Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 8)

Korolok cai ledeng ngocor kana jero botol susu. Kucrak-kucrak dikungkurahan, cur dipiceun. Sakali deui liang botol susu teh diantelkeun kana biwir keran. Dua-tilu kali dikungkurahan, kakara beres. Sok ditangkubkeun dina luhur erak.

Leumpang Awit katara alon, da kagok ku bebengkung. Jung ngajugjug ranjang orok nu dibunian ku kulambu, bray dibuka lalaunan. Tibra ngagebra jelema leutik nu suci teh.

Sanggeus Halimun Peuray

"Geulis...!" gerentesna. Aya rasa deudeuh nu nyaliara dina jero awakna. Kieu geuning rasana ari deudeuh ka anak. Deudeuh jeung nyaah anu tan wilangan gedena. Ratuning asih, rajaning nyaah. Kuduna mah neuteup anak teh babarengan jeung salaki. Kabungah duaan nenjo anak pamageuh duriat. Kitu soteh mun kawinna enyaan, sedeng dirina?

Budak beuki diteuteup, beuki nyaah. Naha bet siga Kang Inu gerentesna. Lain Enung mah lain anak Kang Inu. Enung mah anak jelema nu teu boga tanggung jawab. Deudeuh, boa di mana ayana. Sedeng jelema nu dipake pananggeuhan geusan nutupan wiwirang ge, teuing di mana ayana. Geus ampir sabulan Inu teh teu balik-balik. Awit teu weleh nganti, jeung sagala harepan. Kacipta keneh ketusna, kadenge keneh sorana nu teu weleh jubras-jebris. Teuing ka mana ayeuna balikna. Geus tangtu moal hayangeun nenjo orok, da lain anakna.

"Enden, ulah lami teuing ngadeg, bisi turun getih," sora pangasuhna.

"Bae atuh Ema, geus dek sabulan ngajuru teh."

"Hih...budak mah nyaho naon. Ieuh, ngajuru mah sok asa sehat, padahal di jero mah ruksak, tateh. Hengen, geura ebog!"

Awit imut. Lalaunan leumpang ka tempat sare. Tuluy ngedeng, sukuna disanghunjarkeun. Nu deudeuh, nu satia ka dirina bet sipat pangasuh. Kuduna mah salaki nu ngarungrum keur dina kaayaan kieu teh. Ari Kang Inu ka mana atuh, cek pikirna.

Manehna hak migawe naon wae di ieu imah. Manehna hak rek lunta ka mana wae jeung sabaraha lilana oge, manehna teu katalikung ku tanggung jawab. Manehna teu kasengker ku kawajiban da kawinna oge kawin bobohongan. Da bongan manehna geus boga rasa ngajait dirina tina wiwirang. Matak taya hak nyusul, taya hak nyarekan, naon wae nu dipilampah ku Inu.

Ngan nu teu kahartieun ku Awit, naha potret Mila make diduruk sagala. Cek katerangan Ma Uti, Inu teh indit ninggalkeun durukan keretas di kamarna. Isukna datang ukur rek mawa papakean, kitu ge nitahan batur, da Inuna mah teu datang. Les bae taya beja carita. Ku matak pikanyerieun. Abong kena enyaan lain ka pamajikan. Sanajan sakumaha judesna Inu ka manehna teh, tapi hate Awit angger tibelat, angger teu bisa mopohokeun, misono teu kendat-kendat. Mun tea mah Awit cacarita. Ku hayang ngadongeng jeung Inu teh, yen dirina kajadian kieu teh lantaran taya panyengker ti kolot. Lantaraan taya nu ngageuing.

Manehna teu rumasaeun jadi awewe bangor tukang ngamumurah kahormatan. Manehna teu rumasaeun jadi awewe nu babari sumerah ka lalaki. Tapi naha ari manusa tara beunang keuna ku apes? Kudu salawasna aya dina untung? Inu moal ngartieun naon kasangtukang pang ieu kajadian tumiba kana dirina. Nu Inu nyaho, Awit teh ukur tukang pesta, tukang senang-senang. Inu mah moal nyahoeun yen manehna teh kacida hanaangna ku kaasih. Enya ari dina dunya barana mah kasartaan, kacukup. Teu kudu nguyang ka deungeun-deungeun. Barang-barang sarwa luar nagri. Indung-bapana mah sasat dijieun jalan ka cai ka luar nagri teh. Tapi naha eta teh cukup pikeun ngawangun kabagja dina kahirupanana? Kaasih, kaasih anu kacida perluna mah. Eta nu kacida pentingna, rada dilalaworakeun ku indung-bapana teh. Kaasih, pangrungrum lain mangrupa harta, eta nu teu kacumponan teh.

"Enden moal lalajo tepe?" cek Ma oyoh norojol.

"Ah, moal Ema, teu purun, hayang ngedeng deui."

