Lain Henteu Satia

Wanci carangcang tihang. Panon poe tacan nembongan. Kuring geus ngiciprit leumpang mapay galengan. Wegahna mah wegah. Indit usum ngijih teh ku jareblogna. Atuh ti imah teh nyeker, da sapatu sieun gancang ruksak. Ieu sapatu teh neundeun carita endah antara kuring jeung manehna. Kang Eman...mun heg inget waktu harita sok lelenyepan. Matak nineung ku sorot matana. Aya jamparing nu teu ngajirim nembus kana jajantung.

Lain Henteu Satia

Lalaki anu geus mere harepan endah pikeun ngalakonan sagara cinta. Lalaki nu munggaran ngajamparing kalbu, ngabeungkeut ati. Waktu harita wisuda, Kang Eman kungsi kedal jangji ngajak ka bale nyungcung. Duh, Kang Eman...Akang katingal gagah, ngangge lancingan hideung, kameja coklat saheab. Buuk nu kulimis beulah gigir. Raray nu katempo cahayaan mangkak ku kembang asih tur meleber ku puspa tresna. Tengtrem ati nempo akang harita, sok sanajan ret ka tukang, ngadeg hiji mojang geulis, nu jadi pilihan kolot Kang Eman. Sora akang dedengeeun bae nepi ka kiwari, moal bisa leungit dina implengan.

"Akang pasti datang deui ka Euis! Akang neudeun sabelah hate ieu. Antosan ulah pondok pikir neangan nu sejen! Akang pasti datang. Euis percaya ka akang?" kitu ceuk Kang Eman bari neuteup kalayan geugeut.

Manehna nanya kitu teh kuring mah cicing bari teu basa teu carita. Kumaha teu rek peunggas harepan, calon anu rek dijodokeun teh pindah ka hareup, ngadeg ngarendeng digandeng ku kolot Kang Eman. Nempo kitu, kuring asa kabentar gelap tengah poe ereng-erengan. Dunya asa eundeur.

"Ari kuring dilieuk ge hanteu ku kolot akang..." dina hate bari ngarenghap jero naker.

Rumasa jauh tanah ka langit antara kuring jeung Kang Eman. Kuring mah teu euyeub ku harta, ngan saukur anak guru. Ari Kang Eman mah anak juragan enteh anu taneuhna manghektar-hektar.

Kang Eman lir nu surti nempo panon kuring nu mimiti bijil cimata, da teu kuat nyanghareupan kaayaan. Gancang manehna ngadeukeutan kuring bari ngaharewos. "Euis, dina kaayaan kieu, akang moal tiasa ngalawan kahoyong sepuh. Tapi akang jangji, dugi ka lembur bade balaka ka Ema sareng Apa yen akang tos geduh pilihan. Euis kedah yakin, sing percaya ka akang...," pokna nandeskeun.

Kuring ukur cicing. Teu bisa nembalan. Biwir asa baal, teu bisa nyarita. Cimata ngeyembeng teu bisa dibendung. Sanajan Kang Eman mere kado oge, tapi tetep henteu kaubaran. Ku nyeri ieu ati, asa diturih ku hinis asih. Dada gudawang asa ditigas pedang duriat. Tapi kuring ngayakinkeun diri, yen duriat Kang Eman tetep masket ka kuring. Kado hadiah wisuda ti Kang Eman teu weleh dipupusti...sapatu nu kalintang ngandung ma'na.

Tilu taun kuring jadi guru. Tilu taun oge kuring nungguan kang Eman. Unggal poe kuring elekesekeng teu genah cicing nungguan sora nu keketrok kana panto. Ngan lebeng we nepi ka kiwari oge, taya beja taya carita.

"Geuning kieu lalaki mah. Gampang pisan poho kana sagala nu kungsi karandapan. Gampil ngabangbalerkeun nu kantos ngancik dina hate," ukur ngagerentes jeroning hate. Kuring kuciwa, keuheul, awor gumulung minuhan jajantung.

Kudu nepi ka iraha kuring nungguan Kang Eman? Seg umur kuring tuluy maju. Kolot kuring geus nanyakeun wae, iraha rek kawin? Di lembur mah geuning beda jeung di kota parawan can papasangan teh jadi bahan catur tatangga.

