Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung eta mah pangmalaratna bae meureun. Imahna teu beda ti saung butut. Ari pagaweanana, kitu we buburuh ngored.

Dongeng Si Kabayan

Beda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan hektar, imahna ge nya gede nya agreng.

Sakali mangsa tatangga Si Kabayan teh hajat gede, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carek wiwilanganana salembur eta mah diondang kabeh, iwal Si Kabayan.

Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira wae nalangsaeunana. Tuluy wae Si Kabayan teh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pek ngadeupaan lincar.

"Sadeupa, dua deupa, tilu deupa...," cenah.

Semah kacida kageteunana nenjo kalakuan Si Kabayan kitu teh. Sarerea ngariung nenjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.

Pribumi oge norojol barang ngadenge ribut-ribut di luar teh, gancang kaluar. Ari ret ka Si Kabayan, manehna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.

"Ku naon Kabayan, maneh teh ngadeupaan lincar? Bet eta jeung teu dibaju kitu, kawas budak wae."

Tembal Si Kabayan, "Wah, mun kolot ge diondang."

Nu boga hajat pohara eraeunana, rumasa ngabeda-beda jelema. Gancang wae nyarita.

"Kapan ti kamari ge diondang. Manehna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engke ka dieu, sakalian bawa pamajikan!" kitu ceuk nu boga hajat teh.

Si Kabayan kacida atoheunana. (*)

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar Si Kabayan Ngadeupaan Lincar Reviewed by Rupa Sundapura on 13.26 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.