Dalem Boncel (Bagian 4)

Teu mangkuk saminggu ti harita, Si Boncel geus aya di Cianjur, cicing di bumi Juragan Kapala. Demi gawena saperti keur aya di Kandangwesi, ngarit jeung ngagebeg kuda. Ayeuna mah awakna jadi lingsig, teu kurang dahar jeung tara aya nu nyiksa saperti keur di lemburna bareto.

Dalem Boncel

Selang-selang tina ngarit jeung ngagebeg kuda, sok digawe di dapur sagawe-gawe tara kungsi diutah-etah deui. Singer pisan tiasa titip diri sangsang badan, tur dipikaasih naker ku dununganana, sumawonna ku Juragan Istri mah.

Sakapeung sok mapag putra dununganan nu keur sakola di Sakola Kabupaten, mangmawakeun sabak jeung buku.

Ari peuting, mun putra dunungan keur ngapalkeun, Si Boncel sok ngaregepkeun sarta sok nengetkeun pisan kana aksara-akasara. Malah mun putra dununganana enggeus mah ngapalkeunanan, Si Boncel sok dipapatahan hanacaraka jeung sok sina ditulis deuih.

Lila-lila Si Boncel bisa maca jeung nulis aksara Sunda. Diajarna getol pisan. Saban poe mun salse tina pagawean anu baku, sok ngadapang dina kokopan kosong diajar nulis.

Hiji waktu Juragan Kapala sumping ka istal mariksa kuda. Dina sorog Si Radea aya merek aksara Sunda unina Gedogan Si Radea. Jol deui sumping ka istal Si Pelor, aya deui merek Gedogan Si Pelor.

Dina manah Juragan Kapala, tangtu putrana nu ngadamel merek teh, kaciri aksarana aksara budak. Tuluy putrana disaur.

"Ujang, beunang Ujang ieu merek teh? Alus geuning."

"Sanes, Ama. Kenging pun Boncel manawi."

"Na, bisaeun nulis kitu Si Boncel teh?"

"Tiaseun, da sok milu diajar ari wengi sareng abdi."

Ti dinya Si Boncel disaur ku dununganana, dipariksa saha nu nyieun merek dina gedogan. Ku Si Boncel diunjukkeun yen eta merek teh meunangna. Si Boncel harita dipiwarang nulis dina bangkarak, Jamparing, Sindangbarang, Pagermaneuh, dipecakan ku dununganana.

Kabeh bener sarta alus deuih aksarana teh.

"Isukan maneh montong ngarit, Boncel, milu bae ka kantor, bawa map. Keun nu ngarit mah Aliani!" Saur Juragan Kapala.

Isukna Si Boncel ngiring ka kantor, jadi gandek purah mawa map. Atuh ayeuna mah lain tulas-tulis dina sorog, tapi dina daluang. Jeung sakur bangkarak dibaca dirarampa, malah sok disalin sakapeung mah. Lila-lila mah macana lancar, nulisna oge geus aksara jadi.

Dina keur repot, Juragan Kapala sok miwarang ngaguratan serat ka Si Boncel. Mimitina mah ngaguratanana teh sok emplog-emplogan, tapi lila-lila mah sanggeus sering diwurukan kumaha metakeun kalam, jadi alus. Malah terusna mah lain ngaguratan wungkul, jeung nyalin surat deuih.

Waktu Juragan Kapala diangkat kana Patih di dinya, Si Boncel dipundut ku anjeunna supaya jadi juru tulis.

Dina jadina priyayi kaciri katemenanana, atuh nu jadi dununganana tamplok kapercayaanana. Malah waktu Juragan Asesor diangkat kana Cutak oge, nya Jurutulis Boncel anu kaselir jadi gantina, jeneng Asesor, kaasup priyayi luhur.

Lila ti lila tina kauninga kapercekaanana jeung kapinteranana, Asesor Boncel diangkat jeneng Jaksa di Bogor.

Tina keur jadi Juru Tulis keneh, Jaksa Boncel geus kautara nenggang ti sasama. Atuh teu matak heran mun nu jadi dununganana arasih nyaraah teh, kauninga ku nu ti payun kalempenganana. Dina prakna cacampuran teu nengterege, teu jiga paruruhan dikatengahimahkeun. Ieu mah estu sieup kawas menak asli bae. Malah rea sobatna gegeden luhur bangsa Walanda, tina bisa kabala-kabale.

Teu mangkuk dua taun jadina Jaksa, Jaksa Boncel nampi nugraha Pangagung, diangkat kana Bupati Caringin. (*)

Sambungan ti Bagian 3 Nyambung ka Bagian 5

Ki Umbara

Dalem Boncel (Bagian 4) Dalem Boncel (Bagian 4) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.28 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.