Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaendah, nu katilu Purbadewata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih, jeung nu katujuh Purbasari.

Lutung Kasarung

Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, bade tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara teh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.

Atuh munasabah bae, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.

Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra dewata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpen gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, "Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu, tapi ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan lutung!"

Janggelek Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.

Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Lengser kudu mentes Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.

Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung neangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum oge taya nu ngarayap cek wiwilanganana mah.

Aki Panyumpit teh meh pegat pangharepan. Barang rek mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rek disumpit, celengkeung teh lutung nyoara, "Eh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring teh rek ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton."

"Sukur atuh, sok geura turun!" walon Aki Panyumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoreng Lutung Kasarung tea. Dewata minda rupa turun ka dunya.

Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rek dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, "Lengser pasrahkeun bae ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun."

Nya atuh ku Lengser dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna teh bet, "Daek soteh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!" Deregdeg lengser ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu keneh. Pajarkeun teh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Teteh.

Lengser mulang deui ka Purbararang, pokna teh," Nya sok bae atuh, bisi pajar nampik pasihan rama."

Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun. Keur jarongjong ninun, ari koloprak teh taropong Purbararang moncor ka kolong bale.

"Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!"

"Ih, Teteh, apan boga bujang lutung," Cek Purbaleuwih.

"Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong bale!"

Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari berewek teh dibebekkeun mani jadi lima, sor disodorkeun.

"Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibebekkeun! Lengser! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!"

Jut Lengser turun. Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.

"Eh Mama Lengser, geunig Si Teteh aya keneh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goreng, tamba jempe nu nyorangan. Hatur nuhun bejakeun ka Si Teteh."

Tutas haturan, Lengser mulang ka karaton.

Caturkeun di sisi leuweung, Purbasari ngagoler dina palupuh sabebek, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.

"Utun, urang sare jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!"

"Oaah, Sang Putri, lutung mah tara sare jeung manusa, bisi geuleuheun!" Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.

"Eh, deudeuh teuing. Putri teh nalangsa pisan. Aing rek neneda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung sare," gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.

Raksukan digedogkeun, bray baranang siga bentang, kakasepan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggeleng karatonna, leuwih agreng ti nagara. Purbasari dipangku, diebogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggelek Guruminda jadi lutung deui, tapakur di sisi bale kancana.

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goreng budi ti leuleutik, nu goreng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotektak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.

Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.

Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan teh laksana.

Tuluy Purbasari dititah ngala banteng ti leuweung. Ku kasakten Lutung Kasarung, banteng teh katungtun ku Purbasari ka nagara.

Purbasari dipentes nyieun pakarang tatanen etem bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahade-hade ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibere pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hade. Tapi Purbasari unggul keneh.

Rupa-rupa ekol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weleh Purbasari anu unggul.

Tungtungna Purbararang pinuh ku hate dir jeung ujub, ngajak pakasep-kasep beubeureuh. Sagoreng-gorengna beubeureuh manehna, da puguh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasep-kasepna beubeureuh Purbasari, lutung.

Purbasari eleh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.

Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagedogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggelek jadi Guruminda deui.

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.

Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi prameswari Guruminda. Ari Purbararang jeung saderekna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang. (*)

Lutung Kasarung Lutung Kasarung Reviewed by Rupa Sundapura on 20.34 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.