Sang Prabu Jaka Susuru

Di Desa Sukarame, Kacamatan Ciranjang, kabawah ka Kabupaten Cianjur ayeuna, aya lembur anu nelah Lembur Susuru. Lembur anu mibanda ajen carita, nyaeta patilasan Sang Prabu Jaka Susuru sakumaha anu kaunggel dina carita anu dicaritakeun deui.

Dongeng Sunda Buhun

Kocapkeun di Nagara Pajajaran, nagara anu subur mamur, gemah ripah loh jinawi. Ari anu jadi rajana harita, Sang Prabu Siliwangi nu katujuh. Raja anu adil tur wijaksana, anu matak katurut ku abdi-abdina.

Kangjeng Raja kagungan putra pameget, keur sumedeng rumaja putra, belekesenteng buta tulang buta daging. Ari rupina kasep taya babandinganana. Dedeg sampe rupa hade, dibarung ku hade tata hade basa. Dupi kakasihna anu kaceluk, Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi.

Ari dina hiji poe Sang Raja magelaran, dideuheusan ku patih, parabupati, jeung paramantri ponggawa sakabeh. Sami hempak di paseban bale agung. Sang Raja mundut tinimbangan, reh putrana rek dijenengkeun bupati di hiji kabupaten anyar, anu kudu diadegkeun ku sorangan.

Sang Raja mariksa anu sami hempak. "Kumaha sapuk atawa henteu? Upama aya anu henteu sapuk, mending caritakeun bae ayeuna, urang badamikeun kumaha hadena."

Nu dipariksa ngawalon saur manuk, yen ngiringan kana pangersa Sang Raja.

"Sukur ari kabeh geus sapuk mah."

Pok Sang Raja ngalahir ka putrana. "Eta kabupaten anyar teh kudu di wetan. Pek teangan tempat pinagaraeun anu aya di Tatar Alas Pasagi Wetan. Tempat anu kacida alusna pikeun dijadikeun nagara anyar. Jig geura indit ti nagara ayeuna keneh, meungpeung ninggang dina mangsa nu utama."

Memeh angkat ngantunkeun nagara, Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi dipaparin jimat ku nu jadi ramana, nyaeta Makuta Siger Kancana jeung Lawe Domas Kinasihan, minangka tanda seuweu-siwi Siliwangi, pencaran ti Nagara Pajajaran.

Sanggeus nyungkem ka kang rama, Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi nembe jengkar ti karaton, diiring ku dua mantri kapetengan, Sewana Giri jeung Sewana Guru, nu baris ngaping ngajaring salami lumampah milari pinagaraeun di Tatar Alas Pasagi Wetan.

Raden Anom angkatna badarat, asruk-asrukan nyorang leuweung geledegan, leuweung ganggong simagonggong, leuweung luwang-liwung harieum geueumeun. Ti poe ka poe lumampah taya reureuhna. Dahar pake teu pati kapalire, sare oge sakadar tamba palay.

Barang nepi ka hiji tempat, reg tiluanana ngarandeg, ngawas-ngawas patempatan. Di dinya teh tanahna lendo, caina cur-cor, kaayaanana hade, nu biasa disebut galudra ngupuk. Cindekna pantes kacida pinagaraeun.

Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi enggal bae muja semedi, nyuhunkeun pitulung Sang Hiang Otipati supaya eta tempat teh jadi nagara. Panedana ditampi ku Nu Kawasa. Harita keneh di dinya teh jleg bae jadi nagara.

Nagara teuing ku santosa. Bentengna lima ngajegir. Hiji benteng beusi, hiji benteng waja, hiji benteng tambaga, hiji benteng perak, hiji deui benteng beusi purasani. Karatonna ayana di tengah-tengah, alus agreng sarta agem taya bangsana, wantuning buatan Dewa.

Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi lajeng menekung deui ka Dewa, nyuhunkeun pibaladeun 8000 satria, 80.000 perjurit jeung 80 badega nu pinguruseun karaton. Eta oge tinekanan deui bae. Ku Dewa dilaksanakeun.

Dadak sakala nagara teh geus jadi rame, gegek cacah jiwana, dug-deg paimahanana. Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi miwarang hiji utusan ngadeuheusan ka ramana, unjuk uninga yen nagara parantos ngadeg, sakalian nyuhunkeun pingaraneun eta nagara.

Gancangna carita bae, utusan geus balik deui ti Pajajaran. Nagara anu anyar diadegkeun teh dipaparin ngaran ku Raja Pajajaran nyaeta Nagara Tanjung Singuru, sarta rajana dipaparin jenengan Sang Prabu Jaka Susuru.

Nagara Tanjung Singuru lami-lami janten nagara kerta raharja. Pangeusina beuki tambah gegek bae. Tapi Sang Prabu Jaka Susuru ngarasa keueung cuang-cieung, taya batur pakumaha dina sela-sela ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara ku margi henteu kagungan prameswari.

