Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 7)
Burudul kembang eros murudul basa gagangna disintreuk ku leungeun Inu. Panonna sakapeung eunteup kana awak nu keur ngadepong hareupeunana. Buuk laleutik mojang geulis teh katebak ku angin. Teuing kudu kumaha ngamimitianana Inu teh ka mojang nu dibawana ayeuna. Bongan cek Si Obos, nyeri hate ku awewe ubarna kudu ku awewe deui. Naha enya teori Si Obos teh bener. Inu hayang ngabuktikeun.
Ku Si Obos diwawuhkeunana oge ka mojang anu dibawa ayeuna teh. Cek Obos keneh, cenah mojang nu ayeuna keur lalanggiran dina jukut teh teu butuheun duit, teu butuheun pamahugi. Manehna ngan butuh cinta jeung kaasih.
"Ngomong, dong!" cek mojang geulis teh. Inu ngarenjag. Manehna neuteup bari imut. Naon atuh nu kudu diomongkeun jeung awewe kawas manehna.
"Banci sialing teh banci. Teu boga kalebar. Dedeg sampe rupa hade, ngan ulukutek ka Si Milaaa weh. Bodo, hirup mah ngan sakali," sora Obos ngajelengeng deui. Na nu kumaha atuh nu disebut lalaki teh. Cek Si Obos mah definisi lalaki teh cenah lain wungkul sok dicalana, kumisan, jeung janggotan wungkul. Tapi nu kieu meureun, nu kudu bisa ulin jeung awewe nu kumaha wae.
"Hey! ngomong dong...!" cek mojang teh bari ngoyagkeun suku Inu.
"Cape!" cek Inu.
"Alaaaah...nanjak segitu aja cape." Angger basana teh direumbeuy.
Breh tetenjoan di handap. Sawah ngampar ngahejo lembok. Katara dangdaunan aroyag katebak angin. Panonpoe can pati luhur, da ngahaja ngajakan ulin teh ti isuk mula. Hayang seubeuh, hayang bisa mopohokeun Mila.
"Saha sih jenengan teh?" cek Inu.
Manehna teu nembalan, kalah jeprut nyabut jukut nu panjang. Krek digegelan tungtungna.
"Perlu tau kitu?" cek manehna kalah malik nanya.
"Haarrr..., atuda teu puguh kedah kumaha nyaur," cek Inu.
"Seueur nami abdi mah."
"Seueur...? Naha?"
"Teu ku nanaha."
Inu teu lemek. Panonna neuteup lila ka mojang teh. Geulis, geulis pisan. Irungna nu bangir jeung biwirna nu ipis mutuh matak geregeteun lalaki. Panonna nu cureuleuk jeung pipina nu lemes, kabeh ge matak narik birahi.
"Ari ayeuna atuh saha jenengan teh?" cek Inu.
"Kumaha Inu we..." tembalna.
"Haarrr..., teu puguh ah," cek Inu.
Basa mojang diteuteup deui, manehna tungkul. Beungeutna kembang weraan.
Cek katerangan Obos mah cenah, mojang bawaan manehna ayeuna teh pangkahotna. Pang pada nyirianana. Pilihan ka nu ngajak teh. Tapi kenyataanana geuning eraan, diteuteup rada lila ge tungkul bareureum.
"Sebat we Ira...!" pokna sanggeus sawatara lila. Inu ngareret. Nu lalanggiran metik deui jukut nu rada panjang, nyabut deui salambar, pek duanana diulang-ulang. Dituturkeun ku panonna. Ka kenca ka katuhu.
"Inu nembean nya amengan kieu?" cek Ira.
"Geuningan uninga?" cek Inu.
"Atuda...meeemh, heh...heh...," serengeh Ira seuri.
"Atuda naon?"
Ngadenge nu seuri bangun ngece teh, hate Inu kasigeung. Tangtu nyangkana teu beda ti Obos. Banci, euweuh kawani. Dikitukeun teh Inu asa kahudang kawanina. Diukna ngised ngadeukeutan. Ret ngareret ka Ira.
