Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 6)

Langit ngaheumheum pihujaneun ti Lohor keneh, tapi nepi ka meh Asar can cur keneh bae. Mega angger melegmeg hideung, pinuh ku kokotor. Angin nu ngagayuh ka Magrib karasa nyelesep kana jandela.

Surat dikeukeuweuk keneh ku Inu. Geus tamat sababaraha balikan, tapi asa can percaya kana sakabeh eusina. Mun enggeus mah ngalaman dibentar gelap, kieu meureun pibasaeunana. Reuwas beh ditueun ti reuwas. Buukna dijenggut laun, leungeunna nanggeuy sirah naleukeum kana meja. Mun kongang mah hayang ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat. Hayang lumpat kana mega anu ayeuna melegmeg hideung. Hayang nepikeun kanyeri atina.

Sanggeus Halimun Peuray

Teu ngartieun Mila teh, teu ngartieun, atawa teu hayang ngarti. Saha atuh nu nepikeun ieu beja teh. Goong ti mana nu ngeungkeung nepikeun beja manehna kawin ka Awit teh. Saha?

Surat dibuka deui, anger mangsina hideung, angger tulisanana renyek cara tadi, henteu robah. Surat panjang ngagebay.

Kang Inu...

"Tebih tina sangkaan, geuning nu ku abdi dipercanten teh bet kitu. Nu majar bade dipercanten teh, geuning bet kitu. Nu majar bade satia satuhu teh behna mah bet cidra."

Inu ngalageday. Teu rumasa Mila, Kang Inu teh teu rumasa midua ati. Enyaan Kang Inu teh hayang ngajadikeun Mila ratu dina rumah tangga jaga. Teu pisan-pisan, Enung, teu pisan-pisan.

"Naha Kang Inu teh bet nikah ka Awit, naha? Pan saur Kang Inu, cenah nuju kukumpul kanggo urang nikah jaga, naha ayeuna bet janten ka nu sanes. Naha, Kang...?"

Kop Inu nyabut rokona sabatang, disesepkeun kana sela-sela biwirnya. Cekes ngahurungkeun paneker, gur dipake nyeungeut roko. Bul haseupna ngelun ka luhur. Inu ngarenghap narik napas panjang.

"Abdi teu kiat Kang Nu, nahan ngagolakna rasa. Keur kokoleangan, Kang Imran ngalamar ka Ema. Abdi teu kiat, Kang Nu. Ulah ngalepatkeun Mila, ulah ngalepatkeun abdi. Bongan Kang Inu sakitu lamina henteu kantos mundut ka Ema sareng ka Apa. Ema aya hak ngalalangkungan Kang Inu, bongan Kang Inu teu acan kedal saur."

Guprak leungeun Inu nepak meja tarik naker. Pek, pek teuing rek kawin jeung sasaha ge, geura prak, tapi teu kudu ngasongkeun alesan sarupa kitu. Teu kudu! Teu kudu!

Pruk sirahna ngudupruk kana luhur meja. Rokona dikepit ku leungeun kencana. Haseupna angger ngelun ka luhur. Leungeun katuhuna dipake ngarames surat, dikeupeul pageuh.

"Ulah ngalepatkeun abdi. Kenging disebatkeun abdi nampi panglamar Kang Imran teh ukur panglumpatan. Kang Inu..., pileuleuyan Kang Inu. Urang silih du'akeun wae abdi bade kawin dua sasih deui."

Kitu cek Mila dina panungtungan suratna. Inu cengkat. Ret kana potret Mila nu dipajang dina luhureun meja diajarna. Imut manis nu kareueut, nu jadi implengan beurang jeung peuting teh, ngan semet dieu beunang diaku, beunang dipiboga. Sakitu gampangna Mila nyokot kaputusan, sakitu gampangna. Kawas babari naker mindah-mindah kaasih teh tanpa hayang ngadenge heula pangakuan ti dirina.

Potret dicekek, guprak dialungkeun. Peupeus deukeut suku ranjang. Salengkah Inu leumpang ngadeukeutan, jen ngajanteng deukeut potret. Encan..., encan bubuk, kakara beulah jadi tilu. Diteuteup...

