Dalem Boncel (Bagian 5)

Carita balik deui ka Kandangwesi...

Waktu Si Boncel ngarit nepi ka sore teu datang bae, kabeh pangeusi lembur Kandangwesi jadi ribut, marelangeun sieun Si Boncel geus maot ditekuk maung. Indungna teu eureun-eureun ceurik.

Dalem Boncel

Isukna kabeh lalaki arindit nareangan. Ku sabab sangkaan maranehna Si Boncel dibawa ka leuweung ku maung, maranehna langsung arindit ka leuweung. Kabeh guha ditempoan, kabeh jungkrang dipapayan. Tapi nepi ka sore, Si Boncel tacan kapanggih. Poe isukna nenganana diteruskeun. Tapi teu kapanggih keneh. Teu kapanggih hirupna, teu kapanggih mayitna. Kalawan pegat harepan, maranehna terus baralik.

Waktu keur baralik ngungun taya nu cumarita, hiji budak ujug-ujug ngagorowok, "Tingal, ieu arit jeung sundung Si Boncel!"

Nu keur lalumpang kabeh eureun, tuluy nyalampeurkeun budak ngora nu ngagorowok tea. Katingal ku maranehna arit jeung sundung, handapeun tangkal waru.

"Bener, ieu arit jeung sundung si Boncel," ceuk dunungan Si Boncel. "Tapi ka mana manehna?"

"Pasti geus dibawa ku maung ka leuweung!" ceuk saurang.

"Tapi di dieu teu aya tapak maung," ceuk bapana Si Boncel. "Mun enya dibawa lumpat ku maung, tangtu tapak-tapakna bakal kaciri tetela, sabab waktu eta teh hujan gede."

"Mun kitu ka mana atuh manehna teh?" ceuk dununganana sakali deui.

"Kumaha bae oge, kami yakin yen Si Boncel geus dibawa lumpat ku maung ka leuweung," ceuk lalaki nu pangkolotna.

"Bener!" ceuk nu sejen-sejen meh bareng.

"Mun kitu, taya gunana deui diteangan," ceuk dununganana. Pamenta Pa Boncel, supaya poe isukna diteangan deui, euweuh nu ngadenge. Kabeh jelema geus yakin yen Si Boncel geus maot.

Karek bae Pa Boncel nepi ka buruan, Ma Boncel geus muru mapagkeun sarta nanya, "Mana anak urang, Pa?"

"Sabar, tacan kapanggih," jawab Pa Boncel bari sasat meubeutkeun maneh kana babalean.

"Tuluy kumaha?" Ceuk Ma Boncel bari ceurik.

"Jelema-jelema geus moal nareangan deui, lantaran maranehna geus ngarasa yakin yen Si Ujang geus maot ditekuk maung."

"Ocen, Ocen, anaking!" Ma Boncel nyambat-nyambat anakna.

"Sabar, Ma. Bapa yakin Si Ujang masih keneh hirup. Tangtu Ma oge masih inget, Si Ujang geus sababaraha kali menta idin ka urang, rek menta eureun ka dununganna nu bengis tea. Si Ujang hayang indit ngumbara, keur ngadu untung. Manehna hayang jadi jelema, supaya bisa nyenangkeun urang. Bapa yakin, ayeuna manehna indit ngalaksanakeun cita-citana. Anggur urang du’akeun, supaya cita-citana gancang dikabul."

Sanggeus ngadenge omongan Pa Boncel, Ma Boncel kari inghakna bae. Manehna inget deui kana omongan Si Boncel bareto, "Ma, idinan Ocen indit ngadu untung. Muga-muga Ocen pinanggih jeung kabagjaan. Mun Ocen jadi jelema beunghar atawa jelema boga pangkat, tangtu Ema jeung Bapa oge baris milu senang. Sabalikna, mun Ocen tetep bae ngadunungan ka eta nu bengis tea, lain bae teu bisa nyenangkeun kolot, awak sorangan oge laun-laun mah bisa jadi baris maot langlayeuseun. Ku sabab kitu, idinan Ocen indit, Ma!"

Bari nyusutan cipanonna nu teu saat-saat, Ma Boncel ngagerendeng, "Maneh ayeuna geus indit, Ma teu weleh ngadu'akeun, muga-muga Alloh nangtayungan." (*)

Sambungan ti Bagian 4 Nyambung ka Bagian 6

Ki Umbara

Dalem Boncel (Bagian 5) Dalem Boncel (Bagian 5) Reviewed by Rupa Sundapura on 20.20 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.