Nu Sare Nyangirah Ngaler
Samemeh Galunggung bitu, harita pacabakan kuring teh kana nyupir, supir angkutan umum, bari sok ngalong alias jalan peuting. Sok lumayan nambangan peuting teh, teu loba pungli, paling-paling barudak calo.
Malem Salasa kira-kira jam 8.00 peuting keur ngetem, kurunyung aya sababaraha urang anu menta dianteurkeun ka Cipanas Galunggung, moal PP rek ngarendong di ditu cenah. Sanggeus rebut tawar ongkosna, dius indit. Nepi ka nu dituju teh pas jam 10.00 peuting. Ku sabab cape kuring jeung kenek teu gancang-gancang balik, tapi reureuh heula, malahan mandi heula dina cai panas. Segeeerrr teh, ma’lum tas cape. Sanggeus reureuh jeung mandi kuring balik. Kabeneran euweuh panumpang saurang-urang acan. Jadi ngangkleung bae duaan jeung kenek. Sajajalan kacida tiiseunana, teu papaliwat jeung kendaraan sejen hiji-hiji acan. Cahaya bulan reyem-reyem siga nu teu puruneun kaluar peuting.
Keur ngeunah-ngeunah nyetir, na ari gejejes teh mesinna paeh, padahal ka kota teh kurang leuwih opat kiloan deui. Diomekeun ituna, diomekeun ieuna weleh teu hirup. Cilaka ceuk hate. Nempo kana jam tangan geuning geus satengah satu. Sigana bakat ku cape kenek mah gegelehean dina jok, teu lila kadenge nyegrek.
Kuring kaluar tina mobil, gek diuk dina bemperna bari ngararasakeun lapar. Bulan geus mimiti bengras teu siga tadi teuing.
Barang ngalieuk ka beulah wetan samara-samar katempo aya jelema tiluan laleumpang ka lebah kuring. Alhamdulillah ceuk hate. Sanggeus deukeut, ku kuring ditanya.
"Marulih ti mana ieu teh?"
"Ti kota," jawabna nya pondok nya teugeug.
"Bade tumaros, manawi aya warung anu caket ti dieu?" ceuk kuring.
"Yu, tuturkeun!" jawabna teugeung deui wae.
Aneh ceuk hate kuring, ieu jelema teh teugeug-teugeug teuing ngomongna. Pikiran teu kapapanjangan, satuluyna kuring ngiclik nuturkeun, kenek mah teu digeuingkeun ieuh karunya keur tibra sare.
Basa nyorang jalan anu masih keneh dikoral kuring rada kaget. Anu tiluan mah nincakan koral teh teu kadenge pisan sorana, beda jeung kuring mani kokorosokan. Bakat ku geus biasa maranehna mah meureun.
Kurang leuwih dua ratus meter jauhna tina mobil, mengkol ngenca ka jalan satapak. Pas rek asup ka eta jalan aya tangkal awi leutik ngaroyom, ku kuring dipotongkeun sieun nyogok kana beungeut.
Kira-kira saratus lengkah ti dinya hanjat saeutik kana gawir, breh teh enya wae di nu datarna aya warung.
Kuring nuturkeun nu tiluan ka jero. Tiluanana dariuk dina bangku kai, kuring oge gek diuk dina bangku gigireunana. Teu lila kurunyung awewe tengah tuwuh ngasongkeun cai herang tilu gelas.
"Dagangan mah tos sareep, ieu wae lumayan aya wajit," pokna bari sok neundeun wajit sapiring.
"Sok diinum, Jang!" ceuk nu tiluan meh bareng, sor ngasongkeun roko keretek sabungkus.
Karasa pisan ni’matna, beuteung kosong disuguhan cai haneut, pangiringna wajit anu sakitu legitna. Sanajan tara ngaroko keretek oge ari euweuh-euweuh teuing mah lumayan, tak ada rotan akar pun berguna.
Di hareupeun kuring aya jelema tiluan keur sarare, ngagaloler dina samak saheulay, simbutna sarua belang kawas di rumah sakit, kabehanana sarua nyangirah ngaler.
"Tiluanana oge keur garering," ceuk anu gigireun kuring.
Kuring ngan saukur unggeuk. Teu lila kuring pamitan. Rek dibayar teh nu boga warung kekepehan, sakitu-kitu wae basana teh.
Sanggeus nganuhunkeun, samemeh ngalengkahkeun suku kaluar, jelema nu pangkolotna meupeujeuhan supaya kuring ati-ati di jalan, jeung ulah ngalieuk ka tukang. Sanajan asa dina dongeng ku kuring digugu, barina oge rek naon ngalieuk ka tukang kuriak titajong.
Nepi kana mobil, kasampak kenek masih keneh tibra, pangangguran mobil distarter, teu sakara-kara cekgur. Kenek nguliat hudang, meureun sangkana mah mobil teh diuma-ome ku kuring. Lalampahan kuring tadi teh teu ieuh dicaritakeun, ceuk pikir ku sabab euweuh hal-hal anu istimewa, oge bisi nganaha-naha pedah teu digeuingkeun.
Pas adan subuh kakara nepi ka imah, tas solat subuh kakara bisa sare.
Tilu poe ti harita kuring inget kana kahadean jelema anu dicaritakeun tadi. Dius kuring kana sepeda ngajugjug warung tea. Lumayan rada kesel kana sepeda mah. Manggih jalan satapak anu ngenca kuring ngarandeg. Diilikan tetela aya tangkal awi leutik tapak motongkeun, teu salah lebah dieu, ceuk hate. Sup kana jalan satapak tea, naek seutik kana gawir, ari breh teh lain warung, tapi kuburan satilu-tilu. Bangku anu basa eta ku kuring didiukan teh sihoreng batu gede gigireun kuburan.
Kuring ngahuleng salila-lila, asa dina pangimpian, inget kana pangalaman tilu peuting nu geus kaliwat.
Paingan anu sarare teh nyangirah ngaler kabeh. Paingan anu tiluan mah nincak koral teh teu kadenge ngorosokna, sihoreng kuring teh geus dijamu ku arwah. Puriding bulu punduk carengkat, padahal ti beurang. Basa inget kana wajit anu sakitu legitna tea, rey sebel, boa-boa eta teh iat munding.
Meunang saminggu kuring nguyung teu ngeunah sare teu ngeunah dahar, baluas meureun.
Tah ti harita mah tara daek ngalong deui, nambangan teh ti beurang bae, sieun ngalaman deui anu leuwih ti kitu. (*)
Gandhi S