Bray imut Mila basa munggaran patepung, breh biwirna nu ipis ngalangkang dina ingetan. Berebey cipanonna maseuhan pipina basa munggaran eta biwir ipis teh dieunteupan ku tanda asih Inu keur Mila. Peuting harita peuting nu duaan.

Potret dipulung, diteuteup lila pisan. "Akang teh deudeuh ka Mila teh. Sabulan ka tukang basa Akang tas ti Mila, Akang hayang bebeja ka Mila yen Akang kabeulit ku tali. Akang kajiret, bongan Akang nyaho dikahadean budi. Bongan Akang nyaah teuing ka indung. Mun Akang tega teu ngadenge kana kahoyong Ema, Akang ge moal ninggalkeun Mila."

Kaca nu beulah tilu lalaunan dilocot-locotkeun. Sok diteundeun dina keretas salambar, kakara potretna kacekel. Laun pisan potretna dikenyang. "Dua bulan deui geulis teh jadi boga nu lian. Akang teh geus teu ngampihan ngaran anjeun, hate anjeun ge geus teu hak."

Ret Inu kana rokona. Geus tepi kana gurat beureum, diantep sina kaduruk, tuluy dikekesek kana asbak. Sina ajur, sina rikes. Potret Mila diteuteup deui lila pisan. Sok potret teh diteundeun.

Sakitu gampangna Mila mindahkeun kaasih. Ditinggalkeun sabulan, pira sabulan, bet robah sakitu robahna. Naha Mila teu nanyakeun heula enya henteuna ieu beja? Naha?

Awewe henteu satia, lir angin, luak-leok ka mana kahayang. Breh tumpukan nu dipusti-pusti, tumpukan surat ti Mila, nu ngajadikeun sumanget kana hirupna. Nu nyababkeun hirupna teh hayang leuwih maju, hayang jadi jelema. Ayeuna geus taya gunana deui. Geus taya gunana deui rek pupulih nyaritakeun hal anu sabenerna ge. Kapan cek Mila dina suratna, manehna geus papacangan sarta dua bulan deui kawin. Naon hartina ngoromeoh hak deungeun?

Hmmh...teu kiat cenah, teu kiat. Mun enya ge teu kiat naha teu nanyakeun heula, pan reureujeungan teh lain kakara sapoe dua poe. Tetela teu satia. Kapangaruhan ku burinyayna dunya.

Kop kana kayu api, gur disundut. Kop surat teh dicokot nu pangluhurna, gur diduruk. Kayu api dipeclengkeun urutna. Seuneu hurung ngabebela. Inu nungkup beungeut ku leungeun katuhuna. Basa karasa leungeunna kaheab ku panas seuneu, geuwat keretas diteundeun dina ubin. Bari dongko Inu nyokot deui surat tina tumpukan. Gur deui diduruk. Taya gunana diampihan, ukur matak nyuat-nyuat hate. Taya gunana dipikainget jeung dipikatineung da geus lain anuna, geus lain eukeurna. Lambar demi lambar surat teh diduruk.

Ayeuna mah teuteupna anteb kana gedurna seuneu nu ngaduruk surat. Hiji-hiji dilegleg ku batara geni teh, saeutik-saeutik. Bray keupat Mila dina sawangan basa dijajapkeun ka pesta kawinan. Harita kedal jangji rek nungguan. Harita Mila kedal jangji rek satia. Naha geuning Mila henteu satia. Naha geuning Mila sakitu gampilna mindahkeun kaasih teh, da Kang Inu mah hese. Ayeuna sakitu sabaraha bulan bareng jeung Awit, can pareng dibere nyaah, ijid nu aya.

Mila, enyaan Kang Inu teh deudeuh ka Mila. Tikoro Inu asa beurateun pisan, asa aya nu ngagantung, ngahalangan elak-elakanana. Sanajan ukur hayang neureuy ciduh ge seuseut pisan...seuseut pisan.

