Dalem Boncel (Bagian 3)

Si Boncel ngarerebna di paburu Pamijahan teh henteu lila. Manehna maksa permisi rek wangsul ka Kandangwesi lantaran geus lami teuing ninggalkeun indung bapana. Geus sono pisan.

Dalem Boncel

Inditna ti Pamijahan teh ngulon, nyorang leuweung geledegan, mapay jalan satapak. Tapi ku lantaran teu nyaho jalan, tungtungna sasab teu nyaho kaler kidul.

Meunang sababaraha poe Si Boncel turun gunung-unggah gunung, baranghakan sakapanggihna, babakuna bongborosan. Ari sare seseringna nyelapkeun maneh dina tatangkalan, sabab di handap mah sieuneun ku sato galak.

Dina hiji poe manehna anjog ka hiji puncak gunung anu awas ka mana-mana. Di kajauhan katenjo tingarenclo kawas lembur, beh kalerna marakbak jiga gedong-gedong.

Kaatohan Si Boncel barang nenjo lembur geus taya hinggana, leungit kacape leungit kalapar, tuluy mudun gagancangan ka beulah ditu, muru ka nu marakbak.

Teu sabaraha lilana, jol datang ka sisi jalan gede, breh manggih warung. Harita Si Boncel ngarasa lapar lain dikieuna. Rek meuli kupat teu boga duit, rek jajaluk teu kaduga ku era, tungtungna mulungan cangkang kupat dilemetan remehna, poho dikageuleuh awahing ku lapar.

Tukang warung barang nenjo aya nu ngalemetan cangkang kupat jeung pakeanana rubat-rabet, jarijipeneun. Tuluy diusir bari dicarekan, "Nyingkir ka ditu, ulah deukeut-deukeut ka dieu, rujit!"

Si Boncel indit, ngajrigjrig leumpang, muntang kana padati anu rek ka Garut.

Kacaritakeun waktu harita di Garut keur rea tatamu. Menak ti nu jarauh, ti Cianjur jeung ti Sumedang, datang kana uleman, lantaran Kangjeng Dalem Garut ngarendengankeun putrana.

Kangjeng Dalem Cianjur oge sumping, diiring ku Juragan Kapala jeung ku pirang-pirang pangiring lianna. Piisukaneun Kangjeng Dalem Cianjur mulih, Juragan Kapala geus paciweuh bae nguruskeun candakeun mulih jeung nyadiakeun kuda katut pigundaleunana.

Ujug-ujug solongkrong bae Si Boncel ngadeuheusan ka Juragan Kapala, sabab ditaruduhkeun ku anu rek ngagarundalan, anu kapanggih ku manehna di alun-alun.

Piunjukna, "Upami bade nganggo keneh pigundaleun, abdi oge sanggem ngagundalan. Dugi ka Cianjur oge abdi mah bade ngiring bae, upami dianggo mah."

Saur Juragan Kapala, "Sukur ari daek mah, kabeneran gundal kurang saurang deui. Na urang mana maneh teh?"

"Tebih, rorompok mah di Kandangwesi. Ka dieu nembe dongkap, sasab puguh abdi teh, parantos sapuluh dinten henteu kararaban sangu."

Juragan Kapala ngahelas ngadangu piunjuk Si Boncel anu lentah-lenteh bangun lungse, terus miwarang Si Boncel dahar di warung saseubeuhna. (*)

Sambungan ti Bagian 2 Nyambung ka Bagian 4

Ki Umbara

Dalem Boncel (Bagian 3) Dalem Boncel (Bagian 3) Reviewed by Rupa Sundapura on 14.01 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.