Anjeunna nimbalan Mantri Sewana Guru ngajugjug ka Nagara Bitungwulung, reh aya selenting bawaning angin yen Bupati Bitungwulung, Pangeran Jungjang Buana, kagungan putra istri dua. Jenenganana Sekar Jayanti jeung adina Jayanti Kembang.

Sadatangna ka Bitungwulung, Mantri Sewana Guru nepikeun maksudna, ditampi ku Pangeran Jungjang Buana. Ngan Ki Mantri teu werat salah sahijina lantaran putri duanana oge gareulis. Geulis lain pupulasan sagala-galana, surup pisan kana jadi prameswari.

Antukna bae eta putri teh dilamar duanana. Ku ramana disanggakeun duanana. Harita keneh oge dua putri dijajapkeun, disarengan ku ramana diiring upacara. Teras bae duanana direndengankeun sareng Sang Prabu Jaka Susuru di Nagara Tanjung Singuru.

Der bae atuh pesta rame kacida, tujuh poe tujuh peuting taya eureunna. Tatabeuhan ngageder beurang-peuting. Jalma daratang ti suklakna ti siklukna, kabeh tamplok minuhan alun-alun, nembongkeun kabungahna ka nu jadi raja yen ayeuna tos kagungan prameswari anu geulis kawanti-wanti, sadua-dua.

-=oOo=-

Sigeug heula anu keur oleng-panganten. Kocap aya hiji raja di Gunung Gumuruh, kakasihna Badak Tamela Sukla Panarak Jaya. Eta raja di karatonna disarengan ku rai istri, jenengan Ratna Kembang, dumeh anjeunna teu acan kagungan garwa. Lain teu niat lain teu hayang, cenah, ngan nganti-nganti wanci nu mustari.

Ari eta Nagara Gunung Gumuruh, pernahna henteu jauh ti Tanjung Singuru. Malah tepung wates jeung Tanjung Singuru. Jadi waktu pesta rendengan Sang Prabu Susuru, karamean nu sakitu matak geunjleungna teh hawar-hawar kadangueun ku Badak Tamela. Katambah-tambah loba rahayat nagrina anu indit sirib ngadon lalajo karamean pesta.

Nya tuluy mariksakeun ka raina. "Nyai, di mana pesta anu kakuping teh? Jeung mestakeun naon deuih? Jigana henteu jauh ti nagara urang, da loba rahayat urang anu ngadon lalajo."

Ku Ratna Kembang diwalon, yen putra Bupati Bitungwulung duanana direndengankeun ka Prabu Jaka Susuru, pestana diayakeun di Tanjung Singuru.

Badak Tamela kacida ngarenjagna. Bendu munggah ngagugudug, amarah munggah henteu kawadahan, reh anjeunna aya manah ka eta dua putri, dikemu ti bareto diceungceum ti baheula. Ari ayeuna, geus meujeuhna manjing sawawa, diiwat ku raja anyar tatanggana. Duanana deuih, teu nyesakeun keur batur.

Badak Tamela ka luar ti karaton, ngajugjug ka Tanjung Singuru. Karepna gilig rek ngiwat putri nu dua. Sajajalan anjeunna hulang-huleng, neangan akal anu rikip tur lantip. Barang geus manggih, nyeh seuri sorangan. Raja anyar anu dianggapna cucungah, baris meunang wawalesna anu satimpal.

Teu kungsi lila geus nepi bae ka nu dijugjug. Ngajanteng sakeudeung hareupeun lawang jaga. Mundut diunjukkeun ku nu ngajaga karaton, tuluy Badak Tamela teh ngadeuheus ka Prabu Jaka Susuru di Srimanganti, api-api nu rek ngabakti tawis katineung ka raja anu keur oleng panganten. Pok Badak Tamela unjukan. "Nu mawi Kakang ngadeuheus teh seja nyanggakeun tawis kagegelan, nyaeta inten sagede eneng. Nanging aya hanjakalna saeutik. Ku tina sakitu gedena eta inten, teu aya nu bisa ngajungjung-jungjungkeun acan."

Sang Prabu Jaka Susuru katingal saregep, kataji ku cariosan Badak Tamela. Pok Badak Tamela sasuran deui. "Rupina moal aya nu iasa nyandak eta inten, anging Kang Rai Prabu Jaka Susuru, anu kamashurkeun bedas tur sakti. Dupi eta inten teh ayana di Kawah Domas."

Prabu Jaka Susuru teh percanten bae kana sagala cariosan Badak Tamela teh. Anjeunna geus teu kaampeuh palay geura ngengingkeun eta inten. Sanaos diwagel ku prameswari duanana, anjeunna henteu ngagugu. Pangrasana luhu elmu loba pangarti, piraku henteu bisa kitu-kitu acan mah.