Potret nu dipusti-pusti teh lalaunan diasupkeun. Aya nu haneut ngeclak kana pipina. Lalaki aing teh, cek hatena. Tapi naon hartina kalalakian ari nyanghareupan hal sarupa kieu mah. Asa dilunjak, asa ditincak hulu. Pepek balad bae kitu keur meresan jelema nu ngaran Imran teh, Mila? Hmh lucu, bubudakeun, mahasiswa ngoroyok batur pedah bebenena rek kawin. Pileuleuyan Mila, cek hatena. Buuk nu galing muntang teh ngalelep kalegleg seuneu, terus ayeuna panon nu sok mere rindat miasih teh mimiti ngaleungit, terus irung nu mancrit, terus biwir anu mere kani'matan, anu munggaran mere rasa, yen manehna teh manusa dewasa. Musna ayeuna mah..., musna. Potret tinggal tungtungna, keleweng dialungkeun, sina bareng jadi lebu jeung surat-surat nu satumpuk.

Kosong..., asa kosong hatena teh. Jung nangtung, karasa sukuna singsireumeun. Gubrag meubeutkeun maneh kana tempat sare. Sagala ingetan nu kungsi ngait dina hatena dicoba dipopohokeun. Teu lila kedenge aya sora nu keketrok. Inu ngajeten. Rek naon deuih mangkeluk teh magrib-magrib keketrok.

"Den Inu...! Den Inu...!" Sidik sora Ma Uti.

"Aya naon, Ma Uti?"

"Buka sakedap!"

Jung Inu cengkat, bray mukakeun panto. Ma Uti ngajanteng, nyeh imut. Inu neuteup, angger baeud. Keuheuleun asa diganggu.

"Tiasa nganteur Enden ka bidan?" cek Ma Uti.

"Ku naon kitu?" cek Inu ketus.

"Sigana mah bade babar," omong Ma Uti.

"Ayeuna ge rek mios abdi mah."

"Ari tos kedah sareng saha?"

"Duka da abdi mah sanes bapana!" Brug panto ditutup. Sugal, karasa ku Inu ge eta caritaan teh sugal pisan. Bongan lain wayah menta tulung teh. Keur hatena asa diwewejet, jol nu ngaganggu. Alatan si Awit hubungan jeung Mila jadi ajur tutumpuran teh, alatan si Awit. Hmh, ayeuna menta dianteur deuih ka bidan. Nurustunjung, kena-kena aing bageur. Kangeunahan nu boga dosana we. Bodo, aing teh bodo, tolol leuwih ti kebo.

Kadenge ku Inu sora nu ribut. Teu hayang ilubiung, kangeunahan. Kop kana jaket kulitna nu pulas coklat. Sup rokona disakuan, gejlig indit. Brug panto kamarna ditutup. Lebah lawang ka luar, Inu dibetot leungeunna ku Ma Uti. Reg ngarandeg. Lila paheneng-heneng.

"Aden teu hawatos ka istri nu teu daya teu upaya...?"

Teu daya teu upaya soteh ayeuna. Bareto, teu cara keur karungrung ku pangajak setan, saurang ge di dunya hayang ulah sina nyahoeun. Tapi nu kedal mah ukur sakecap, kitu ge teu mangrupa kalimah.

"Hmh...!" pokna ketus.

"Aden...!"

Ti kamar aya nu ngagero. Ret Inu ka Awit nu nangtung disangkeh ku Ma Oyoh. Breh paadu teuteup. Katara Awit baeud.

"Wios Ma Uti, teu kedah menta tulung ka nu alim, abdi ge kiat," cek Awit tatag.

Inu neuteup, hatena nyereset. Mun euweuh Si Awit, Mila moal leupas. Moal, moal. Inu mundur, crot nyiduh. Gejlig indit.

Disangkana meureun aing rek karunya. Hmh...! Inu kukulutus dina hatena. Leumpang ngagedig teu ngalieuk deui. Paduli teuing rek salamet rek modar ge, lain anak aing ieuh nu dijurukeunana. Enya ge kahutangan budi ku indungna, ari popoharaan teuing nyieun amal mah ke heula. Leungeunna ngodok saku jeketnya, gedigna beuki gagah, beuki angger.

"Wios Ma Uti, teu kedah menta tulung ka nu alim," cek Awit bieu.

Kadengeeun sugan ku jejewirna caritaan aing bieu, gerentesna. Ngarti yen manehna teh awewe nu pangdipiijidna. Disangkana aing teh bogoh meureun, disangkana aing daek nulungan teh pamrih meureun. Hmh ke heula.

