Kapal Udara jeung Galudra

Kapal udara ngaheang di luhureun suhunan. Ujang jeung Nyai lalumpatan kaluar bari tatanggahan. Kadenge hidep duaan susurakan bari ajrag-ajragan bungah.

Ujang asup deui ka imah bari pok nanya ka Apa, "Eleh mana kapal udara sareng manuk galudra?"

Apa - nu harita keur ngitung hutang bulan eta - ngajawab, "Eleh kapal udara atuh."

Kapal Udara jeung Galudra

Ujang mah teu kudu nyaho, nu matak Apa ngajawab kitu dumeh hayang ngajaga sangkan ciptaan Ujang kana manuk galudra angger saperti dina dongeng Apa. Yen galudra teh gagah sakti mandraguna, bisaeun hiber ka langit, bisaeun nyamberan gajah, jeung satuluyna. Tapi ana pok teh Ujang nanya deui bareng jeung Nyai asup nyampeurkeun.

"Upama kapal udarana sapuluh, eleh mana?" kitu pertanyaan Ujang teh.

"Eleh kapal udara sapuluh," walon Apa bari ngajumlahkeun angka dalapan jeung opat, hutang Emah ka warung geus genep ratus opat puluh.

"Upami saratus?" Nyai etah milu nanya.

"Eleh kapal udara," walon Apa angger.

"Sarebu?" Ujang nanya ku sora dicentokkeun.

"Eleh kapal udara," walon Apa.

Sakeudeung Ujang jeung Nyai tingharuleng. Bisa jadi hidep duaan keur nyipta kumaha hebatna manuk galudra. Bisa jadi deuih keur inget kana dongeng Apa peuting mangkukna - dongeng saka nu nyaritakeun nagara buta diubrak-abrik ku hiji galudra. Sirah-sirah buta nu sagede-gede Bumi Siliwangi disamberan ku galudra nepi ka paregat tina beuheungna. Atuh buta-buta sanagara bubar katawuran. Kitu apan dongeng Apa teh.

Celengkeung deui Ujang nanya bedas naker, "Upami kapal udara salangit?"

Ku pertanyaan eta Apa ngarti, yen pikeun Ujang jeung Nyai mah taya deui bilangan anu leuwih gede batan bilangan "salangit". Jeung Apa ngarti deuih, yen Ujang, jeung Nyai tangtuna oge, hayang mireng jawaban Apa beda ti nu sababaraha kali diucapkeun tadi. Atawa bisa jadi Ujang jeung nyai panasaran, hayang nyaho nepi ka mana gagahna manuk galudra.

Nyai nu ngabandungan pertanyaan Ujang bieu milu melong ka Apa kawas nu milu nguatan sakur nu jadi kapanasaran Ujang.

Apa imut, sarta sajeroning imut kitu Apa geus lat bae poho kana jumlah hutang Emah ka warung bulan eta. Ayeuna mah pikiran Apa teh keur museur kana neangan jawaban anu bisa ngangeunahkeun hate hidep duaan.

Kapanggih jawabanana teh, kapanggih! Pinter Apa teh, nya? Apan cek Apa harita teh kieu, "Kapal udara salangit mah apan kagungan Ujang sareng Nyai, ari galudra mah kagungan Apa. Moal sina gelut, nya? Pamali."

Sugema Ujang jeung Nyai, katembong tinghareheh. Pinter Apa, nya? Atawa pedah hidepna bisa dibobodo, dibangbalerkeun? Tapi barang inget deui kana jumlah hutang di hareupeun, Apa rada ngabelehem sorangan. Sihoreng Apa nu geus kabangbalerkeun ku Ujang jeung Nyai nepi ka ngarasa ni'mat ku poho, nyorang poho nu matak ni'mat. (*)


Wahyu Wibisana

Kapal Udara jeung Galudra Kapal Udara jeung Galudra Reviewed by Rupa Sundapura on 21.45 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.