Dalem Boncel (Bagian 6)

Ngendek welasan taun...

Hiji poe ka lembur Kandangwesi aya hiji padagang bangkelan. Padagang barang-barang kolontong ngider ka lembur-lembur, ngadon mondok di imah Pa Boncel, lantaran kapeutingan.

Dalem Boncel

Peutingna memeh sare, eta semah jeung Pa Boncel ngarobrol. Omongna, dina ngiderkeun barang-barang, rea pisan tempat-tempat nu geus kapapay. Caringin oge kungsi didatangan. Pokna, "Basa kuring dagang ngider ka Caringin, kabeneran di dinya keur aya raramean ngistrenan dalem anyar. Rame pisan. Teu kungsi satengah poe, barang-barang kuring geus payu kabeh. Padahal hargana ku kuring ditaekkeun dua kali lipet, malah aya nu tilu kali lipet."

"Wah, untung pisan!" ceuk Pa Boncel unggut-unggutan.

"Kitu padagang mah mun keur untung teh," omongna, "Tapi mun keur sial saperti ayeuna, keur dahar oge meh-mehan heunteu aya."

Jempling sakeudeung.

"Untung jeung sial teh geus suratan nasib nya, Pa."

"Bener," ceuk Pa Boncel.

"Saperti dalem nu anyar di Caringin tea, Pa. Ceuk beja, anjeunna lain turunan menak. Anjeunna jelema biasa bae. Asalna ti dieu, ti Priangan. Jenenganana oge heunteu sae saperti dalem-dalem nu sejen, ngan...Boncel!"

"Saha jenenganana, Nak?" ceuk Pa Boncel kaget.

"Boncel, Pa. Dalem Boncel."

"Boncel?" Ma Boncel nu keur nyeupah milu kaget. Diukna pindah ngadeukeutan semahna, pokna, "Anak kami nu leungit oge ngaranna Boncel." Ti dinya, ka semahna Pa Boncel nyaritakeun perkara anakna nu leungit tea.

"Kumaha awakna Dalem Boncel teh, Nak?" ceuk Ma Boncel.

"Jangkung rada kuru, Ma."

"Rada hideung."

"Meureun katingal, aya naon dina pipina?"

"Mun teu salah ningal, dina pipina nu katuhu aya tanda hideung."

"Bener! Bener! Manehna anak kami Si Boncel!" ceuk Ma Boncel bari pek nyarande kana bilik.

"Alhamdulillah, geuning diijabah cita-cita anaking teh," ceuk Pa Boncel meh teu kadenge.

"Si Ujang geus jadi jelema. Pohara bagjana nu jadi indung," ceuk Ma Boncel bari nadahkeun leungeunna.

"Tapi...teu bisa jadi Dalem Boncel teh anak Ema jeung Bapa," ceuk Ki Semah, "Sabab nu jadi dalem teh kudu jelema anu pinter maca jeung nulis. Sedengkeun Ujang Boncel anak Ema jeung Bapa, kapan heunteu sakola."

"Bener kitu. Tapi...teuing nya. Bapa yakin pisan Dalem Boncel teh anak kami, Nak!" ceuk Pa Boncel.

"Enya," ceuk Ma Boncel. "Ema apal pisan, Si Ocen teh awakna jangkung kuru, kulitna semu hideung jeung dina pipina nu katuhu aya tanda hideung. Kitu nu katingal ku anak oge, lin?"

"Bener, Ma. Tapi. Naha anjeunna heunteu enggal mapagkeun Ema jeung Bapa ka dieu?" ceuk Ki Semah teh.

"Meureun riweuheun keneh ku rea pagawean atawa meureun nyangka Ema Jeung Bapa geus teu araya di kieuna," ceuk Pa Boncel.

"Ku lantaran kitu, alusna mah urang bae nu kaditu, Pa!" ceuk Ma Boncel.

"Caringin jauh pisan ti dieu teh, Ema jeung Bapa moal karuat di jalanna," ceuk Ki Semah, tuluy dicaritakeun kumaha jauh jeung susahna perjalanan ka ditu.

"Tapi urang rek indit oge ka ditu, nya Pa?" ceuk Ma Boncel. "Ema geus sono pisan ka si Boncel. Maot di perjalanan oge, teu panasaran. Iraha urang indit, Pa?"

"Ulah, Ma. Ema moal kuat. Keun engke mun kuring ka Caringin deui, ku kuring baris dicaritakeun ka anjeunna yen Ema jeung Bapa araya keneh di kieuna, jeung pohara nganti-ngantina kasumpingan anjeunna," ceuk Ki Semah.

"Heunteu, Nak. Ema jeung Bapa kudu indit ka ditu. Ema geus teu tahan deui, hayang neuteup beungeut Si Ocen sakali deui, samemeh Ema ninggalkeun ieu dunya nu pana. Isukan urang indit, nya Pa!"

Pa Boncel cicing bae. Atina bingung. Indit susah, heunteu indit karunya ka Ma Boncel. Sakumaha teuing hanjakal manehna mun Ma Boncel maot samemeh kahayangna pikeun papanggih jeung anakna laksana. Saenyana manehna sorangan oge memang kacida sonona. Sanggeus dibeuweung diutahkaun dipikir enya-enya, ahirna diputuskeun pikeun indit. Ma Boncel bungaheun pisan.

Sanggeus Ki Semah terang yen Ma jeung Pa Boncel maksa rek arindit, tuluy ku manehna diterangkeun ka mana nujuna jeung jalan mana nu ku maranehna kudu disorang.

Geus peuting pisan, kakara maranehna sarare. (*)

Sambungan ti Bagian 5 Nyambung ka Bagian 7

Ki Umbara

Dalem Boncel (Bagian 6) Dalem Boncel (Bagian 6) Reviewed by Rupa Sundapura on 19.10 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.