"Baru Ira mah ketemu orang kaya kamu," cek manehna.
"Sering kitu Ira amengan sareng pameget?" cek Inu.
Hiuk angin nebak rada tarik. Pelenoy tangkal kembang beureum melenoy. Pucuk camara ririaban. Ngan jukut nu keur didiukan kawasna nu teu oyag teh. Kabeh tangkal oyag katebak angin.
"Ira mah bukan cewe baik-baik," omongna. Jekrek jukut digegel tungtungna. Puh, diciduhkeun deui. Sukuna duanana diacung-acungkeun. Sabot ngacung cutbrayna nyengled ka handap. Bitisna nu bodas ngolenyay.
"Ira terang yen Ira sanes istri bageur?" Inu ngarenghap.
"Ira tahu!"
"Hemh..., naha atuh ari terang mah?"
"Naon maksud Inu teh?"
"Mun Ira terang yen Ira sanes istri bageur, terang meureun padamelan kieu teh sanes padamelan sae?"
"Lalu?" beungeutna curinghak.
"Teras naha dilakonan wae?"
"Naon dilakonan teh? Ko...basana aneh-aneh."
"Basa Ira puguh nu aneh-aneh. Basa Inu mah basa Sunda."
"Heh...iya! Naon dilakonan teh?"
"Dikerjain!" Inu seuri, kagokeun.
"Kapalang," tembalna. Cekruk jukut teh digegelan, tapi henteu nepi ka sapat. Nyeh imut.
"Coba dongengkeun kapalangna teh kapalang kumaha?"
"Hey..., ini FBI apa psikiater. Kamu mah harusnya ke mesjid bukan ke sini."
Inu ngabarakatak. Geleber galejra tinggeleber ngajauhan. Tuluy manehna ge lalanggiran. Awakna diadekkeun. Basa dileupaskeun, Ira neuteup lila naker.
"Sok...! Naha kalah calik," cek Inu.
"Inu...," Ira hudang. Buukna dibebener. Gek diuk bari ngareret ka Inu.
"Hemmm..., sok dongengkeun kapalang teh kapalang ku naon?"
"Seumur hidup Ira mah baru ketemu orang kaya kamu. Kirain don yuan, tahunya..., kok mualim."
"Aya potongan don yuan kitu ari kang Inu?"
"Idiiih...Kang. Naon Kang teh? Kampungan...!" ceuleukeuteuk Ira seuri.
"Har naha make kampungan. Apan Ira sahandapeun Inu."
"Teu resep ah, tos we Inu."
"Oke...oke...!" Kapalang cek Inu. Mamalayuan oge hayu. Hayang nyaho, sagala wawarahan Si Obos teh rek dilaksanakeun. Ira mah leuwih sagala-galana ti Mila. Moal eleh. Mila boga nu sejen, aing ge kudu boga. Lain hinaeun awewe hirup teh. Aing teh lalaki, lalaki..., gerentes hatena sumanget.
Basa rek nanggahkeun Ira, manehna ngareret. Ira teh bet tungkul. Lalaunan taktakna dikeukeup. Hiliwirna angin karasa nebak kana punduknya.
"Sok atuh dongengkeun, naha Ira teh bet kieu. Inu mah sanes FBI, sanes detektip partikelir, hayang terang we. Bongan kenal sareng Ira."
"Mun geus terang naon perluna?"
"Ah teu aya perlu naon-naon, hayang terang weee..."
"Ira ge dulu mah orang baik-baik. Ira saling cinta, Ira sayang ama Dony. Dony juga sayang ama Ira. Ira serahin segalanya buat dia. Tahunya Dony pergi ninggalin Ira. Sialan...!" pokna.
Gusti eta babasaan. Urang Sunda..., deudeuh urang Sunda. Geus pohoeun meureun kana basa Sundana nu bener. Lain wungkul awakna nu ruksak teh, basana, kapribadianana, mentalna. Deudeuh.
