HP Anyar

Bah Dira urang lembur nu rada anggang ka kota, hiji waktu dibere HP ku anakna nu digawe di kota. Maksudna mah meureun supaya ari aya nanaon teh teu kudu balik ka lembur, da jauh. Cukup nga-SMS we atawa nelepon. Da memang geus kitu jamanna.

Dalem Boncel

Teuing merek nanahaon eta HP teh. Bah Dira kacida atoheunana. Malah siga nu agul kacirina teh. Unggal poe eta HP teh sok dibabawa bae dina saku kampret hideungna.

Ari cara make eta telepon, ku anakna teh geus dipapatahan imeut pisan. Tapi sigana bubuhan geus kolot, papatah nu jadi anak teh sok kapopohokeun.

Hiji waktu Abah Dira rek nepungan anakna nu mere HP tea di kota. Bah Dira tumpak beus. Tah basa dina beus nu kabeneran keur loba panumpangna, Bah Dira ditelepon ku anakna. Nanyakeun geus lebah mana-manana. Maksudna mah supaya lamun geus nepi arek dipapagkeun.

"Halow, ieu teh Ujang?" ceuk Bah Dira. Sorana tarik, rada ngajorowok. Maksudna ngarah kadenge ku batur, da dihenteu-henteu oge agul atuh make HP teh. Kituna teh bari nangtung deuih. Atuh panumpang sejenna narempokeun ka Bah Dira.

"Enya ieu ge geus deukeut Ujungberung," cenah deui.

Sanggeus lila ngaler ngidul ngobrol dina HP, dina ahir rek nutup telepon, Bah Dira ngomong kieu, "Ujang, ari ieu teh nelepon atawa SMS?"

Atuh ger we jalma-jalma teh pada nyaleungseurikeun manehna. Aya-aya wae ari Bah Dira. (*)


Anisa Fitri

HP Anyar HP Anyar Reviewed by Rupa Sundapura on 14.16 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.