Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 10)
Buuk Ira kusut awut-awutan, direret sakeudeung ku Inu. Manehna diuk dina sisi ranjang. Tuluy tungkul bari nangkeup gado. Buukna dijenggut tarik. Awakna karasa lungse pisan.
"Rek eueut In?" cek Ira. Inu ngalieuk, terus gideug. Awak Ira nu koneng mulus teu katuruban benang salambar. Ayeuna aya jeroeun simbut, jadi tanda tas aya kajadian naon cikeneh antara dirina jeung awewe piaraan Ben teh.
"Inu nyesel?" cek Ira deui.
Nyesel? Ari neysel teh kaduhung. Kaduhung kitu aing teh? Peuting ieu leungitna kasucian dirina teh, cikeneh. Simbut nu awut-awutan jeung sepre kumusut jadi saksi pego.
"Ngomong dong...! Inu nyesel yah?"
Kaduhung? Naon hartina kaduhung lamun sagalana geus kalarung? Teu nembalan, jung nangtung, daligdeug-daligdeug. Awakna karasana asa kosong, taya tangan pangawasa. Kop kana papakeanana nu ngalumbruk dina luhur korsi. Rap dipake.
"Inu...! Ira tahu. Inu cowo baik-baik, maapkan Ira," sora Ira. Angger dituruban simbut kandel. Nu katenjo ukur tina lebah dadana ka luhur. Lampu reyem-reyem diganti ku lampu nu caang. Breh kalangkang dirina dina kaca toilet. Kasep...kasep pisan. Sanajan naon hartina kaleungitan kasucian teh pikeun lalaki mah, tapi aya nu nyeredet jero hatena. Teu sangka sacongo buuk dirina bisa ngalakukeun hal ieu. Anu samemehna ku manehna dianggap haram, dianggap pagawean nu mengpar tina agama jeugn darigama, kiwari dilakonan.
Hiji-hiji kancing kamejana diasupkeun kana liang-liang kancing. Kerahna dibebener cicingna. Kop kana sisir. Serewuk-serewuk nyisiran. Leng sirahna karasa lieur. Gek deui diuk dina sisi ranjang. Sapatuna digusur tina kolong tempat sare. Kop kana gulungan kaos kaki anu disesepkeun kana sapatuna.
"Inu...! Ira nyaah ka Inu. Ira nyaah ka Inu. Hampura Ira...!"
Tapi Inu jongjon masangkeun kaos kakina. Suku kencana ngangkat ka luhur. Kaos kaki dibebener.
"Dina masa hidup Ira, kakara ayeuna Ira bahagia. Ira asa manggihan deui bahagia nu bareto kungsi leungit. Inu, ari Inu nyaah teu ka Ira?"
Inu ngarandeg. Nyaah? Na nyaah kitu manehna ka Ira teh? Ari nyaah teh deudeuh. Rasa deudeuh nu kungsi ditamplokkeun ka Mila bareto euweuh keur Ira mah. Manehna resep, sawajarna lir hiji lalaki ka awewe. Resep lantaran kajurung ku hiji pangabutuh. Lumrahna lalaki ka awewe.
"Inu...! Ira sayang, Ira sayang...!" Karasa sirah Ira. Ira nyarande dina tonggongna. Inghakna mimiti kadenge. Ira sayang cenah. Hayatun ge cenah tibelat ka manehna teh, Ina ge, Ati ge, Mince, Hadiati, Ruba'ah, jeung nu sejenna, tapi kapan Mila mah ninggalkeun. Awit ge teu butuh cenah.
Bel kadenge ngirining, teu lila kadenge gerung mobil asup ka pakarangan. Inu ngarenjag, jung nangtung. Teu pupuguh awakna nu tadina lungse teh asa aya tanaga.
"Ben..." cek Ira ngaharewos.
"Kumaha atuh, Ir...?" Bray beungeut nu ngaran Ben teh, kolot gembrot tapi dedeg. Inu nyekel awak Ira, simbutna ditarik.
"Ira...! Ben, Ira...! Ben..." pokna arapap-eureupeup.
"Kalem...kalem, boy!" cek Ira antare.
Kop kana baju nilon nu ngalumbruk, rap dipake. Terus mukakeun panto tukangeun erak sapatu, dituturkeun ku Inu. Bel kadenge ngirining beuki kerep. Ti panto tukang teh brasna ka luar, terus ngaliwatan pakarangan. Di benteng tukang aya panto leutik. Bray dibuka. Geuwat Inu ka luar. Plong hatena ngemplong.
"Bye...!" cek Ira, salse we nutupkeun deui panto. Jalan rahasia. Dasar awewe buaya. Teu siga-siga, tukangeun erak sapatu nu ngahunyud teh aya panto. Tangtuna ge paragi kabur jajaka-jajaka iseng nu kungsi ngasaan sare jeung Ira.