"Keun, da Enden alit mah kulem, nya," cek Ma Oyoh bari indit.

Teuing ku sepi peuting teh, sakitu kakara pukul salapan. Pitunduheun laleungitan, da ti beurang lila teuing sare. Beungeut Inu kokolebatan bae dina pikiranana. Sanajan kumaha wae oge Inu tangtu bakal balik heula ka dieu. Loba keneh papakean, barang-barang, jeung buku-buku nu aya di dieu. Teu pupuguh hatena bet gumbira. Teuing ku naon harepan kana bisa papanggih bet ngajadikeun bungah kana hatena. Ukur hayang panggih, teu ngarepkeun leuwih ti kitu. Sanajan bakal ditembongkeun budi nu ketus, manehna sadrah. Ukur hayang panggih.

Karasa eungapna ari diuk make bebengkung teh. Jung Awit nangtung. Lalaunan bebengkung dilaan. Ma Oyoh nu kieu tea mah. Pajar ulah leupas ti bebengkung can opat puluh poe mah. Na marukan teu eungap kitu, gerentes hatena. Bray muka salambar, terus ngagebray beuki panjang, beuki panjang. Breh kalangkang dirina dina kaca. Jangkung lempay. Beuteungna lemped deui cara bihari. Kulitna beresih, da geus lila tara ingkah ti imah.

Sakeudeung deui aing teh meureun bakal jadi randa. Randa, deudeuh ku sesebutan. Asa teu hayang wawuh deui jeung lalaki teh ari geus nyaho kieu mah balukarna. Diri disurungkeun kana juruna maot. Enggah-enggeh taya nu mantuan ngaluarkeun orok, manusa suci titipan Gusti Yang Widi.

Kop Awit kana sisir. Serewuk buukna nu geus panjang teh disisiran. Tuluy dikumpulkeun ku dua leungeunna, dikatukangkeun. Pek diuntunan. Teu dikaretan tungtungna teh da sok beureum, ukur kitu ge da nali. Buuk Awit galing nyangreud najan teu pageuh. Bebengkung nu ngalumburuk dipulung, sok diteundeun dina tempat sare. Sora gamelan kadenge ti rohangan hareup, gigireun kamar Awit. Geus tangtu kasenian Sunda tina TV tea. Lalaunan bebengkung teh ditilepan. Breh beungeut Inu nembongan deui. Kang Inuuuu...! jeritna dina ati. Ku hese Awit teh mopohokeun Kang Inu teh, ku hayang bisa atuh. Iraha Kang Inu rek sumping deui. Sanajan geus tangtu rek beberes tea. Da jangjina ge ukur tepi ka ngalahirkeun.

Basa kadenge nu keketrok, Awit ngarandeg. Leungeunna nu keur ngagulungkeun bebengkung ge eureun. Kadenge konci muter ngajetrek.

"Aeeeeh...Den Inu...!" sora Ma Uti nyababkeun jantungna asa eureun sakedapan. Jung Awit nangtung, leumpang ngajungjug panto, jetrek dikonci.

"Enden...! aya Den Inu...!" cek Ma Uti ngetrokan.

Keun bae Ma Uti, hatena jumerit. Abdi ge nyaho. Kang Inu, wilujeng sumping jungjunan, wilujeng sumping. Panonna peureum, tonggongna antel kana panto. Kahayang mah muru ka luar, ngarangkul ngagalentor. Kadeudeuh ati nu dipicangcam beurang jeung peuting. Geus tangtu rek mawaan barang nu aya di kamar, geus tangtu rek beberes tea.

Leumpang ka kenca, salengkah-salengkah, angenna ratug tutunggulan. Leumpang deui ka katuhu, salengkah. Beuki ratug. Jung ajeg nangtung hareupeun kaca satangtung. Baju sare tina nilon pulas kayas saulas dijewang. Pek dipake ngaganti daster batik nu harita keur dipake. Las diwedak, biwirna dipulas ku lipstik. Hayang ngabageakeun Inu najan keur panungtungan. Aneh, ti barang pruk kawin bobohongan tea, hatena geus meulit deudeuh jeung nyaah ka Inu teh. Salawasna sok teu weleh dangdan, hayang kataksir ku Inu, angger dina kaayaan geulis. Sanajan Inu na mah angger ketus, angger judes.

"Awit...! Awit...!" tetela sora Inu. Angenna ratug tutungulan.

"Tos kulem panginten Den Inu," cek Ma Uti.

"Euh....tos babar?" cek Inu.

"Parantos bade sasasih..."

"Eueuh...!" cek Inu panjang.

Kahayang mah jung nangtung, gabrug ngarangkul. Tapi kumaha mun dikepeskeun. Kapan salawasna ge ketus, teu weleh judes. Da ijid tea meureun, da ijid tea.

