Lagu–Lagu Kawih Sunda

Dina kandaga kabeungharan seni swara Sunda aya nu disebat Kawih. Aya nu dipirig ku waditra, aya oge anu ditambul bae. Piriganana tiasa ku kilinihgan, degung, kacapian, calung, angklung, malah tiasa bae ku alat musik moderen oge.

Lagu–Lagu Kawih Sunda

Rumpaka lalaguan kawih kalintang seueurna, malah seueur anu parantos dianggap klasik upamina bae Es Lilin, Awi Ngarambat, Manuk Dadali, Budak Ceurik, jeung sajabana ti eta. Di handap ieu sababaraha contona, mangga urang hariringkeun!

Angin Priangan

(Cipt. Mang Koko)

Seungit angin Priangan,
Ngusapan embun-embunan duh embun-embunan,
Hawar-hawar reureundahan ngahariring,
Ayun ambing, ayun ambing.

Seungit angin kahyangan,
Sumerep na lelembutan duh na lelembutan,
Hawar-hawar reureundahan ngahariring,
Eling-eling mangka eling.

Dengkleung dengdek (2x) sisi lamping,
Anu dewek enya anu kuring,
Tanah wasiat tanah duriat,
Anu matak tibelat nya rarasaan.

Dengkleung dengdek 2x sisi lamping,
Anu dewek enya anu kuring,
Tanah katresna jati sarakan,
Anu tetep marengan nya lelembutan.

Angkrek Japati

(Cipt. Mang Koko)

Angkrek japati na cangkring,
Keur karembangan,
Sisi wahangan barodas,
Kareta api geus datang,
Sinyal geus muka,
Reg di setoplas Cibodas,
Gupay gupay anaking,
Gupay gupay digupaykeun ku manehna,
Reumbay reumbay anaking,
Reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.

Anjeun

(Cipt. Nano S.)

Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun, Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun, Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya iwal anjeun, Anu heman tur daria, anu jangji satia ngan ukur anjeun, Duh, aduh...aduh...aduh...
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun,
Duh, aduh...aduh...aduh...
Hate reugreug aya sagigireun anjeun.

Ngan saeutik hanjakalna,
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan,
Dasar kudu kanyahoan,
Horeng anjeun geus rimbitan.

Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun,
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun,
Inggis beunang ku batur,
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun,
Unggal peuting babacaan,
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun,
Duh, aduh...aduh...aduh...

Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun,
Duh, aduh...aduh...aduh...
Hayang deukeut, hayang geugeut,
Ngan jeung anjeun.

Dasar kudu kanyahoan,
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina,
Gurat sial jeung cilaka,
Putus ka ditu ka dieu.

Bulan Langlayang Peuting

(Cipt. Mang Koko)

Bulan teh langlayangan peuting enung,
Nu ditatar dipulut ku tali gaib,
Entong salempang mun kuring miang,
Ditatar di tatar Sunda,
Dipulut nya balik deui ka dieu,
Ieuh mah percaya.

Bulan teh langlayangan peuting enung,
Nu ditatar dipulut ku tali gaib,
Entong salempang mun kuring miang,
Ditatar di tatar Sunda,
Dipulut nya balik deui ka dieu,
Ieuh masing percaya.

Bedil geus dipeloran,
Granat geus disorendang,
Ieuh kuring arek tandang,
Jeung pasukan Siliwangi,
Ka Jogja hijrah taat parentah.

Bubuy Bulan

(Cipt. Kostaman Jaya)

Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang,
Panon poe, panon poe di sasate,
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang,
Unggal poe, unggal poe oge hade.

Ref:

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,
Nyeredet hate ningali ngenclong caina,
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
Nyeredet hate ningali sorot socana,
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang,
Unggal poe, unggal poe oge hade.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,
Nyeredet hate ningali ngenclong caina,
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
Nyeredet hate ningali sorot socana.

Unggal bulan, unggal bulan abdi teang,
Unggal poe, unggal poe oge hade.

Bajing Luncat

(Cipt. Kosaman Jaya)

Bajing luncat, bajing luncat ka astana ieung,
Abdi lepat, narosan teu tianggalna.
Bajing luncat, bajing luncat ka astana ieung,
Abdi lepat, narosan teu tianggalna.

Ku teu sangka salira bet luas pisan,
Teu hawatos ka nu keur sok ngantos-ngantos,
Teu terang mah enjing teh rek direndengkeun,
Moal lipur ku sataun duh nambaanana.

Bajing luncat, bajing luncat ka astana ieung,
Abdi lepat, narosan teu tianggalna.

Ku teu sangka salira bet luas pisan,
Teu hawatos ka nu keur sok ngantos-ngantos,
Api-api teu emut kana pasini,
Pasini pakait ati, aduh pakait ati.

Cinta

(Cipt. Nano S.)

Cinta lir ibarat kalangkang,
Deukeut anggang bisa diatur ku urang,
Cinta bisa ilang jeung nembongan,
Repok jodo ahirna datang sorangan,
Aduh-aduh cinta,
Aduh-aduh cinta,
Cinta panjang lalakonna.

Cinta lir ibarat nu geulis,
Gerak endah ginulur sewu mamanis,
Cinta perlu jalan anu luwes,
Sologoto kapakan diancam putus,
Aduh-aduh cinta,
Aduh-aduh cinta,
Cinta perlu kasadaran.

Cinta datangna teu karasa,
Gandrung liwung miharep nu kapiati,
Cinta matak anteng beurang peuting,
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan,
Aduh-aduh cinta,
Aduh-aduh cinta,
Cinta mangkak ligar endah,
Aduh-aduh cinta,
Aduh-aduh cinta,
Cinta kembangna kanyaah.



Diropea ti sundanet.com

Lagu–Lagu Kawih Sunda Lagu–Lagu Kawih Sunda Reviewed by Rupa Sundapura on 07.25 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.