Ari Mila nu disangka awewe satia teh, geuning kenyataannana bet sakitu gampangna narima pangajak ti nu sejen. Ana kitu mah kecap satia nu dikedalkeun ku awewe teh lir cai dina daun taleus. Eunteup sabot taya nu ngendagkeun. Di mana tangkalna oyag, caina milu nyurulung, teu ninggalkeun urut. Cenah pedah manehna ngadenge kawin jeung Awit. Cenah teu kuat. Teu tatanya heula, kawas nu teu hayang maluruh kana kajadian naon nu saenyana. Hiji-hijina jalan pikeun ngayakinkeun eusi surat teh taya deui iwal ti nanyakeun ka Yuyum. Tangtu ku surat deui da pimanaeun ari kudu balik mah. Kudu patepung? Teu kaciptaeun ku Inu kumaha bisana mepes seuneu nu ngagedur ngaduruk dadana.

Rokona didudut sabatang, pelenyun udud. Lengkahna anca, teu rurusuhan. Antare..., salse. Pihujaneun nu tadi ngagenduk di langit, bet taya buktina. Taya hujan sakeclak ge peuting ieu teh. Najan teu dipapaesan ku bentang, langit teh kaitung cangra.

Teuing ka mana manehna kudu ngajugjug. Ngan inget lamun meunang katunggara ulah cicing di imah. Kudu ka dieu, ka alam nu lega bebas, nyeuseup hawa seger, nenjo alam nyata. Karasa yen diri teh teu satai kuku-satai kuku acan mun dibandingkeun jeung kakawasaan Pangeran.

Teuing geus sabaraha pengkolan manehna leumpang, teuing geus sabaraha peuntasan anu dipake meuntas, ngan rokona nu tadi pinuh teh kari sababaraha batang deui. Lebah nu rada simpe, Inu ngambeu nu nyeleksek kana irungnya. Kadenge aya lengkah-lengkah alon nu nuturkeun. Ret ngalieuk..., awewe.

"Nyalira wae?" pokna.

Awewe, cek pikirna. Awewe murah, tukang ngajual kahormatan. Naha enya awewe murah teh ngan manehna wungkul? Ari nu daek digadabah lalaki kawas Awit lain awewe murah? Ari awewe nu gampang mindah-mindahkeun cinta, nu serah bongkokan kana dunya barana kawas Mila lain awewe murah? Kabeh ge murah, ngan murahna beda. Pangmurahna mah Mila, daek nukeurkeun cinta ku dunya. Tapi bisa jadi harga dirina mah mahal, ngan harga cintana murah.

"Nu, Inu...!" tetela ayeuna mah nu ngageroan teh lalaki. Inu ngarandeg. Ret ngalieuk. Nu geulis oge milu ngarandeg, sarua ngalieuk ka tukang.

"Bos..., silaing!" Inu kerung heraneun, teu sangka panggih di dinya.

"Tong lebah dieu, teu pati gareulis," Obos ngaharewos. Inu mesem. Saliwat ge kahartieun ku manehna, Obos nyangka yen manehna rek ka tempat teu uni.

"Ti iraha beuki lalab rumbah?" cek Obos.

"Ti bubudak ge beuki lalab mah keur coel sambel."

"Enya ieu mah lalab deui...lalab deui."

"Na samaruk ilaing rek kitu nyah?"

"Alaaah...sok sasantrianan. Kos lain jeung konco weh."

"Demi Allah urang mah lain rek kitu, euy!"

"Pamajikan gede beuteung mah biasa, taya gawena, bener teu?"

Obos ngabarakatak. Leungeun Inu dibenyeng. Duaan meuntas. Cekes Obos ngahurungkeun seuneu. Awewe nu tadi nuturkeun Inu ayeuna mah nangtung deui, teu nuturkeun. Inu ngareret sakeudeung.

"Geulis nya!" Obos ngacungkeun indung leungeunna.

"Urang mah keur bingung puguh, Bos."

"Ngarti...! Pamajikan geus gede beuteung naek kana hulu, lah."