"Aya picarioseun, cing gugahkeun, Ma!" omong Inu.

Tangtu, tangtu rek beberes tea. Pileuleuyan pikeun salawasna. Biheung panggih deui biheung moal. Teu hasil ngarebut hate Kang Inu teh ku sagala jalan oge. Kageulisan nu dipiagul, nu dipake gunung pananggeuhan teh, keur Inu mah teu teurak.

"Wios atuh, Ma...bade wangsul wae...!" sora Inu. Awit reuwas. Geuwat cengkat. Tapi rumegag rek mukakeun panto teh. Ari tadi cenah meureun teu daek muka. Era, di kamanakeun harga diri aing?

"Ke sakedap, Den! Ku Ibi urang saur, moal sae teu tepang heula mah."

Ma Uti teh ngetrok pantona rada tarik ayeuna mah. Lalaunan Awit mukakeun panto. Bray muka, terus ngucek panon api-api nu kakara hudang sare.

"Aya naon, Ma?" pokna.

"Ieu aya Den Inu...!" cek M Uti.

"Oh, Kang Inu...!" cek Awit.

Breh beungeut anu dipicangcam teh nembongan. Awit ngarandeg neuteup beungeut Inu.

"Tos bobo orokna?" cek Inu bari asup ka jero.

"Tos kulem," cek Awit. Inu katenjo nyerengeh. Ingeteun keneh basa peutingan munggaran pangantenan, Inu nyawad manehna pedah nyebut bobo. Tapi naha Inu teh bet jadi someah kitu. Kapan sasarina oge sok ketus wae. Awit nuturkeun Inu, leumpang tukangeun.

Inu malik ka Awit. Breh patarema teuteup. Getering rasa anu sakitu lilana disidem bet rumandeg nenjo kayaan Inu teh. Beungeutna jambrosan, panonna beureum kawas anu kurang sare. Bajuna kumusut. Awit ngahuleng neuteup rada lila.

"Awit teh tos sabaraha dinten babar teh?" cek Inu. Gek diuk dina korsi hareupeun kaca toilet. Ari Awit leumpang alon, gek dina biwir ranjang.

"Tos ampir sasasih."

"Hmmh...," cek Inu semu ngarahuh.

Teu lila jung nangtung nyampeurkeun ka Awit. Pok-pok atuh, urang beberes kituh cek hate Awit. Ulah ngaganggayong kawas ayeuna. Pak-pok atuh, tapi eusi hate nu teu kedal tea ukur lahir ku imut bari luk tungul.

"Ari istri gugah babar teh sok taeun nya," cek Inu.

"Sok naon?" cek Awit.

"Sok pikabitaeun."

Lain atoh dikitukeun teh, tapi Awit ngarandeg. Kaheran nenjo kaayaan Inu ge can punah, geus jol deui pikaheraneun nu sejen. Na ti iraha Inu cunihin kitu? Kapan sasarina ge boro-boro heureuy, sakalieun ditanya ge kapan ketus naker nembalanana teh.

"Kang Inu bade naon?" cek Awit.

"Ah, teu bade nanaon, sono we ka Awit," cek Inu.

Enyaan kitu aing teh papahareup jeung Inu. Mun enya teh, na boga kasakit naon Inu teh bet kalakuanana ku robah-robah teuing? Awit neuteup lila naker.

"Naha nganggo sono sagala rupi, kapan urang mah papangantenan," cek Awit.

"Kapungkur eta mah," cek Inu. Leungeunna ranggah rek ngarangkul, tapi Awit geuwat ngejat. Manehna leumpang undur-unduran. Enya dipicangcam pisan Inu teh, hayang dipideudeuh. Tapi lain kawas aeyuna, lain kieu prakprakanana.

"Ari ayeuna?" cek Awit.

"Ayeuna mah, Awit...geulis wae, Kang Inu sono."

Hmmm, sono gerentes hati Awit. Sanggeus meunang kanyeri ti Mila, kakara diri aing dijieun panglumpatan. Sanggeus meunang kanyeri ti mojang kadeudeuhna, kakara diri diaku. Panglumpatan tina kanyeri hatena. Nu boa teuing moal lana tea. Sanggeus manehna meunang deui kadeudeuh ati, tangtu bakal ninggalkeun deui.

"Sanes bade beberes tea?" cek Awit ketus. Kacipta kanyeri hatena sababaraha waktu nu ka larung. Ketusna Inu, bangun ijid. Ari ayeuna? Naon atuh nu ngalantarankeun Inu jadi kieu teh? Awit keukeuh heran.

"Beberes mah gampang. Naha Awit moal muruhan ka Akang?"

"Muruhan...? Naon maksud Kang Inu teh?"

"Ah, sok api-api Awit mah. Sakali we sok, pan tos sasasih Awit teh?"

