Hamburger, Baso, Yakiniku, jeung Sindang Reret
Mindeng pisan urang ngadenge kecap budaya atawa kabudayaan. Eta kecap anu babari diucapkeun teh, ana dipesek bet hese neangan hartina (konsep, ideu atawa esensi-na). Kroeber jeung Kluckhon ngumpulkeun teu kurang ti 160 wangenan (definisi) ngeunaan kabudayaan (culture). Ringkesna, kabudayaan teh mangrupa hasil gawe manusa dina ngaropea alam (nature), kalawan ngagunakeun budi akalna, sangkan alam leuwih nyugemakeun hirupna. Hasil pangropea manusa eta teh bisa ngawujud dina cara-caraning hirup, kayaning filsafat, seni, elmu, tehnik, basa, pulitik, jeung sajabana.
Teu pindo gawe, memang kadaharan ge mangrupa budaya. Kadaharan anu biasa didahar ku salah sahiji bangsa atawa seler bangsa, sakapeung bisa dijieun patokan pikeun ngukur luhur handapna budaya eta bangsa atawa seler bangsa tea. Urang bisa ngukur tingkat budaya seler bangsa primitif di Afrika anu biasa ngabaheuman hileud atah-atah. Geura bandingkeun jeung urang Sunda anu boga kaolahan daging hayam meunang mais heula, henteu ngan ukur digoreng ataa dipanggang. Philip K. Hitti kungsi ngagambarkeun katuangan Sultan Bagdad, nyaeta mangrupa asang lauk anu diolah diwangun saperti lauk enyaan, minangka hiji bukti nanjeurna budaya "kaolahan" di jaman Harun al-Rasyid.
Kiwari kasaksian ku sarerea, dahareun anu khas Sunda mimiti kasilih ku dahareun bangsa deungeun, kayaning baso, siomay, bapau, hamburger, fried chicken, yakiniku, sabu-sabu, tempura, jeung sabangsana. Sedengkeun lotek (ketang bisa jadi baheula mah lotek ge lain khas Sunda, da ngaranna ge bau-bau Cina, ngan ku proses akulturasi jeung asimilasi ayeuna geus jadi kadaharan khas Sunda), karedok, angeun haseum, sarupaning papaisan, pindang, opak sanajan aya keneh nu ngajual tapi di kota mah geus eleh ku kaolahan deungeun-deungeun. Malah sigana mah, barudak Sunda ayeuna, boa-boa geus moal wawuheun kana cuhcur, angleng, atawa gurandil teh.
Padahal apan dahareun teh salah sahiji wujud tina budaya, sala hsahiji unsur tina jati diri bangsa. Nya lebah dieu pisan, atawa dina konteks sarupa kieu, tetela dahareun teh sarua pentingna jeung cecekelan hirup, basa, elmu, atawa seni. Upama hiji rupa kadaharan has Sunda leungit, atuh dina seuhseuhannana mah sarua bae jeung leungitna hiji unsur budaya Sunda. Sabalikna ngokolakeun kadaharan has Sunda, hakekatna mah sarua bae jeung ngamumule salah sahiji unsur budaya Sunda, salah sahiji jati diri Ki Sunda.
Sajarah geus jadi eunteung, yen sirna-ilangna hiji bangsa lain bae ku sabab ampuhna dominasi pulitik, eksploitasi ekonomi, atawa diskriminasi sosial bangsa deungeun, tapi bisa oge ku lantipna penetrasi budaya deungeun. Cenah, waktu bangsa Jepang ngajajah Korea, penjajah Jepang ngahaja ngamusnahkeun hiji kembang anu has Korea diganti ku kembang Sakura, sangkan bangsa Korea leungiteun jati dirina.
Sababaraha waktu katukang kuring ngadon dahar di Restoran Sindang Reret anu harita perenahna masih keneh aya di Jalan Naripan, urut gedong YPK tea. Teu pisan-pisan boga maksud nembrong kana pamanggih para inohong Sunda boh anu pro atawa anu kontra kana ngadegna eta restoran, ngan lamun rek indit tina kanyataan anu geus nyampak waktu eta, jigana tempat-tempat siga kitu teh bisa diandelkeun pikeun ngajeujeut hubungan sistemik (gawe babarengan) antara para profesional Sunda, khususna antara para seniman jeung usahawan. Sabab kamekaran dunya kiwari mikabutuh hubungan sistemik, lain gawe sewang-sewangan balukar tina spesialisasi anu kaleuleuwihi (over specialtization). Sindang Reret najan can Nyunda pisan, tapi suasana Sunda karasa geus aya di dinya, pangpangna tina kadaharan anu disuguhkeunana. Kitu deui tina lagu pamirigna jeung kasenian anu dipintonkeunana. Najan can optimal, tapi bisa dijieun lahan anu subur pikeun ngawanohkeun esksistensi Sunda, pikeun mintonkeun jati diri Ki Sunda, pikeun ngaronjatkeun budaya Sunda. Cag! (*)
Achmad Roestandi