Panto tukang teh brasna kana lulurung tukangeun imah. Inu leumpang lalaunan jeung ati-ati, da paroek. Ngan hadena lulurung teh teu panjang. Kaburu tepi ka jalan gede. Inu ngareret ka sisi ka gigir. Peuting geus kacida simpena. Beca ge ukur aya hiji-hijieun. Mobil sakapeung-kapeungeun aya nu ngaliwat, selang-selang jeung berebetna motor.
Kudu ka mana nya balik. Si Obos euweuh ka kolotna. Hanjakal teu mekel konci. Da tadina rencana teh rek ngendong di Ira. Inu ngareretan ka tukang. Mun pareng aya jelema nu nenjo ka manehna, gebeg ngagebeg, sieun kaperego, sieun titahan si Ben. Leumpangna beuki ngagedig, sanajan awakna mimiti karasa lungse. Leng lieur, teu pupuguh. Basa aya beca ngaliwat, geuwat digeroan. Breh dina ingetanana imah Awit. Balik ka Awit wae kitu? Dikamanakeun beungeut, wawanianan datang deui ka imah Awit. Ari rek maksakeun balik ka imah sok sieun...sieun Si Ira kaperego tas tataeunan, terus diguliksek ditanya, heg Ira ngaku. Meureun dicerek dibawa ka imahna. Tangtu kana dicehcerna beungeut teh. Saleuheung ku awak ruksak, orokaya harga diri, meureun pada ngeyeh. Si Inu cenah meureun tas guleuy jeung tante girang katewak. Gusti...!
Ah bae rek ka imah Awit wae. Da ari ngendong di babaaturan, rumasaeun tadina ge tara sare di sagawayah tempat, kuriak wae babaturanana nyieun curiga. Teu karasa biwirna engab nyebut alamat imah Awit. Kumaha engke, nu penting peuting ieu salamet. Hiliwir angin, nebak kana jaruji beusi beca. Nyelesep hawana kana tonggongna, tiis...nyecep. Breh kajadian anu kakara karandapan bieu. Gebeg hatena ngagebeg. Gustiii...naha dugi ka kieu abdi teh, hatena jumerit.
Kotor, pinuh kakotor, ngadablog dina dirina. Hayatun, awewe tuna susila geus kungsi dibawa ulin. Ira pamajikan batur. Ani tunangan nu sejen. Na ku naon atuh aing teh mana teu bisa ngawasa kahayang hate, teu bisa ngadalian napsu? Buukna dijenggut, tarik. Kawas hayang nyoplokkeun sirahna tina awakna. Inu ngarahuh. Aya nu neken kacida beuratna dina jero hatena. Beurat...beurat pisan.
"Palih mana, Den?" sora tukang beca mulangkeun pikiranana. Teu karasaeun geus tepi ka jalan tempat imah Awit. Inu nengetan unggal mah. Breh bae imah Awit nu gedong sigrong. Teu boga cedo daek unggah ka imah Awit teh, tapi matak naon dadaku kakara tas ti Garut, sakalian muguhkeun rek kumaha tuluyna jeung Awit teh.
Reg beca eureun sanggeus diparentahkeun ku Inu. Jrut Inu turun. Imah teh kacida tiiseunana. Pavilyun tempat Awit ge paroek mani meredong. Geus sarare tangtuna ge, da ieu teh geus peuting. Tapi tepas hareup mah caang keneh. Lalaunan Inu nece kana teras tepas hareup, nu ngablak lega jeung herang. Bel dipencet. Can ge tamat bel nu ngalagu teh, bray manten panto muka.
"Cep Inu?" breh beungeut indung Awit, bray panto dibuka kabeh. Inu ngajanteng. Era, era pisan manehna papahareup jeung indung Awit teh.
"Yap ka lebet!" pokna. Inu nurut, gek diuk dina korsi nu pangdeukeutna jeung panto. Luk tungkul, nyah tanggah.
"Mulih ti mana wengi-wengi teuing ka dieu teh?"
"Nu mawi ti Garut kawengian, Tanteu. Ari kaleresan rerencangan sakamar teu aya. Isin-isin ge ngagedor ka dieu," pokna. Bohong, bohong gede tateh. Aing jadi pinter ngabohong, pinter ngolo, da bongan cek Si Obos lalaki teh lalanang jagat. Sagala ge wenang lalaki mah.
"Puguh Tanteu teh keur mikiran nasib diri..." pokna semu rumahuh. Ret Inu kana beungeut indung Awit, katara carindul siga tas ceurik.
"Aeh, hayu urang ka lebet, lapar meureun, heg tos ti Garut."