Peuting harita, kuring keur gogoleran di hareupeun tipi bari ngopi bala-bala haneut jieunan Ema. Aya ku edas, Ema nepikeun beja tur semu nu maksa kuring pikeun milih jalan lian keur ngabagjakeun kolot.

"Nyi, Cep Wandi, putra Pa Lurah, nitip salam ka nyai," kitu ceuk Ema.

"Wa'alaikum salam, Kang Wandi..." kuring ngagebeg. Lalaki nu salapan taun katukang kungsi ngabandring hate, ngabengbat manah.

"Apan Kang Wandi mah sakola di Yaman? Parantos rengse kitu sakolana?" tanya kuring panasaran.

"Nya, rengse sigana mah, matak mulang ka lembur oge. Tadi Ema pasangrok jeung Cep Wandi, waktu rek indit ka bale desa, menerkeun KTP Apa," pokna deui Ema.

"Aya naon saurna?" tanya kuring bari jongjon nonton tipi.

"Duka aya naon. Ngan cenah salam we ka Euis, hoyong tepang."

Duh Gusti...! Apan anu salila ieu ditungguan teh Kang Eman. Naha ngadenge Kang Wandi kuring jadi bungah. Hate lir kembang nu rek paeh ngadadak hirup deui.

Blus ka kamar, gubrag ngabeubeutkeun awak kana kasur. Leungeun katuhu sup ngodok kana handapeun bantal nyokot poto Kang Eman nu unggal peuting ngubaran kasono nengtremkeun hate. Bari carindakdak, kuring mudalkeun eusi hate anu pinuh ku rasa kuciwa.

"Dugikeun ka iraha abdi kedah satia ka akang? Dugi ka iraha abdi nedunan jangji pikeun satia nungguan akang? Bari jeung anu diantosan tilem teu beja teu carita..." kuring teu bisa ngabendung budalna cimata.

Ti tengah imah, Ema ngageroan. Hawar-hawar di tengah imah kadenge loba sora jalma. Kuring noong tina liang konci. Katempo, aya Pa Lurah jeung garwana.

"Aya naon Pa Lurah ka dieu?" kitu gerentes teh.

Teu lila, blak panto kamar muka. Sup Ema asup bari make karembong kayas anyar meunang meuli di kemisan kamari. Kuring beuki heran, aya naon ieu teh? Naha rea jalma? Jeung naha Ema make raksukan anu alus? Rek indit kamana?

"Nyi...nyi...!" Kituna teh bari gek diuk di gigireun.

Gancang kuring nyusutan cimata. Ulah nepi ka Ema nyahoeun kanyeri jeung kaperih hate nu kiwari beuki nusuk kana jajantung. Bari ngusapan buuk, Ema nepikeun yen dihareup aya Wandi jeung indung bapana.

"Nyi, bade ngantosan naon deui? Tos puguh geuning arjuna nyai anu salila ieu ditungguan teh jalir jangji? Ema jeung Apa geus kolot. Isuk pageto oge mulang ka Nu Kawasa. Saacan mulang, Ema jeung Apa hayang reugreug hate ninggalkeun Nyai boga salaki. Ema jeung Apa yakin, Cep Wandi mah lalaki anu bisa mere kabagjaan keur Nyai. Jung, ayeuna geura sanghareupan!" pokna Ema.

Kuring teu bisa ngomong. Hate asa diturih ku hinis. Hayang ngajerit maratan langit. Kudu kumaha? Gabrug, nangkep Ema. Kuring bisa ngarasakeun kamelang kolot ka anakna. Geus waktuna kuring nedunan kahayang kolot. Kuring embung jadi budak doraka. Moal aya kolot nu tega ngusrukkeun anakna. Kitu deui kolot kuring.

Kang Eman, hampura abdi teu tiasa mupusti deui rasa asih. Abdi tos teu kiat nandangan sangsara hate. (*)


Hilda Hidayat

Lain Henteu Satia Lain Henteu Satia Reviewed by Rupa Sundapura on 20.18 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.