Sajarah Kumis Ceuk Si Kabayan
Si Kabayan ditanya ku budakna, Si Encid, ngeunaan naha kumis nu aya di jelema bet beda-beda. Si Kabayan saperti biasa ngajelaskeun ka Si Encid sabulang-bentor asal Si Encid ngarti bae. Obrolanana kieu geura.
"Bah, naha nya urang Sunda kumisna bet beda jeung urang Arab?"
"Oooh Cid, eta teh aya caritana."
"Kumaha kitu Bah, caritana teh?"
"Kieu geura!" ceuk Si Kabayan bari memener diukna supaya katingali jiga jelema pinter.
"Cid, baheula teh kabeh jelema teu boga kumis. Tah aya beja yen jatah kumis nu diancokeun jang jelema teh aya di hiji tempat. Atuh diutus wakil ti tiap bangsa nu bakal nyobaan eta cai pikumiseun, supaya jadi katurunan nu diturunkeun ka anak incu jeung saterusna, tapi saratna eta cai pikumiseun teh ngan aya saember deui, nu bisa dicokot waktu ka subuhnakeun."
Si Encid mani nangoh-nangoh ka bapana hayang nyaho carita saterusna.
"Tah kacaritakeun dina waktu subuh, nu pangheulana datang teh nya urang Sunda nu diwakilan ku Si Jampang. Kulantaran datangna pangheulana, atuh cai teh loba keneh, tapi Si Jampang ngan nyokot cai pikumiseun teh ngan jang kumis. Sot ramona dianclomkeun kana cai, terus di usapkeun kana luhureun biwir. Matak Cid, tuh tingali urang Sunda mah paling loba ngan ngukut kumis nepi ka ayeuna."
"Terus Bah, pan loba keneh cai teh."
"Heu-euh, teu lila ti Si Jampang, torojol urang Arab. Manehna datangna teh rurusuhan jigana mah, pedah rusuh jeung can solat meureun. Waktu ningali aya cai ujug-ujug byur weh si cai teh di pake mandi. Matak urang Arab mah nepi ka ayeuna buluna ti sirah nepi ka indung suku pasti loba buluna."
Si Encid unggut-unggutan.
"Tah ka beurangnakeun datang utusan ti Cina. Manehna datangna kapandeurian lantaran kudu beberes heula di warung jigana mah. Waktu datang ka tempat cai tea, atuh geus beak da dipake mandi ku Si Arab tea. Nu aya teh tinggal sesa-sesa cai tina ember. Manehna kesel jeung sedih, mani tega Si Arab cenah. Atuh ngan hing bae ceurik Si Cina teh bari ngusapkeun sesa cai kana biwirna. Tapi kulantaran caina tinggal sakeclak, atuh si cai pikumiseun teh ngan bisa narep tina tungtung biwir. Tah ti harita, urang Cina mah kumisna ngan aya tina sisi biwir. Kajeun dipanjangkeun oge angger moal ngalegaan, mun manjangan mah pasti."
Si Encid unggut-unggutan.
"Tah nu datang panungtung nyaeta urang Aprika. Waktu ningali cai tina ember beak, manehna ningali cai geus campur jeung taneuh da dipake mandi ku Si Arab tea. Teu loba pikir ngan gulitik-gulitik bae manehna gugulitikan dina taneuh bari sirah ditaplokan taneuh diputer-puter. Tah Cid matak ti harita urang Aprika mah awakna hideung jeung buukna galing da urut gugulingan dina taneuh. Kumaha, ngarti Cid?"
Si Encid unggut-unggutan bari dina hatena ngagerentes yen Si Bapa bener-bener jelema pinter jeung sagala nyaho. (*)