"Naha kitu-kitu wae make janten alesan pikeun ngalakukeun padamelan nirca kawas ayeuna?"
"Abis Ira udah dibuntingin, dia lari. Kan kejem."
"Atuh Ira teh tos kagungan putra, nya?"
"Udah satu."
"Di mana ayeuna putrana?"
"Ceritanya Ira teh dicandak ku Bibi. Dikukut dengan anak Ira. Mimitina mah biasa, ari taeun..., paman Ira teh. Nu...ah..."
"Eh, sok teraskeun. Tos kitu kumaha?"
"Ira dikerjain ku paman teh..."
"Hah?" Inu ngajenghok. Buuk Ira ngagasir kana gadona basa Inu ngalande kana taktakna.
"Ira kapalang, ku Bibi diusir. Ira kapalang. Ira mesti hidup. Ira aya nu nyaaheun. Ira ayeuna dikukut ku Oom Ben. Dibeliin rumah, dikasih belanja dua ratus ribu sebulan. Tapi ari Oom Ben keur di istrina mah, ah main-main aja. Kan Ira kesepian..."
"Hemmh...doraka atuh, Ir."
"Naha make doraka?"
"Enya..., suami kamu?" cek Inu nurutan basa Ira.
"Bukan suami cuman pelindung."
"Pelindung hewan?" cek Inu. Heureuy maksudna mah, pedah aya ngaran jalan Pelindung Hewan. Tapi teu pupuguh bet kadenge Ira nginghak.
"Har...geuning nangis," cek Inu reuwas. Ira ditanggahkeun. Cipanonna nyurulung kawas mute pegat tiiran.
"Ira juga tahu, Ira kaya hewan. Ira juga tahu."
Gabrug ngarangkul, ceurik eueuriheun dina dada Inu. Teu karasaeun leungeun Inu ngusapan sirahna.
"Tos, ah...! Yu urang uih!" cek Inu.
Ira kalah beuki ngaarangkul tipepereket. Ku Inu diantep sina nuluykeun ceurikna dina keukeupanana. Leungeunna hideng ngusapan. Beuki lila bet beuki deudeuh. Nu kacipta ku manehna ayeuna bet Yuyum. Yuyum adina nu ku manehna kacida dipikanyaahna. Kumaha mun Yuyum ngarandapan nasib cara Ira. Deudeuh teuing meureun. Heg teh lalaki-lalaki kalah ngajurung kana kalakuanana teh. Henteu hayang nyahoeun kasang tukang pang manehna kitu. Nu lalaki nyaho, Ira teh geulis, beunang dicoo bari teu mayar. Cek Obos ge Ira teh pilihan, kudu ka nu kasep wae.
VW pulas kopi susu ngageuleuyeung ninggalkeun Lembang. Hawa tiis sajajalan karasa keneh, sanajan cahaya panonpoe geus rada luhur manceran.
"Urang ka mana ayeuna?" cek Ira.
"Geura mulih we Ira. Inu mah jajapkeun wae dugi ka sakola. Rek teras kuliah. Iraha-iraha urang tepang deui."
"Ira malu. Ira baru sampai nangis kaya tadi. Jadi inget ka anak. Mun geus gede ditanya bapa meureun euweuh. Mun ditanya saha indung meureun piaraan Oom Ben. Kata-kata kamu teh mani nyerep deh."
"Kata-kata naon tea, dan teu aya nu ngandung hikmah."
"Ira hewan. Memang hewan nu hirup kawas Ira mah."
"Naha kitu?" Inu reuwas, da maksudna mah heurey. Ku genaheun kecap pelindung diteruskeun kana hewan. Bet kabeneran keuna kana mamaras Ira.
"Heeeh..., diparaban batur, ari ulin jeung saha wae."
