Budak Ngadu'a

Seuri koneng

Geus aya meureun kana sabulanna Oding anak cikal Bah Uyan nu kakara umur dalapan taun unggal-unggal jam dua welas peuting nyaring, malah sok parat nepi ka Subuh. Dina nyaringna teh menekung bari kunyam-kunyem.

Kalakuan anakna saperti kitu teh pikeun Bah Uyan ngarasa atoh, tapi gegedena mah hariwang. "Boa-boa anak aing keuna ku pangheureuy deungeun," ceuk gerentes hatena. Ku sabab bisi matak picilakaeun, Bah Uyan geuwat mariksa anakna.

Bah Uyan: "Ujang Kunaon bet sasarianeun loba hudang peuting? Mun aya kahayang geuwat tepikeun ka Abah ayeuna!"
Oding: "Hih ari Abah, pan ceuk Pa Ustad oge mun aya kasusah kudu remen ngadu'a."
Bah Uyan: "Hayang naon maneh teh, bet bebeakan."
Oding: "Hayang ibu kota Jawa Barat pindah ka Sumedang."
Bah Uyan: "Lahuta pisan siah kahayang teh! Na naon nu jadi sababna?"
Oding: "Eta Abah, waktos ngalebetan soal ulangan, soalna teh, 'Kota naon ibu kotana Jawa Barat?' Ujang ngawaler Sumedang. Tah ku kituna Ujang ngadu'a sangkan ibu kota Jawa Barat ngalih ka Sumedang."
Bah Uyan: "Kasebelan siah!"

Budak Ngadu'a Budak Ngadu'a Reviewed by Rupa Sundapura on 12.58 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.