Inu mesem. Ayeuna kudu cacarita teh, nyaritakeun sabalakana naon nu jadi pipinding hatena. Sina nyahoeun sadunya yen manehna kawin ka Awit teh kawin bobohongan. Sugan ti sungut ka sungut bakal ngeungkeung deui goong. Sugan goong teh harus, bakal tepi ka Garut.

"Silaing can nyaho carita urang nu sabenernya?" cek Inu.

"Heeeemh...heeemmh..." Obos unggeuk-unggeukan. Gembreng sora bel beca ngagembreng, lar becana ngaliwat. Pangeusina awewe duaan, ret ngalieuk.

"Urang percaya silaing mah bisa dibawa ngomong," cek Inu.

"Komo da teu pireu," cek Obos. Inu ngagakgak.

"Rek ngadongeng urang teh euy, ngarah rada longsong."

Langit di luhur poek. Sari-sari pihujaneun nu tadi ngagayot teu katara, saru ku poekna peuting. Di jalan nu sepi ukur loba jelema leumpang. Sakapeung aya nu sapasang-sapasang. Tapi Inu anteng ngadongeng, nyaritakeun nu jadi kasumpeg hatena. Susuganan teu beurat teuing.

"Disangka ku ente, sayah percaya si Awit jendilna ku ente?" Obos ngabarakatak seuri basa Inu tamat cacarita.

"Batur nyarahoeun?"

"Puguh weee..., ngan lebah teu ditoel-toel acanna mah, naaa...ente teh bodo-bodo teuing. Lauk hayam geus nampeu diantep."

"Sebel lauk hayam ge panyesaan batur mah."

"Alaaah...kumaha we. Aya dagingan keneh mah...hakan!"

"Kudu kumaha urang teh, Bos. Panas euy, panas ku si Mila teh."

"Nyeri hate ku awewe, ubarna awewe deui. Neangan ganti si Mila."

"Na gampang kitu ari mindah-mindah cinta?"

"Alaah...kawas pujangga wae make nyaho di kecap cinta." Obos ngabarakatak. Lung ngalungkeun kuntung rokona. Geleser mobil bodas, patutur-tutur jeung nu bulao ngaliwat miheulaan maranehna.

"Sieun euy, rek migawe kitu teh," cek Inu.

"Silaing mah banci batin kitu mah."

"Naon make aya banci batin sagala?" Inu seuri.

"Banci batin mah di jalan Merdeka. Banci batin mah ente."

"Ari Awit kumaha nya, Bos?"

"Na bodo teh leuwih ti kalde ente mah. Lauk hayam girinyih rek diantep. Gumurih deuleu awewe hudang ngajuru mah, cenah ge." Barakatak Obos seuri.

"Da teu bogoh atuh, Bos."

"Astagfirullaahal adziim....! Gusti aya keneh geuning umat Anjeun nu dingaranan lalaki nu kawas kalde teh. Ka widadari teu bogoh?"

"Widadari urut dicabakan batur?"

"Ari ente tara milu dicabakan batur. Ente ge urut batur. Indung bapa ente ge nyarabakan bareto."

Barakatak Inu seuri. Jalan nu sepi geus kaliwatan. Ayeuna mah jalan nu kacida ramena nu ditincak ku Inu teh.

"Ayeuna mah sehatkeun heula pikiran. Yu, ngilu jeung sayah. Dibere nu beresih ku sayah. Teu butuheun duit manehna mah, ngan resep bagadang jeung butuh kaasih wungkul."

"Moal dosa, Bos?"

"Lalaki silaing teh, lalaki. Sanajan aya emansipasi ge cadu teuing kudu pondok harepan lantaran awewe mah. Tong hayang ditalukkeun ku awewe. Lalaki silaing teh, lalaki!"

Peuting beuki poek. Lengkah Inu ajeg..., tetep. Lalaki, manehna teh lalaki. Sajatining lalaki teu meunang kumeok dibintih ku bikang. Enya, lalaki aing teh lalaki, gerentesna ka angin peuting nu karasa tiis. (*)

Sambungan ti Bagian 5 Nyambung ka Bagian 7

Aam Amilia

Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 6) Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 6) Reviewed by Rupa Sundapura on 20.09 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.