"Heh...heh...heh...," Inu ngaheheh. Deudeuh. Ulah Yum, ulah boga nasib kawas Ira Yuyum mah, Du'akeun we Kang Inu sing bisa ngaping Yuyum, gerentesna. Yuyum ge sangsara. Yuyum ge susah hirup teh. Yuyum ge hayang ginding cara batur. Tapi Yuyum mah teu kudu nyorang jalan kawas Ira. Teu..., ulah Yuyum mah.
"Inu..., nuhun, nya Nu," cek Ira.
"Naon tea nu nuhun...."
"Sun sayangnya."
Inu seuri. Buukna disisiran ku ramo-ramona. Dikatukangkeun. Sakali, dua kali. Bajuna dibebener. Kaambeu ngahiliwir parfum Ira nu narapel dina bajuna. Hareupeun buruan kampus, VW eureun. Inu turun. Dijajapkeun ku imut Ira.
"Kapan-kapan main lagi, ya...!" cek Ira. Panona katara carindul.
"Oke...!" cek Inu.
Mobil ngageuleuyeung. Inu ngalengkah ngajugjug sakolana. Lebah lawang katenjo Si Obos bangun jongjon maca buku.
"Bonafide, nya Nu."
"Atah adol sia mah mere ubar teh," cek Inu bari jekok Obos ditajong. "Naonana nu bonafide teh?" Gek Inu diuk gigireun Obos. Kop kana rokona. Didudut sabatang. Sawarehna diasongkeun ka Obos.
"Kakara bieu, nuhun."
Serebung haseup kayu api nu kakara dipareuman jeung hareup roko tina seuseup nu munggaran, ngelun ka luhur. Inu neuteup majuna haseup.
"Are you satisfy dear?" cek Obos ngaheureuyan.
"Na...da teu dikukumaha. Make nanyakeun seubeuh sagala."
"Na tas ulin ka mana?"
"Ti Lembang."
"Di hotel mana?"
"On the grasss."
"Terus..., nanaonan bobogohan luhureun jukut?"
"Terus ceurik."
"Naha make ceurik?"
"Dipapatahan ku urang." Serebung haseup ngelun. Barakatak Obos seuri ngabarakatak. Tonggong Inu ditepakan.
"Kalde..., kalde..., ente teh kalde. Nu kitu mah lain papatahaneun tapi garapeun. Jelema geus teu wawuheun moral nu kitu mah. Geus ngadagleng. Make kudu dipapatahan sagala. Dasar kalde. Ieuh, hese nu kapilih ku Ira mah. Silaing mah kasep. Basa dikenalkeun oge mani pok deui pok deui salam ka Inu cenah."
"Asa ka Si Yuyum euy nenjo manehna ceurik dina keukeupan teh."
"Saha Si Yuyum teh?"
"Adi urang."
"Naha make inget ka adi sagala. Ari keur ulin, ulah sok inget ka sasaha. Nu penting garap heula lauk hayam. Inget ka indung inget ka bapa mah ke ari rek lebaran. Inget ka adi ari meunang rapel. Kalde sia mah, meunang hese cape. Mun daekeun ka urang mah..., wah paling saeutik Rolex merena teh."
"Leuwih hina urang atuh kitu mah. Dibeuli-beuli ku awewe."
"Alaaaahhhh..., nu hina mah lauk diparaban cacing daek wae. Ulin jeung Ira mah lain hina tapi bagja."
"Lain bagja. Lalawora ulin jeung piaraan batur mah."
"Nu lalawora mah gayung deuleu, cai panas diteuleuman. Bongan saha boga piaraan ditinggalkeun."
"Teuing atuh, Bos. Cing neangan piubareun teh nu waras."
"Ke nya, ku sayah dibere deui. Tanggung ieu mah moal asa ka adi geura."
Hiuk angin beurang nebak lalaunan. Pucuk camara aroyag katebak. Haseup nu ngelun tina roko Inu geus leungit, kari kuntungna nu terus dikekesek nepi ka ancur. (*)
Sambungan ti Bagian 6 | Nyambung ka Bagian 8 |
Aam Amilia