Instruktur Senam

Tara-tara ti sasari poe ahad harita mah pamajikan hayang dibaturan senam. Padahal biasana ge paling-paling mun menta dianteur cukup ku barudak. Mimindengna mah manehna we, kawantu kaasup salah saurang instrukturna, jadi leuwih laluasa teu dibaturan jigana teh.

Instruktur Senam

Ti sarengsena solat Subuh, pamajikan ngusey dangdan, kaasup kuring didangdanan ku manehna. Ti mimiti make trainingpak, topi, kaos kaki, jeung anduk leutik. Kaharti kitu tea mah, da sasatna rek ngawanohkeun nu jadi salaki ka balad-balad senamna.

Cunduk ka lapang Merdeka mani geus ngaliud jelema minuhan lapang, padahal karek jam genep isuk-isuk. Dina podium patugas keur masang sound system, siap-siap rek nyetel kaset musik senam. Ibu-ibu jeung rumaja putri geus saraged, sareungit. Teu kurang-kurang bapa-bapa oge aya nu miluan senam, tapi tempatna tukangeun ibu-ibu, barisanana oge teu puguh.

Rada deg-degan oge basa ditungtun ku pamajikan kana barisan di hareupeun podium teh. Mana komo bari ngadaragoan aba-aba senam tea pamajikan mah teu bosen-bosen ngawanohkeun kuring. Atuh kuring tambah diriung-riung, mani bosen manggut jeung imut teh. Ret ka kencaeun, sepuh inin-inin pisan siga nu teu bosen-bosen naliti tangtungan kuring, malah dina nu ngariung teh aya banci sagala.

"Teman-teman, yuk kita kenalan kepadanya!" ceuk banci bari gumeulis. Panonna kucap-kiceup kawas nu kapireungpeunan.

Basa aba-aba senam kadenge ti luhur podium, kuring asa kaweur. Da karek harita atuh miluan senam teh, komo ieu jeung ibu-ibu. Ret ka pamajikan, geus kahalangan ku dua urang. Kawantu tadi basa kuring diriung-riung tea kawasna mah manehna kaseredkeun. Ah gerakan senam teh rek nurutan nu di luhur podium we, da kitu pesen pamajikan oge samemeh indit tadi.

Mimitina musik senam teh musik pemanasan, kabeh ajrag-ajragan bari ngaleuleuskeun ramo-ramo leungeun. Kuring rada ngareret ka gigireun, kabeneran manehna ge keur ngareret ka kuring, kuring milu ajrag-ajragan nurutan nu lian. Kitu jeung kitu we. Pokona unggal rek ganti gerakan senam teh kuring mah mun teu ngawaskeun nu di luhur podium, ngareret heula ngintip gerakan ibu-ibu nu pangdeukeutna.

Mun dipikir-pikir, bororaah bisa dipake conto ku nu lian, da kuring sorangan ge asa ripuh nyaluyukeun gerakan senam jeung batur teh. Mindeng pisan leungeun kuring antel kana leungeun nu gigireun. Atawa mun teu kitu suku paketrok jeung nu lian alatan pasalia gerakan. Batur ka tukang, kuring ka hareup, atawa nu lian mah ka kenca, kuring ka katuhu. Bae ah, tungtungna mah diheureuykeuh we gerakan teh sakalian.

Rengse senam, nu tadi ngarariung teh da birat atuh ngajarauhan. Samemeh aringkah teu paroho ngaromong kieu, " Ih, panyana teh enya we instruktur, sihoreng teh...," ceuk hiji ibu-ibu menor bari ngaleos.

"Ih, sebel, padahal body-nya macho banget!" ceuk banci nu tadi.

Teu kakantun, nini-nini ge ngembohan bari jebi ka kuring, ngan teu puguh kadengena.

Di jalan waktu mulang didongengkeun ka pamajikan, barakatak manehna seuri meni siga nu ngeunah pisan. Leungeun kuring dikenyang, manehna maca tulisan dina tonggong kaos kuring: "Instruktur Senam", cenah. Karek inget, pan tadi teh dibere nginjeum kaos pamajikan, kabeneran ukuranana pas. (*)


Endan Sukanda

Instruktur Senam Instruktur Senam Reviewed by Rupa Sundapura on 13.11 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.