Teras bae anjeunna angkat ka Kawah Domas, diiring ku Sewana Guru katut Sewana Giri. Barang nepi ka biwir Kawas Domas, tiluanana disuntrungkeun ku Badak Tamela. Gebrus bae kana kawah anu panas sarta tuluy eta kawah ditutup ku batu gede. Geus kitu Badak Tamela gura-giru balik deui, muru ka Tanjung Singuru rek ngiwat putri.

Sekar Jayanti jeung Jayanti Kembang wantuning terusing kusumah. Duanana meunang wirasat goreng, yen baris aya nu ngiwat. Pikeun tanda yen satia ka caroge, tuluy bae duanana ngalolos ti karaton, mubus ka leuweung anu suni. Nyaung-nyaung di tempat anu singkur.

Lami ti lami, dua putri teh kakandungan. Barang nepi kana bulanna, brol duanana babar patutur-tutur. Putrana pameget kawas nu kembar, rupina kasep ngala ka ramana. Murangkalih mulus banglus taya kuciwana.

Aya taunna eta dua prameswari hirup di leuweung katut dua putrana. Pipindahan henteu netep di hiji tempat. Lila-lila ka luar ti pileuweungan, nya anjog ka Nagara Tanjung Sembara. Dina hiji mangsa, ngadeuheusan ka rajana, nyarioskeun lalampahan ti awal nepi ka ahir.

Eta raja sae pisan pangangkenna ka eta dua prameswari jeung putrana. Dipernahkeun di karaton disae-sae. Ari jenengan nu jeneng raja di dinya nyaeta Prabu Gajah Kumarasakti. Prameswarina kagungan dua, Purba Dewata jeung Ratna Dewata.

Tina welasna ka Prabu Jaka Susuru, enggal bae Gajah Kumarasakti mepek balad, bade ngarurug Badak Tamela nu harita ngajabel Nagara Tanjung Singuru. Sanggeus samakta prajurit katut pakarangna, leugeudeut bae ti dayeuh Tanjung Sembara, ngajugjug ka Nagara Tanjung Singuru.

Badak Tamela geus tatan-tatan, metakeun panganggo jeung pakarangna, karepna rek nembongkeun kasaktenna. Badak Tamela kaluar ti karaton, tuluy bae mapag musuh lir banteng ngamuk. Balad-balad Tanjung Sembara patinggolepak, dicacar bolang ku Badak Tamela.

Ningali galagat kitu, Gajah Kumarasakti maju ka pakalangan. Der perang tanding kacida ragotna. Lila-lila Badak Tamela kasoran, eleh jajaten ku Gajah Kumarasakti. Badak Tamela teu manggapulia, tungtungna karingkus ku Gajah Kumarasakti.

Badak Tamela anu geus eleh jajaten, menta ampun ka Prabu Gajah Kumarasakti. "Ampun Sang Prabu, kula menta dihampura, menta hirup jeung huripna."

Prabu Gajah Kumarasakti nimbalan. Gajah Tamela baris dipaparin ampun tapi Prabu Jaka Susuru jeung pangiringna kudu dikaluarkeun deui ti Kawah Domas.

Gura-giru Badak Tamela ka Kawah Domas. Batu gede anu nutupan eta kawah diangkat tuluy dialungkeun jauh pisan, kawantu Badak Tamela tanagana bedas.

Enggalna Prabu Jaka Susuru, kitu deui Sewana Giri jeung Sewana Guru, dikaluarkeun ti jero Kawah Domas. Badak Tamela nyuhunkeun ampun, bari ngabaktikeun rayina tea, anu geulis Ratna Kembang. Pangbaktina ku Prabu Jaka Susuru ditampi, sarta tuluy Badak Tamela dijenengkeun jadi bupati di Gunung Gumuruh, anu kabawah ku Nagara Tanjung Singuru.

Sasumpingna ka dayeuh Tanjung Singuru, Sang Prabu Jaka Susuru silihrangkul sareng Prabu Gajah Kumarasakti nawiskeun tumarima kana pitulungna. Der pesta, tujuh poe tujuh peuting. Leuwih rongkah ti nu enggeus-enggeus lantaran sasatna eta pesta, dipiluan ku abdi-abdi ti tilu nagara.

Sang Prabu Jaka Susuru teras-tumeras ngereh Nagara Tanjung Singuru, diaping ku tilu prameswari: Sekar Jayanti, Jayanti Kembang, jeung Ratna Kembang. Tambih-tambih suka manahna, ku margi ayeuna tos kagungan dua putra. Ceuk sakaol, Prabu Jaka Susuru teh patilasanana natrat di Lembur Susuru tea. (*)

Sang Prabu Jaka Susuru Sang Prabu Jaka Susuru Reviewed by Rupa Sundapura on 21.11 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.