Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 11)
Jalan Lalayu Sekar...
Ku alus ngaran jalan teh atuh, muitis. Sanajan hartina mah kacida gorengna, urut, geus deukeut-dekeut ka buruk.
Panon Inu nataan gang-gang leutik anu kaliwatan ku becana, heuleut sababaraha imah, ajeg patok luhur plang ngaran jalan.
Can lila Awit teh pindahna. Ka jalan Lalayu Sekar, beh dieueun lapangan terbang. Kawas anu ngahaja ngajauhan tempatna bareto. Kawas anu hayang mopohokeun dayeuh Bandung, lumpat ka sisi. Cenah geus meunang pagawean. Ku babari atuh meunangna pagawean. Geus tangtu menang pitulung ti babaturan bapana.
Cek indungna ulah diganggaong Awit teh. Cek indungna Awit ge, geura beresan Awit teh, karunya asa diteungteuinganan, asa dihina ku Inu teh. Ti indungna Awit, Inu nampa beja yen indungna teu tulus neang, tangtu nurut kana panyarek manehna. Tapi cenah teu jadina tea nambahan raheut hate Awit.
Pinuh ku rumasa Awit nyingkahan kota Bandung, kota nu pinuh sajarah keur dirina, ngadeukeutan pasisian, najan masih di Bandung keneh. Naon atuh nu kudu dicaritakeun ka Awit.
Sanggeus nyaho kasang tukang kahirupan Awit, teu pupuguh hate Inu make hayang ngahampura kana codeka nu geus dipigawe ku Awit bareto. Sanggeus kajadian peuting harita jeung Ira, piaraan Ben, kakara karasa benerna caritaan indungna, yen manusa teh sok keuna ku owah gingsir. Iman nu ipis sawaktu-waktu hese dibebenerna, kawas dirina. Tada teuing nyerina hate lamun kalakuan nu ngan sakali-kalina teh disamarutkeun, dianggap kabiasaanana. Saperti dirina nu tadina ngarasa suci, ngarasa beresih ngece Awit. Ayeuna sanggeus kajadian demi kajadian kaliwatan ku dirina, kakara kaharti naon hirup teh.
"Ieu Gang Lalayu Sekar mah, Den," sora tukang beca ngahudang lamunanana.
Inu ngarenjag. Beca eureun, jrut manehna ge turun. Creng mayar bari ngaluarkeun keretas sacewir tina saku kamejana. Nomer imah Awit teh diapalkeun, sup deui keretasna disakuan.
Gang teh tiiseun jeng beresih. Unggal imah kawas badami melak tangkal baluntas di hareup buruanana. Inu nelek-nelek unggal imah. Dadana neyblak basa ngadenge kapal sorana ngaguruh tarik pisan. Inu tanggah. Astagfirullah, kapal teh mani gede jeung deuekut pisan. Kakara inget imah sewaan Awit teh deukeut pisan lapangan terbang. Manehna imut bari ngareretan deui jajaran imah. Breh wae nomer imah teh. Teuteup Inu neumbag kana popok-popok bodas nu ngarumbay katebak angin leutik. Geus tangtu popok orok Awit keur dipoe.
"Den...! Aeh..., Aden...!" Nini-nini keur milihan beas teh ngagorowok basa panonna paadu jeung Inu.
"Oyoooh...! Buka panto, deuleu dunungan sumping!"
Ngadenge gorowok nini-nini nu keur milihan beas teh, hate Inu ngaleketey. Asa rek balik ka bali geusan ngajadi. Asa rek nimu katengtreman ati. Kulutrak panto hareup muka. Teu pupuguh hate Inu sumeblak. Ratug angenna ngerepan. Hayang geura gok jeung Awit teh. Rek menta dihampura, tina kalakuan nu geus kajadian basa tepung pameakan. Tapi...euweuh geuning Awit mah.
"Ari Awit ka mana, Ma?"
"Ngantor Enden mah..."
Inu teu papanjangan. Lalaunan nutupkeun panto hareup. Basa bray mukakeun panto kamar, hatena teu pupuguh nyeredet. Asa kahudang kasono anu lawas leungit teh. Kasono ka diri Mila teh bet di dieu aya gantina. Lain di Hayatun, lain di Ira, lain di Anita. Di dieu geuning, dina pangsarean Awit.
Seungit talek nyelesek kana irungna. Nyababkeun aya rasa nyaah anu suci, nu kakara kaalaman. Inu ngeteyep ngajugjug bok leutik anu dituruban ku kulambu sutra. Lalaunan dibukakeun. Breh aya beungeut suci. Beresih teu boga dosa. Selengseng seungitna nurihan hatena.