"Sawios Tanteu, nembe neda di jongko..." pokna. Geus wadul deui wae. Kapan tadi tas dahar bareng jeung Ira, dipupujuhkeun, sagala diaya-ayakeun.
"Nya atuh urang ngaleueut-leueut," cek indung Awit bari jung nangtung leumpang ka jero, dituturkeun ku Inu. Di tengah imah, indung Awit ngajakan diuk teh. Gek duanana diuk papahareup. Ari indung Awit diukna dina korsi panjang. Teu lila jung deui nangtung, nyokot cangkir tina lomari antik nu ngabagug di juru.
"Bade kopi, Cep Inu?"
"Teu kedah ngarerepot, Tanteu..." Tapi indung Awit kawas teu hayangeun deui ngadenge omongan Inu, da terus ka tukang mawa dua cangkir tea. Inu ngarahuh. Rarat-reret ka luhur ka handap. Cikeneh tas dipupujuhkeun ku Ira, ayeuna dilaladenan deuih ku indungna Awit.
"Senaaang jadi jelema kasep mah Nu, loba nu bogoh kuduna mah, na ari ente kakasepan teh anggur teu digunakeun," cek Si Obos. Ku pinter nyaritana Si Eta, nepi ka iman nu ipisna alah batan lawon nilon teh rangsak, ragas, uduh, malah ancur pisan. Peuting ieu ancurna pisan teh, tadi...can lila.
"Puguh Awit teh ngalih, Cep Inu," indung Awit norojol, mawa cai kopi dua cangkir. Sok diteundeun dina luhur meja. Pindah? Hatena ngareunteut ngadenge Awit pindah teh. Na pindah teh pindah ka mana? Piraku geus kawin deui mah, kapan jeung manehna ge can resmi pepegatanana.
"Ngalih ka mana Tanteu?" pokna.
"Nyeta atuh Cep Inu, keur anak ngan sasiki teh hayoh embung padeukeut. Jeung mani ngesek-ngesekkeun ka Tanteu memeh pindah teh. Dileueut Cep Inu!" Cikopi diasongkeun. Jung nangtung deui, bray mukakeun panto lomari antik nu handap.
"Nyeri Tanteu teh, Cep Inu!" Panto lomari ditutup, leungeunna ranggem keler dua laleutik. Geuwat diburu ku Inu, sok dibantuan nunda dina meja harepeunana.
"Rumasa Tanteu teh kungsi poekeun, percaya ka nu lain-lain." Luk tungkul. Kerelek tikorona neureuy ciduh. Lila Inu neuteup.
"Bareto...Awit teh kungsi udur ripuh. Ku Tanteu ditatambakeun ka mamana tapi panyakitna teh dengdeng wae. Antukna Tanteu ngadongkapan dukun lepus nu harita tos kakoncara. Ari sanggem dukun teh umur Awit ngan dugi ka salapan welas taun. Tanteu percaya, komo sanggeus dokter nyebutkeun aya gejala-gejala kanker otak. Tapi Cep Inu..." Reg ngarandeg, nyokot heula keler, diasongkeun ka Inu. Kop Inu nyokot kueh hiji.
"Tanteu bodo...! Tanteu bodo...!" Keler diteundeun. Lek deui neureuy ciduh semu seuseut.
"Tanteu percaya.. lur bae Awit dilurkeun. Cek pikiran Tanteu sina seubeuheun heula ngarasakeun ni'matna dunya. Tapi Cep Inu, sagalana nyalahan. Gejala kanker otak, cageur teu sakara-kara. Ramalan dukun nyalahan. Tanteu disiksa ku perasaan sorangan. Sabab gok tepung jeung Awit ras kana pondok umurna. Ari minggu kamari maksa hayang ngalih, hayang imah-imah sorangan, bongan cenah Mamih mah ka Awit ge teu bisa ngawarah...ngantep. Nyeri teh Cep Inu. Komo ngadangu dongeng ti Awit, cenah Cep Inu sering jubras-jebris, taya pisan ajen diri cenah. Awit teh tong diganggayong, Cep Inu! Enggal bae bade diberesan mah!"
Inu teu nembalan, bray lalakon ka tukang narembongan deui. Jaman manehna masih keneh dicalana pondok, diaku, ngarereb di imah Awit. Harita aya mojang leutik dibaju bodas, dipita beureum, buntut kuda dua. Ancul-anculan buukna lamun keur lumpat. Tepung deui sanggeus pada dewasa, dina kaayaan anu matak ngenes.
Peuting beuki simpe. Indung Awit angger keneh ngadongeng, tapi aneh teu kadengeeun ku Inu. Nu kaciri teh ngan belegedegna hiji dedegan, imut pinuh kasedih...Awit. (*)
Sambungan ti Bagian 9 | Nyambung ka Bagian 11 |
Aam Amilia