Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 9)

Bray jandela dibuka. Kamar nu tadina poek, caang ayeuna mah. Inu angger keneh ngagoler dina tempat sarena. Leungeunna duanana dipake ngaganjel sirahna. Teuteupna angger kana lalangit kamar leutik nu geus teu puguh rupana.

Sanggeus Halimun Peuray

"Ti kapungkur ge teu butuh," cek Awit mani kadenge keneh. Enyaan kitu ucapanana teh? Ku nguntup atuh aing teh, cek hatena. Ari nenjo kalakuanana sapopoe, Awit teh bangun nu hayang dipikanyaah, bangun nu lindeuk. Tapi geuning ari dienyakeun mah kalah nyieun sagurat raheut dina dadana.

"Abdi gaduh keneh harga diri," cek Awit. Naon atuh ari harga diri teh? Breh beungeut Hayatun, awewe P nu diasong-asong ku Obos ka manehna. Peuting eta saperti sasari pagawean awewe kawas manehna, Hayatun ge maturan Inu. Tapi basa ku Inu diajak ngobrol, manehna ketus naker nyarekan.

"Upami teu purun amengan mah, mangga wae mulih. Abdi moal ngical ka nu teu puruneun. Abdi gaduh keneh harga diri," pokna.

Ku pagawean kitu ge, cek pikiran Inu mah Hayatun teh teu bogaeun harga diri. Tapi geuning pokpokanana mah cenah boga keneh harga diri. Breh deui beungeut Lucia, anu dibawa ngurilingan Bandung basa rek dibayar teh kalah kieu pokpokanana, "Ari teu kersa kulem sareng mah, teu kedah masihan artos, abdi ge gaduh harga diri," pokna. Harga dirina teh kapan lima welas ribu sapeuting. Tapi dibayar saparapatna, pedah teu di kua-kieu, pokna teh boga harga diri.

Awit oge nu sakitu gampangna digadabah lalaki, henteu barontak basa ditinggalkeun indit ku lalaki teu tanggung jawab teh. Sakitu gampangna dikawin ku jelema nu teu mais teu meuleum, gelenyeh someah sangkilang teh weleh diketusan, naha make nyebut boga keneh harga diri basa rek diheureuyan. Teori Si Obos teh salah lebah dieu mah. Pajar nyeri hate ku awewe ubarna kudu ku awewe deui. Lain awewe nu kitu piubareun mah. Teori ngeunaan Awit geus salah deui wae. Wirang, boro ngagampangkeun. Boa cek Awit teh ari bareto pura-pura lungguh, ari ayeuna cunihin. Leungit harga diri aing teh. Kabogoh direbut batur, cicing. Dikawinkeun ka awewe urut batur, cicing. Ayeuna dihina ku Awit piraku rek cicing deui. Taya deui jalan iwal ti kudu gancang diberesan. Tapi naha bet nyeredet basa silih teuteup teh. Enyaan widadari geuning Awit teh. Paingan cek Si Obos. Naha atuh ari bareto henteu katara. Pedah keur sakitu deudeuhna ka Mila meureun. Awit teu butuheun cenah ti bareto ge ka manehna teh.

Harga diri...harga diri. Buukna dijenggut lalaunan. Kojengkang hudang. Kop kana roko, cekes disundut. Nyot diseuseup, serebung haseupna ngelun. Gek diuk dina biwir ranjang, tonggong diganjel ku bantal. Breh beungeut Awit nembongan. Hatena teu pupuguh ratug, tara-tara ti sasari. Pamajikan aing eta teh, resmi ngarengkol dina buku nikah. Tapi kapan cenah teu butuh. Jelema beunghar kawas Awit pimanaeun butuh atuh. Ih kasebelan. Breh beungeut Hayatun. Manehna nu geus biasa ngajual kahormatanana. Bray beungeut Ira nu kekeleyeran sabot nu miarana keur balik ka pamajikanana. Awewe ge cek manehna sarua jeung lalaki, butuh ku kaasih kadeudeuh. Matak nguntup ka Awit. Awit nu geus ngasaan endahna cinta, geus tangtu bakal ngarep-ngarep datangnya deui. Tapi geuning cenah teu butuh, teu butuh.

"Nu, geus hudang?" sora Obos ti kamar gigireunana.

"Enggeus," tembalna. Bray panto kamarna muka. Sup Obos asup mawa cai kopi dua gelas. Sok diteundeun luhureun lomari leutik.

"Kumaha Awit teh, engeus?" cek Obos.

"Enggeus naon?" cek Inu. Serebung haseupna ngelun.

"Gumurih nya?"

"Lain gumurih, sumebel," cek Inu ketus.