Geus tangtu Ina mah teu tuah teu dosa, teu hayangeun dirina ngajirim di ieu dunya. Lahirna lantaran sareat dua jelema anu keur ngahijikeun asih birahi. Kawas dirina nu poho jeung Ira peuting harita. Mun seug dina diri Ira aya nu jadi wawakil, tangtu bakal aya mahluk nu sanasib jeung Ina. Naon dosana manusa nu ayeuna keur ngagoler teh. Dosa temen mun diri neuteuli, ngaharamkeun hadirna di antara manehna jeung Awit...deudeuh.
Budak obah basa dicekel irungna. Roroesan rosa. Ku Inu ditoel deui lebah sisi biwirna, nyeh imut. Teu kawawa budak dirawu, diteuteup lila naker. Roroesan leungeunna teh, matak lucu, matak kayungyun. Gusti nurunkeun rahmat, Gusti nurunkeun rahim. Tanaga nu luar biasa diturunkeun ka orok mana wae oge, tanaga nu teu katara ku panon, tanaga pikeun narik ati, narik kadeudeuh ka sing saha wae nu bakal neuteup. Ngan dina diri manusa nu teu mibanda rasa manusa nu moal mikanyaah orok mah.
"Ina...!" cek Inu. Indung Awit nu ngadongengkeun Ina teh. Naha Awit mere ngaran teh bet deukeut pisan kana ngaranna. Naha pedah inget bae kitu ka manehna. Atawa ngarah siga anakna?
Budak diambung, kerewek irungna dicekel. Belenyeh seuri. Inu ge seuri. Budak diakeup diayun...alon. Bray panto kamar muka. Inu ngalieuk. Beungeut dua nini-nini di lawang panto bangun hookeun.
"Enden Ina dipangkon ku...," cek Ma Oyoh bari ngareret ka Ma Uti. Inu imut ngagelenyu. Budak diambugn deui.
"Dipangkon ku Apa, nya Ina?" cek manehna teu asa-asa.
"Ku Apa...! Oyoh...beas kad...e ku hayam...," cek Ma Uti dareuda. Biwirna lewa-lewe bari nyusutan cipanon.
"Mo...al da geus...di...am...pih...keun..." Sreuk ngingsreuk.
"Aden moal tuang ayeuna?" cek Ma Uti.
Inu gideug, budak diciuman. Nini-nini nu duaan teh angger nangtung hookeun. Duanana diteuteup ku Inu.
"Ema..., damang wae Ema teh?"
"Damang Ema mah, ngan itu Si Oyoh nyeri panon."
"Tepa ti Ceuk Uti abdi mah."
"Enya...dikiihan cakcak cek Aceuk oge..."
Inu imut ngagelenyu, kagagas ku kasatiaan pangasuh teh. Indungna bareto nu jadi asuhanana teh, ayeuna anakna deuih. Kasatiaan, budi nu luhung teh sihoreng lolobana mah aya dina diri anu lahiriahna katenjona kawas nu bodo, tapi maranehna henteu ngarasa yen manehna teh berbudi. Sedeng aing nu ngarasa suci, naon hartina ayeuna. Sanggeus kajadian demi kajadian kalakonan ku manehna. Lantaran ngarasa diri teh kasep, unggal awewe nu diajak teh pasti daek, tunggul dirurud catang dirumpak, hadena kaburu katimu naon nu bareto diteangan teh. Gaganti Mila. Kaasih, kasono nu bareto ditamplokkeun ka Mila, katingtriman ati teh di dieu ayanna.
Sora kapal udara kadenge ngagulugur asa deukeut pisan. Inu geuwat ngeukeupan orok. Tapi orok teh angger wae bolotot, teu bangun reuwaseun. Ngok dicium. Buuk hareupna ragrag, luhureun embun-embunan budak.
"Henteu reuwaseun nya, Ma?" cek Inu.
"Moal, da tos biasa," tembal Ma Oyoh.
"Budak prihatin mah biasana ge sok gede wawanen geura," cek Ma Uti.
Budak diayun, tapi angger nerejel, diteuteup beuki lila beuki deudeuh.
"Tos waktosna emam, Den, eu...bisi ngompolan," cek Ma Uti bari ranggah. Lalaunan budak dipasrahkeun kana leungeun Ma uti. Dijembel lalaunan pipina nu montok.
"Jig emam heula nya, ke ka Apa deui. Naon emamna teh, Ma?"
"Cau atanapi mari."
"Eueuh..."
Duanana tinglaleos mangku orok. Inu diuk deui dina biwir ranjang. Teuteupna ngulincer kana sagala nu aya di kamar eta. Pinter geuning Awit teh, bisa mapantes salang surupna paparabotan, tepi ka katarana teh garenah jeung beresih. Calutak meureun pibasaeunana asup ka enggon batur. Komo mun nu bogana keur teu nyampak. Tapi naha Inu teu sing ngarasa asup ka enggon batur. Asa mulang ka tempat pangreureuhan nu geus lawas teu diteang. Tingtrim jeung tiis hatena teh.
