Budak Angkot

Seuri koneng

Dina hiji poe, aya ibu-ibu numpak angkot bari ngangais budak. Tapi ti sabareng naek angkot, eta budak teh teu eureun ceurik wae, tayohna mah eta budak teh hayangeun nyusu tapi indungna eraeun da puguh angkot teh pinuh.

Tuluy we ku indungna dibeberah sina repeh, tapi eta budak kalah beuki tarik ceurikna teh. Nya tungtungna mah indungna ngelehan. Era-era oge susuna dikaluarkeun tuluy diasongkeun ka budakna bari tuluy dirungkupan ku samping.

Teu kungsi lila eta budak kaluar nolol tina samping bari pok ngomong ka penumpang sejena, "Ngalaleueut, A...!"

Budak Angkot Budak Angkot Reviewed by Rupa Sundapura on 07.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.