujiteun nenjo diri aing, cek hate Awit.
"Ma Uti!" Sora Inu ngagero ti luar. Awit geuwat peupeureuman. Bray panto muka. Inu katenjo di lawang.
"Teu nanaon Awit teh?" pokna.
"Henteu Aden. Ieu mah reuwas we meureun. Karunya atuda lah."
Inu ka luar deui, ngan kadenge hawar-hawar sorana.
"Abdi mios heula, Ma," cenah.
Ma Uti kaluar ti kamar rek ngonci panto kaluar sigana. Awit geuwat cengkat. Lalaunan kaluar ti kamar. Kasampak Ma Uti keur ngonci panto. Awit nolol tina jandela. Ma Uti nyerengeh.
"Rek ka mana cenah, Ma?"
"Duka da teu tetelepek," tembal Ma Uti.
Lila Awit nangtung nenjokeun nu indit nepi ka lesna. Basa manehna nutupkeun hordeng jandela, Ma Uti ngajanteng bari seuri.
"Bogoh Nden ka Den Inu?"
"Nyao siah...," cek Awit bari indit.
"Boro-boro Enden, Ema ge mun ngora mah bogoh ka Den Inu teh. Ih keur kasep teh dedeg jeung bageur deuih. Emh...mun ka dunungan Ema mah nurub cupu, nu geulis jeung nu kasep."
"Gandeng...!" cek Awit.
"Lah Ema mah hayang ka cai," cek Ma Uti.
Awit teu nembalan. Manehna asup ka kamar Inu da salawasnya ge tara dikonci. Hatena tingseredet deui. Geus tangtu datang mangsana kudu papisah jeung Inu. Di ka manakeun ieu hate, da geus tangtu bakal tibelat. Awit ngarangkul baju Inu nu ngagantung. Diseuseup tarik, nyelesep bau lalaki. Jauh, jauh kana dasar kalbuna.
"Kang Inu, Awit teh nyaah ka Kang Inu," gerentesna.
Tapi basa Awit neuteup potret Mila nu dipusti-pusti gigireun tumpukan buku, manehna ngorejat. Lain...! Hate Inu mah lain keur manehna. Keur itu, keur Mila.
Sup Awit ka kamarna, nutupan beungeutna ku ramo-ramo leungeunna bari nyangigir. Ngan cakcak nu ngawaskeun teh da kabeneran manehna keur eureun di juru lalangit imah. Teu geruh. (*)
Sambungan ti Bagian 4 | Nyambung ka Bagian 6 |
Aam Amilia