Kerewek leungeun Inu pageuh ngeukeup Awit. Teu kaburu sadar kana naon nu kajadian harita, ngan basa beunta, manehna inget. Inu disurungkeun sanggeus dikaplok sakali beungeutna.

"Kang Inu nganggap naon ka Awit teh?" pokna. Hatena peurih asa disasaak. Teu karasaeun cipanonna ragrag nungtutan. Leumpangna undur-unduran. Reg hareupeun ranjang orok.

"Alah sok api-api. Kang Inu ge terang Awit teh lapar."

"Kang Inu....ulah kurang ajar, Awit sanes awewe murah."

"Hmmm....tapi Kang Inu sono ka Awit."

Lalaki, behna mah lalaki. Di mamana oge kasebutnya lalaki, salungguh-lungguhna oge lalaki, tetep we lalaki. Awit nyekel kulambu tipepereket. Cipanonna beuki juuh.

"Saparantos Kang Inu dikantun ku Mila, saparantos Kang Inu kenging kateuraos ti istri sanes, nembe Kang Inu teh nyarios kitu. Kapan samemehna Awit teh naros ge tara diwaler. Awit gaduh keneh harga diri, moal nampi kanyaah sapertos kitu."

"Awit geus teu butuh ayeuna mah ku Kang Inu, nya?" Robah beungeut Inu teh, ngadeukeutan bari neuteup tikekereket.

"Ti kapungkur ge teu butuh!"

"Sanggeus ngancurkeun hirup Kang Inu. Diaku Kang Inu teh bodo, bodo katotoloyoh daek mangnyaitkeun wiwirang awewe kawas Awit. Ieuh bisi teu uninga, Mila ninggalkeun Kang Inu teh sanggeus terangeun Kang Inu nikah ka Awit."

"Naha atuh...naha atuh...," teu kebat. Kaburu cipanonna bedah teu katahan. Kahayangna mah nyarita kieu, naha atuh make nyebut hayang diburuhan. Da Awit teh sanes istri pesereun. Matak naon urang enyaan wae janten salaki pamajikan, meureun genah kana hate. Ulah nyebutkeun buruhan-buruhan sagala. Tapi eta teu kedal.

"Enya naha atuh Kang Inu teh bodo. Ieuh, Wit, ulah ngira Kang Inu bieu teh enyaan. Tepi ka wangkid ieu Kang Inu henteu mideudeuh Awit. Hemmm....iraha bade beberes. Lain Awit teh teu butuh ku Kang Inu? Hemmm, teu butuh?"

Awit tungkul, nahan cipanon nu beuki ngagolontor. Keclak maseuhan kulambu bodas nu nuruban orok suci, nu ngagebra teu ngadenge aya naon di eta kamar.

"Geus tangtu Awit mah moal butuh ku Kang Inu. Da Awit mah putra nu beunghar. Tapi keheula Wit, ulah disangka Kang Inu kenging dibeuli. Heh, tingali ka dieu. Iraha beberes teh, heh?" Awit tungkul beuki ngeluk.

Ku hayang ngarangkul, hayang ceurik jejeritan dina dadana. Tapi naha moal dikepeskeun kitu? Di kamanakeun ajen diri teh. Geus disangka awewe gampang ku Inu bieu, ayeuna rek nembongkeun kahengkeran hareupeun jelema eta keneh?

Panto kadenge digebrugkeun. Awit teu ngalieuk. Bray mukakeun kulambu orok. Breh beungeut geulis teh nembongan. Geulis, hampura, gerentesna.

"Geus tangtu Awit teu butuh ku Kang Inu, da Awit mah putra nu beunghar," jelengeng dina pangdengena. Gabrug orok dirawu, digalentor. Diceungceurikan bari dirawu dibawa ka tempat sare. Dug digolerkeun, segruk deui ceurik kanyenyerian.

Kang Inu, mun seug Kang Inu bieu palay ngarungrum Awit lantaran kasurung ku cinta asih ka pamajikan mah, tada teuing dibageakeunana. Ieu mah kapan kekecapanana ge muruhan, muruhan. Na naon atuh aing teh dina tetenjoan manehna? Budak dikeukeupan.

"Ina...! Ina mah putra mamah, moal dipasihkeun ka rencang. Moal diogo ku Mamah, moal kenging pesta, moal kenging ameng sareng pameget paduduaan. Moal kenging uih subuh ti pesta. Moal, Ina mah moal kenging. Ina mah kedah sakola, dijajapkeun ku Mamah, diwurukan ku Mamah, ngapalkeun jeung Mamah. Ina mah putra Mamah...." segruk ceurik kanyenyerian.

Peuting beuki jempling, hate Awit ge beuki keueung, beuki keueung. (*)

Sambungan ti Bagian 7 Nyambung ka Bagian 9

Aam Amilia

Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 8) Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 8) Reviewed by Rupa Sundapura on 20.10 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.