"Naon sumebel teh?"

"Sumebel teh keur meujeuhna pikasebeleun."

"Naha kitu ku naon?"

"Nampiling."

Obos diuk dina biwir ranjang papahareup. Gelas kopina dibawa, biwir gelasna ukur diteken ku tungtung curukna, pisinna ditanggeuy. Surupuuut! Peureudeuy panonna meureudeuy. Suruput deui sasuruput. Haseup laleutik tina cai kopi katenjo ngaliwat kana irungna.

"Na dikumahakeun?" cek Obos.

"Enya cek urang teh...," derekdek Inu ngadongeng. Tuntas ngadongeng, Obos nunda gelasna, barakatak seuri bari ngagulingkeun maneh kana kasur. Dug ngagoler.

"Ari ente bodo-bodo teuing nyanghareupan awewe teh, Nu," omongna. Diasongan Ira kalah dipapatahan. Kudu nyaho atuh. Siga sayah...bogoh ka Ana, nu geulis di Sastra Inggris tea. Mimiti deukeutan sobatna. Kanyahoan resep kana angkrek. Geuwat maca sabangsaning buku angkrek. Der deukeutan, pek ngasongkeun pasualan angkrek. Puguh kaanggo. Datang ka imahna mawa angkrek. Lucu cek manehna teh. Sakali dua kali nganjang, beunang we hatena. Geus beunang hatena kakara nu matak nyehatkeun awak urang."

Inu ukur mesem. Ras inget basa babarengan jeung Mila. Teu make taktik kawas si Obos. Kakara karasa enyaan Si Obos mah pinterna. Bisa pisan nyanghareupan awewe teh.

"Ka Awit ge kudu kitu. Ari bareto keur kawas nu merean diantep, atuh puguh kagentak. Jelema biasa judes, ieu ujung-ujug ngomong kitu. Dasar kalde..." Barakatak Obos seuri babarakatakan. Inu ukur ngajentul.

"Ayeuna hayang ka nu kumaha ente teh. Ku sayah geus dibere nu harebatna wungkul, angger bodo."

"Geus weh Bos ah, pareuman. Teu bisa kikituan teh, euy."

"Nu matak ge kudu tumut kana papatah sepuh. Diajar harak ti bubudak, licik ti leuleutik. Geus gede tinggal nipu. Ieu mah ngan ngagugulung papatah indung we. Enya cek indung silaing, anggap awewe teh kudu kawas Ema. Ente ge kudu kitu. Kudu kawas ka indung ka awewe teh, ngenta duit nanaon," cek Obos. Inu seuri.

"Geus cageur nyeri hate ku Si Mila teh?"

"Teuing atuh, da seuseuiteun wae euy."

"Dek dibere mojang ayeuna mah ku sayah. Rena...wah ampir sarua geulisna jeung Si Mila geura. Daek?"

"Kumaha mun ituna embungeun?"

"Daekeun. Kamari ieu puguh nanyakeun. Saha cenah Kang Obos mani kasep?"

"Na kasep kitu urang teh, Bos, euy?"

"Kasep...ngan bodona katotoloyoh."

Inu seuri. Kuntung rokona dialungkeun kana liang jandela. Kop kana cikopi anuna, regot diinum saregot. Panonna peupeureudeuyan. Sok diteundeun deui.

"Kuliah, Nu?"

"Teu purun, ah."

"Aya budak jurusan Antropologi geura, nyentrik euy. Nyeni."

"Gandeng ah, kawas ka budak wae. Geus waktuna mah sayah ge kudu bogoh, nya bogoh we teu kudu dialas ku silaing."

"Sukur we, ngan ulah nepi ka gering nangtung euy. Sayah mah karunya ka ente teh, embung ari sobat kudu ngalaman gering nangtung kawas sayah mah."

"Nya kungsi silaing kitu deuih?"

Obos ngeluk tungkul, teu lila unggeuk. Inu neuteup lila. Bray beungeut Mila, tapi ngan sapersakitu menit, kalindih ku beungeut nu anyar...Awit.

"Sayah teu ngabibisani ka ente. Da sayah ge bareto kitu atuh. Nyeri teh euy bebene direbut deungeun teh. Hadena ku kolot diaping, teu nepi ka poekeun, euy."

Inu seuri. Golosor awakna ngagolosor, tuluy ngagoler deui. Rup nuruban maneh ku simbut. Obos cengkat. Tuluy luncat turun tina enggon.

"Sayah mah rek kuliah, ah..."

"Jig we, ke urang nanyakeun ka maneh."

"Bisi rek dahar, liwet dina panci leutik, Nu," cek Obos.

