Nguseup

Kang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak-ilik, neangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, neangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyeot teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibeberes, dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andeprak dina jukut nu semu reumisan. Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lenglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoe kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, genah karasana.

Nguseup

Poe ieu rek nguseup, rek mopohokeun karudet sapopoe. Mata dipake manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk gede.

Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolerkeun dina jukut, didempet ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disolendangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rek indit. Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pedah tadi isuk can sasarap.

Seak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Meh-mehan teu karawel. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu ni’matna nguseup teh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.

Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.

Lauk beak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahegak cape. Pasrah, kokoleaban dina beungeut cai.

Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes Kang Sabri.

Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rek kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut Kang Sabri. Bis bae leupas.

Lauk ngoleab deui. Kek ditewak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar.

Kang Sabri neuteup lauk, lauk neuteup Kang Sabri.

Biwir lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku Kang Sabri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun.

Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.

Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.

Lauk dina koja ngagudibeg, Kang Sabri ngareret. Enya buncir lauk teh, keur endogan, tereh megar.

Mun ieu lauk diala, digoreng, dicobek make sambel jahe atawa dipesmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok cengek, seuhah, ni’mat kabina-bina.

Tapi saha nu rek masakna?, di imah ngan sosoranganan, imah ge ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapamenta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng mere nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.

Kang Sabri, lalagasan keneh, gawe jadi guru Sakola Dasar, kakara dua taun diangkat jadi pagawe nagri. Mun pasosore ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak Ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak teh, teu risi tatanya, pinter budak teh da teu weleh rengking di sakolana. Eta meureun pangna Ceu Enyi jadi bageur. Keur Kang Sabri mah resep we ngajar ka barudak teh, da eta mah geus tugasna. Predikat guru teh teu leupas najan teu keur di sakola. Dimana bae ge kudu tetep mere conto ka barudak.

Ayeuna ge nguseup teh pedah we keur poe pere, rek balik ka lemburna rada horoream, ma’lum ahir bulan. Boga bekel teh ukur cukup keur dahar.

Lauk kokoleaban dina koja, enya gede lauk teh, mun dijual bakal payu meureun dua puluh rebu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poeeun. Lauk diteuteup, buncir pisan.

Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarebu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.

Lauk engap-engapan, Kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk digoreng, didahar jeung sambel jahe, ukur ni’mat saharita. Mun lauk dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan. Lauk nu galede bakal nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur mere pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make setrum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make tuak. Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.

Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori. Kang Sabri ngadeukeutan kana koja, pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digoreng garing dicocolkeun kana sambel jahe, bakal ni’mat didaharna, mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg, mending dileupaskeun. Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun, mun leumpang siga nu ngagegag, teu weleh nyekel beuteung. Kang Sabri inget kumaha cakah-cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru. Kang Sabri ngadenge kumaha ngahegakna nu ngajuru. Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet. Orok diadanan, orok dimandian, orok dibageakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan, kanyaah indung moal laas ku jaman.

Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan, "Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan. Anak maneh sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak maneh nepi ka gede. Bulan hareup uing rek nguseup deui di dieu, meureun bulan hareup mah maneh teh kawajiban ngaping anak geus lekasan. Maneh kudu nyantok deui eupan kami." Kang Sabri nyebut Leungli teh pedah inget kana dongeng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak awewe lanjang.

Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna, "Naha dileupaskeun, Jang Guru?".

Ari dilieuk sihoreng Mang Kanta, tukang beca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat Kang Sabri ngajar.

"Eu...sumuhun, Mang. Karunya nuju buncir endogan".

"Lah Jang Guru mah, ari ka emang teu karunya kitu? Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun."

Kang Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus meresan koja. Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka Mang Kanta.

"Muhun Mang, engke upami kenging deui," ukur kitu omong Kang Sabri.

"Leres Jang Guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup teh. Eta Emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina televisi, geuning upami tos kenging teh laukna sok teras dileupaskeun deui."

"Benten paniatan kumaha, Mang?"

"Ari Emang mah nguseup teh teu benten sareng usaha numbu umur. Hasil tina nguseup teh kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca. Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana beas, upami hasilna sakedik nya sok digoreng we kanggo rencang sangu. Ari niat jang guru mah panginten nguseup teh mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sanes udagan. Suka bungah teh nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo emang mah suka bungah teh ningali anak tiasa barangdahar, balakecrakan dahar lauk."

Kang Sabri unggut-unggutan. Kang Sabri mulut kenur. Kang Sabri memeres jeujeur.

Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang tiheula.

-=oOo=-

Sabulan ti harita dina mangsa poe pere, Kang Sabri keur ngajogo sisi walungan, tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali kenur dibeberes, ruruhit useup make eupan cacing kalung. Niat nguseupna hayang meunang lauk gede. Mun meunang, laukna rek dibikeun ka Mang Kanta.

Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan.

Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.

Cek sawareh nguseup teh pagawean tambuh laku, ngajejentul moe maneh. Cek sawareh nguseup teh neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri. Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak Mang Kanta balakecrakan.

Meh tengah poe, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyeng-benyeng kenur.

Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik keneh sagede-gede cinggir budak.

Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun Kang Sabri.

"Subhanalloh," cek Kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk, tuluy dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk cicing. Lauk ukur engap-engapan.

"Ieu teh maneh, Leungli?" Kang Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan.

Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna.

Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui. Kagambar barudak Mang Kanta balakecrakan ngadahar goreng lauk.

Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui.

"Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji. Jung geura aping anak maneh, sina galede, sina ngabeungharan ieu walungan," Kang Sabri ngaharewos bari nepak cai, tuluy sibanyo meresihan ramo. Lauk ngoleab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng, ngagedebeg rosa. Cai muncrat kana beungeut Kang Sabri. Kang Sabri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun ku anakna nu laleutik keneh.

Kang Sabri beberes, kenur digolongan, eupan diawurkeun ka walungan. Kang Sabri ngagedig ngingkig balik. (*)


Mamat Sasmita (Tribun Jabar, Saptu 9 Juli 2011)

Nguseup Nguseup Reviewed by Rupa Sundapura on 22.15 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.