Panonna eunteup kana boneka. Keur maleman panganten boneka teh ngan aya hiji. Eta boneka gede nu bulucun. Ayeuna mah jadi loba, lalucu naker. Ngajajar di jero lomari kaca. Papakeanana warna-warni. Bareto mah nenjo Awit sok nyonyoo boneka teh kacida teu resepna, asa bubudakeun pisan. Tapi geuning ari dijajarkeun dina lomari kaca mah lucu we nu aya. Teu sing kawas kaulinan budak leutik.
Handapeun lomari kaca teh aya erak dua susun. Inu katarik ku tumpukan albeum. Ngojengkang tina pangdiukanana, kop kana albeum nu pangluhurna dicokot. Bray lambaran munggaran dibuka. Potret Awit dina ukuran gede nu napel di dinya teh. Geulis, enyaan geulis Awit teh. Paingan cek Si Obos aing teh kalde. Da enya atuh, mun seug ayeuna papangantenan teh, kawas moal aya kajadian kieu. Harita mah estu dunya teh asa ngan dieusian ku manehna jeung Mila duaan. Kasatiaan nu suci keur hiji mojang, horeng teu bisa dijadikeun andelan pikeun ngeurad kanyaah hiji wanoja. Dunya nu leuwih kawasa mah. Nu bisa ngajirimkeun harti kanyaah. Kanyaah teu disartan ku dunya, ukur lamunan, wangwangan nu teu ngajirim. Tungtungna ukur seungseurikeuneun mojang kawas Mila. Kadeudeuh kaasih teh lain cukup ku dicaritakeun, tapi kudu dijirimkeun, dibuktikeun.
Bray deui lambaran albeum dibuka, potret Awit keur babarengan jeung babaturanana. Nyongcolang mun dibandingkeun jeung baturna nu sejen mah. Tangtu Awit ngarasa dirina geulis. Tangtu kana pada mikahayangna, pada muja, pada miharep. Munasabah lamun Awit ge ngarasa reueus. Indungna ngantep. Indungna ngantep teh lantaran nyaah, sok sieun pondok tea umurna. Albeum dibuka, ti lambar ka lambar, nepi ka lambar nu pamungkas.
Albeum nu eta ditunda, kop kana albeum nu handapeunana. Kakara bray lambaran munggaran Inu ngagelenyu imut. Potret manehna keur kawin. Rada bangkenu panganten lalakina. Harita mah dunya teh asa heureut kabina-bina. Nu kacipta ambek Mila mun ngadengeeun manehna kawin. Ngan eta nu karasa teh. Harita mah can nyaho aya naon di jero kahirupan Awit teh. Can nyaho yen dunya teh pinuh ku rupa-rupa carita. Lir dikaribun halimun. Ayeuna saeutik-saeutik halimun teh peuray..., peuray. Najan can sagemblengna katenjo diri Awit teh, tapi ari samar-samar mah geus awas.
Gerung, mobil ngagerung eureun kawas di buruan imah. Inu norojol. Bray hordeng kamar dibuka. Breh tetenjoan anu matak ngahurungkeun sagedur seuneu dina dadana. Awit turun tina mobil, dituturkeun ku lalaki nu mangmawakeun babawaanana. Keteg jantungna karasa ngerepan. Naha aing teh make panas sagala nenjo Awit reureujeungan jeung lalaki? Naha?
Tuh, seuseurian bangun nu ngeunah. Bray Mila dina sawangan. Breh Ira. Awewe, tiluanana ge awewe, ukur satia hareupeunana. Ukur satuhu sabot deukeut.
Albeum nu dicekel dibantingkeun kana tempatna. Ngalungkeunana nyabet kana tampolong antik dina deukeut suku lomari, kadenge sorana ngilu ngaguling. Panon Inu teu ngiceup neuteup nu ngobrol di buruan. Mun asup, moal asa-asa dipepeg tah bangusna lalaki nu kumawani heureuy jeung..., jeung...pamajikan aing. Pamajikan aing? Na enya kitu? Sanajan lahir kakurung ku tikah, kapan batin mah encan? Tapi da hakekatna mah manehna ngaheureuyan pamajikan batur. Ari aing kapan kungsi ngaheureuyan Ira, pamajikan batur? Cek Si Obos, lalaki mah wenang, migawe nanaon oge teu weleh kaprah hukumna. Pek wae awewe, masing jejeritan maratan langit, ngagorowokkeun emansipasi, angger bakal samar, moal kahontal. Lalaki mah lalanang jagat.
Nu bareng jeung Awit teu unggah heula, tuluy balik, mobilna ngagerung. Awit leumpang bangun lungse ngajingjing babawaanana. Beuki deukeut. Angen Inu ratug tutunggulan. (*)
Sambungan ti Bagian 10 | Nyambung ka Bagian 12 |
Aam Amilia