Heuleut sababaraha lila, Obos ka luar ngajingjing map. Gerung motorna kadenge di buruan. Teu lila kereles teu katembong deui.

"Ti kapungkur ge teu butuh," cek Awit. "Abdi teu kiat nandangan kapanas ati," cek Mila. Mila jeung Awit ayeuna mah sarua deukeutna dina hate. Nu saurang tereh jadi boga batur, nu saurang deui geus jadi anuna, tapi hate can gembleng ngahiji.

Asa susulapan hirup teh. Asa dina dongeng kajadian kitu kudu karandapan ku dirina. Cai kopi dina gelas dirongkong, bari cengkat sakeudeung. Regot diinum disakalikeun.

"Iraha urang beberes?" cek manehna ka Awit. Enya iraha? Ayeuna mah eta pananya teh ditujukeun keur dirina. Bet asa ngadadak teu tega. Tapi kapan cek Awit ge manehna mah ti bareto ge teu butuheun ku Inu, teu butuheun.

"Cep Inu...!" cek ti luar. Inu ngorejat, da apaleun eta teh sora nu boga imah. Lung simbutna dialungkeun. Kop kana calana panjang nu ngagantung, rap dipake.

Gura-giru ka luar. Kasampak awewe tengah tuwuh teh keur nyenyekel surat.

"Ieu Cep Inu, kamari sonten Ibu nampi serat teh, ngan hilap, mani nembe ayeuna disanggakeun. Mangga ieu!" Sok surat teh dibikeun.

Inu maca alamat surat tea. Tetela tulisan Yuyum. Breh beungeut adina. Geus lila teu papanggih. Asa hoream kudu datang ka Garut teh. Bongan hate acan lipur. Bongan asa diheulang. Direbut kaasih, teu nyaho sabab-sababna pisan. Jeung suratna teh lain menta pertimbangan tapi neukteuk mere anggeus pisan.

Surat dibuka, breh nu ngirimna, Yuyum, adi nu ngan hiji-hijina. Nyaah ka Yuyum teh, nyaah pisan...

Kang Inu....

Ku naon sih mani ngampleng. Teu resep Yuyum mah gaduh lanceuk epes meer. Atuh asa meunang Ceu Mila teh kitu mah. Kang Inu, Ema sareng Yuyum nampi serat ti Kang Inu yen ngalih ka bumi Kang Obos mani reuwas. Naha tos pepegatan sareng Ceu Awit teh? Minggu ieu Ema sareng Yuyum bade ka Ceu Awit, Kang Inu kedah sareng, nya. Yuyum bade ka Bandung teh bade ka bumi Kang Obos bae, sareng engke ka bumi Ceu Awit.

Serengeh Inu seuri. Abong budak ogo, dina surat ge angger we ogo. Ku hayang geura gok jeung Yuyum teh. Kacipta dina kalangkang ingetanana, Yuyum jeung indungna datang ka dieu, rek nyampeurkeun ka imah Awit. Teu butuh cek Awit, teh butuh ti bareto ge. Nanaonan indungnya make rek neang. Nu diteangna oge kawas moal atoheun.

Kang Inu, saleresna Yuyum teh tos ti kapungkur ningal Ceu Mila sok sasarengan sareng pameget teh. Ngan saur Ema ulah ditepikeun ka Kang Inu, bisi pikiranana kaganggu, karunya heg keur sakola. Alesan wungkul Kang Inu, pajar pedah kang Inu nikah ka Ceu Awit teh. Sapertos kaunggel dina serat Kang Inu kamari. Padahal mah ti memeh Kang Inu nikah jeung Ceu Awit ge, Ceu Mila teh tos sering sasarengan sareng pameget nu pajar emangna teh. Bumina ge di Bandung, cenah Kang Nu. Leuh ayeuna ge mani rame di bumina teh, wargi-wargina karempel. Hawatos ka Ema ningkreb anjeun we di kamarna. Nangis wae ningali Ceu Mila bade tunangan teh. Ku Yuyum dibeberah, keun bae sanggem Yuyum teh, ari walerna teh, Karunya anak Ema, abong kena malarat mani ditoker. Ayeuna boa puguh boa henteu daharna Si Ujang teh. Mani langsip salirana ngemutan wae Akang. Akang kedah emut ka Ema. Naha make eleh ku si Centil? Lantaran Kang Inu alim ningali Ceu Mila, Kang Inu tega ngantep Ema teu damang lantaran sono ka Akang.

Inu ngaheruk. Mun awewe mah geus segruk ceurik meureun maca surat ti Yuyum teh. Kutan indungna ge milu nyeri ku kajadian kieu teh. Naha atuh ari aing ngadon jig ka ditu jig ka dieu ngabangbalerkeun hate. Nyeri ku Mila, asa diteungteuinganan. Teu inget yen bakal sakitu gedena pangaruhna ka nu jadi indung.

