Sasakala Gunung Kendang

Jaman baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Manehna ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakonna nu dipikahayang ku manehna supaya dipidangkeun, nyaeta lalakon nu paling dipantang ku dalang. Eta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi ka tamatna. Sabah lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu dipikahayang.

Sasakala Gunung Kendang

Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho eta lalakon nepi ka tamatna. Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung dibayar asal eta lalakon dipidangkeun nepi ka tamatna.

Pok Ki Dalang sasauran. "Heug wae dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna wae dibayar tiheula?"

Teu loba carita, gocrak bae dibayar sapamenta dalang tea ku Ki Sutaagra teh. Atuh kasurung ku ongkos nu gede, ger wae ngawayang anu pohara ramena. Sindenna nu katelah Nyai Astrakembang, anu herang mencrang, ceuk barudak ayeuna mah siga enyoy-enyoyan, ngolear tembang hegar pisan.

Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna. Estuning rame pisan areak-areakan, nguping sora sinden anu ngagalideng halimpu pisan. Barang lalakon ampir tamat geus deukeut subuh, torojol dua jelema anu make pakean saragam upas kabupaten. Eta upas tea nepikeun parentah bupati, nu maksudna supaya eta dalang, sinden, para nayaga, katut gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheus ka kanjeng bupati. Cenah ditunggu pisan.

Atuh dalang teh cuh-cih jeung cakah-cikih paparentah ka batur-baturna kudu beberes. Sarta manehna bebeja ka Ki Sutaarga tea yen disaur ku bupati. Kacaturkeun bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka tempat panglinggihan bupati. Jalanna lempeng molongpong, estuning senang pisan leuleumpangan henteu loba sumarimpang.

Caritana nu ngalabring tea geus nepi ka nu dijugjug. Breg ngarimpak rareureuh dihareupeun gedong kabupaten, harita teh geus rek bray-brayan beurang.

Tapi aneh bin ajaib!

Eta dua upas teu araya, kabupaten oge suwung, leungit tampa lebih ilang tampa karana. Sakabeh nu hadir musna teu ngaho kamana leosna. Nu aya sesana ngan gamelan-gamelan tea. Kasur nu digulungkeun urut diuk sinden, kabeh robah ngajadi batu. Tug nepi ka kiwari, nelah gunungna disebut Gunung Kendang.

Dina mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa atawa Jum’ah kaliwon sok aya raramean siga nu keur hiburan. Sora sinden ngagalindeng angin-anginan. Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nang-neng-nong. Ditempas ku sora kendang, dung plak dung plak, eces pisan. Dipungkas ku sora-sora goong, ear nu surak nu senggak, kakuping rame pisan.

Loba jelema katipu.

Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti Cikareo, Bantarpeundeuy, jeung nu sejenna. Nu dek lalajo ngabring, manehna nyangka aya kariaan di kampung Cibitung. Urang lembur kalereun Gunung Kendang, nyangka yen nu nanggap wayang teh di Cikarosea atawa Bantarpeundeuy.

Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah kidul. Dijalan abringan nu ti kaler jeung nu ti kidul pasanggrok, terus silih tanya, dimana aya nu kariaan teh. Masing-masing ting polongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun. Terus baralik kalayan hatena marurukusunu keuheul ngarasa katipu.

Kaanehan Gunung Kendang nyaeta balatak batu-batu nu siga kendang, goong, anggel, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur reana aya opat belas, anu nangtung anu ngedeng. Anu siga guguling panjangna hiji satengah meter. Gunung Kendang ayana di Desa Sukamukti Kacamatan Cisompet Kabupaten Garut, dikomplek Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru. (*)

Sasakala Gunung Kendang Sasakala Gunung Kendang Reviewed by Rupa Sundapura on 16.47 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.