Alesan, alesan cek Yuyum ge alesan. Dosa atuh ari kitu mah ka Awit. Lain salah Awit, Mila milih lalaki sejen teh. Memang geus bawana awewe toloheor Mila teh, anu tega nukeurkeun kaasih ku dunya. Awit, hampura Kang Inu. Bray lalakon basa munggaran papanganten. Ketus pisan manehna nyarekna ka Awit teh. Terus kajadian ti poe ka poe. Salawasna dijudesan, diketusan. Tapi manehna teu weleh sabar, teu weleh ngajenan. Angger sok nanya sanajan geus yakin bakal ditembalan ku ketus. Deudeuh teuing Awit teh. Tapi kapan cek Awit ge teu perlu, ti bareto ge teu perlu. Hmh...awewe...awewe..., sakabehna ge ngan nimbulkeun karudet wungkul. Mending beresan kabeh, bebas, moal aya pikiraneun.

Kang Inu, omat nya ulah ka mamana, Yuyum bade ka ditu. Hoyong ningal putrana Ceu Awit. Geulis meureun, nya. Kang Inu ulah reuwas Yuyum terang putrana Ceu Awit istri teh ti Ceu Awitna ku anjeun. Da cenah Kang Inu mah tos ampir sasasih tara ka bumi. Ka mana wae Kang Inu teh? Hawatos Ema we beuki seueur emutan. Kintunan katampi, nuhun.

Sono Yuyum

Surat ditilepan. Ema, aduh hapunten Inu teh Ema. Keur dina kaayaan poek Inu neangan pangeunteupan. Inu milih katengtreman hate teh ayana di istri. Tapi kapan nyatana mah henteu. Ti Ira ka Hayatun terus ka Lucia, hostes di Balero Club, terus Anita mojang nu hayangeun ti bareto batur sapakultas, terus ka Rini, terus Lastri, terus ka Tina, tapi katengtreman hate teh henteu kapanggih. Angger hatena barontak menta kaasih kawas kaasih Mila bareto. Maranehna, awewe-awewe nu kungsi diajak ulin kabeh boga sagala nu aya di Mila. Ngan maranehna teu bisa mere kaasih saperti kaasih Mila, ti dirina jeung keur dirina. Eta nu hese diatur teh. Kaasih, kadeudeuh nu tara ngitung rugi. Nu tara pupuntenan heula, nu tara gampang leungitna. Micinta teh lir peperangan. Gampang dimimitian, tapi hese rek ngeureunan.

Yuyum rek ka dieu. Kudu kumaha? Naha moal meunang panghina ti Awit? Naha moal asa kapake Awit teh diteang ku indungna jeung adina. Naha Awit make nanyakeun, make nyuratan sagala ka indungna jeung adina, pedah geus wawuh kitu?

Mun bener caritaan Yuyum, tetela kitu mah Awit teh teu dosa. Lain, lain Awit nu ngancurkeun hirupna teh, tapi Mila...Mila. Hampura Awit, hampura Kang Inu.

Tapi cenah Awit ge teu butuheun ku manehna, teu butuh cenah di bareto ge. Ana kitu mah teu perlu mikanyaah nu lain. Ema jeung Yuyum nu butuheun ku aing mah. Tetela eta mah, yakin geus moal hamham deui. Tapi da yakin deuih Ema jeung Yuyum mah moal bisa mere kabungahan kawas Mila ka manehna.

"Lah...bodo-bodo teuing, mending ulin," cek Inu. Jung manehna cengkat, terus kukuliatan. Derekdek matekan ramo-ramo suku jeung leungeunna. Tapi basa rek nyokot anduk, kolebat nu boga anduk nembongan. Awit. Breh karasa angenna ratug. Sono naha...enya sono, hayang panggih jeung Awit. Asa aya gaganti Mila nu bisa ngeusian hatena. Tapi kapan sakitu sombongnya Awit nyebut teu butuh cenah. Naha rek dikamanakeun harga diri aing teh? Hayatun ge awewe bangor bogaeun harga diri geuning. Anduk diturubkeun kana sirahna. Breh nu bogana. Teu butuh, teu butuh...! Geblug deui Inu meubeutkeun maneh. Sup sirahna nyusup kana jero bantal, kawas nu teu hayangeun nenjo panonpoe nu beuki lila beuki manceran. (*)

Sambungan ti Bagian 8 Nyambung ka Bagian 10

Aam Amilia

Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 9) Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 9) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.34 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.