Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 12)
Ketruk sapatu Awit balap jeung keteg jajantung Inu nu ratugna beuki ngerepan. Geus deukeut pisan beungeut nu lawas dipisono teh. Tapi deukeutna geus ngagedurkeun seuneu amarah dina dadana. Mun kongang mah hayang jebet-jebet bae Inu nampilingan beungeut Awit. Hayang ngekesek malah.
Bray panto muka. Inu neger-neger maneh, diuk tumpang kaki bari pura-pura maca koran.
"Kang Inu?" cek Awit. Nyah Inu tanggah, ngareret sakeudeung, tuluy tungkul deui, api-api maca koran.
Enya aing, ku naon reuwas? Pedah bieu tas ulin jeung lalaki sejen? Reuwas nya, asa katohyan tas migawe rucah jeung lalaki sejen? Sabot salaki...salaki? Enya pan aing teh salaki maneh Awit. Na ngawiwirang teuing, boga salaki tapi reureujeungan jeung lalaki sejen. Tapi kabeh ge teu kedal. Ukur ngutruk jero batin. Nyatana ayeuna Inu angger nyekel koran. Panonna luluncatan ti kenca ka katuhu, ti katuhu ka kenca. Luluncatan ti aksara ka aksara.
"Tos lami, Kang Inu?" sora Awit.
"Atos," tembal Inu pondok. Korosak sora koran dibuka. Lambaran kadua, halaman tilu nu ayeuna diimeutan teh. Dipake panglumpatan tina hate anu dulugdugdag.
Awit teu nyarita, kawas nu ngarasaeun yen Inu keur ngemu kaambek. Sup deui ka kamar, teu lila terus ka dapur.
Kahayang mah Inu nalek, saha nu bieu reureujeungan teh, jeung naha make daek dianteur-anteur ku lalaki sejen? Naha Awit teu ngarasa, teu insap yen manehna teh boga salah? Atawa teu hayang ngahargaan ka salakina? Pedah kawinna kawas nu heuheureuyan? Tapi sagala caritaan teh teu kedal. Dikemu dina jero hate. Ukur jantungna dulugdugdag beuki ngerepan.
Ku juru panonna katenjoeun Awit arek ka hareup. Katara ngais budak. Sup deui ka kamarna. Sanajan laku lampahna kawas nu rineh, Inu geus bisa ngarampa hate Awit nu sabenerna. Manehna teh teu puguh cagap.
Teu kudu lila-lila nimbang, gerentes hate Inu. Ayeuna ge geus katara kumaha kalakuan Awit nu saenyana. Lain, lain piindungeun nu hade keur anak-anakna jaga kieu galagatna mah. Najan kitu, kudu ari ditanya mah. Kapan cek indungna ge manusa teh sok keuna ku owah gingsir.
Bisa jadi, bisa jadi Awit teh keur keuna ku owah gingsir. Tapi kapan kuduna mah ayeuna teh geus babalik pikir. Ari nyatana? Nu kitu nu babalik pikir teh? Daek babarengan, daek dianteur ku lalaki sejen? Dina mobil pagegeye duaan?
"Kang Inu ti mana wae, sih?" sora Awit.
Inu tanggah. Geus ganti baju Awit teh ku daster nilon pulas bulao ngora. Teuteupna anteb. Hate Inu ge neyredet. Ujug-ujug aya rasa timburu. Lebar temen awak sakitu sampulurna beunang ku batur. Teu rido mun digadabah deungeun.
"Hemhh...," cek Inu.
Biwirna asa dirapet, hese rek ngucapkeun kalimah teh. Sanajan dina hatena geus pagelek-gelek, hayang geura mudal. Noroweco, sagala dicaritakeun.
"Kang Nu...," teu kebat.
"Naon...?" cek Inu. Koran dikahandapkeun. Panonna neuteup anteb. Luk nu diteuteup tungkul.
Rumasa Enden teh? Rek ngaku geus migawe pagawean nirca jeung lalaki nu tadi dina mobil? Kawas...kawas, aing jeung Ira? Tapi aing mah lalaki, lalanang jagat. Ngalakukeun naon wae oge, dunya moal weleh seuri. Da wenang. Awewe mah hina. Sarua jeung mopokan geugeuleuh kana beungeut salaki.
"Tos emam?" cek Awit.
Cua, rujit. Boro diri geus deukeut mideudeuh. Kari-kari nu dipideudeuh kawas rek ngageugeuleuh. Naon hartina pangorbanan nu bareto dibikeun ka Awit mun kaya kieu panarimaanana. Nu cek indungna manusa keuna ku owah gingsir teh, teu keuna keur diri Awit mah. Awit mah leuwih keuna mun disebut adat kakurung ku iga. Geus bakatna bangor. Geus bakatna. Teu kudu dibalibirkeun awewe kawas Awit mah. Teuas..., leuwih hade ditogmolkeun bae.
"Bieu teh saha?" cek Inu nanyana rada nyeuneu.
"Rerencangan!" Awit ge nembalan nyengor.
"Rerencangan sakantor?"
"Muhun, naha kitu?"
"Bageur...," Imut semu ngece.
Inu nyarande. Koran diteundeun. Awit diteuteup. Saumur kawin kakara ayeuna rek cacarita daria paduduaan.
"Naon maksad Kang Inu?" Awit males neuteup, tapi baeud semu ambek.
"Sugan? Awit bisa neguh naon maksud Kang Inu?"
"Naon make kedah diteguh," Awit ketus. Jung nangtung.
"Teu boga perasaan nanaon dianteurkeun kana mobil?"
Awit neuteup. Rek leumpang ngarandeg. Jen ngajengjen. Leungeun kencana nyekel panyarandean korsi.
"Kang Inu teu perlu nyisikudi, da urang mah kapan papangantenan," ceuk Awit.
Beledag mun enggeus mah aya gelap nyasar tengah poe, kitu reuwasna meureun. Cara Inu ngadenge kekecapan Awit bieu.
"Jadi Awit teu ngahargaan kana pangorbanan Kang Inu nu atos-atos?"
"Pangorbanan naon? Saukur calik ngarendeng? Saukur disebut caroge Awit? Kapan buktosna waktos Ina lahir, Kang Inu teu hoyong nungkulan. Malah angkat ampleng-amplengan."
Awit ngarandeg. Leumpang salengkah. Jen deui ngajanteng. Panonna neuteup anteb ka Inu.
"Tatangga anu tadina dijagi ku Mamih, buktosna kalah beuki nyeungseurikeun. Beuki ngahina. Pada nyanggemkeun pantes. Pantes Inu bade teu aya ge, da teu rumaos janten bapa Ina. Pangorbanan Kang Inu? Palih mana pangorbanan Kang Inu teh?"
"Awit teu ngarasa kahutangan budi?"
"Teu aya hutang budi antawis urang. Kapan Kang Inu ka Awit teh margi males budi Mamih sareng Papap. Naha make kedah aya hutang deui antawis urang duaan?"
Bener, bener caritaan Awit teh kabeh ge, karasa ku Inu. Sagala caritaan manehna bareto, ayeuna dibalik-balikkeun deui ku Awit. Teu bisa kukumaha. Tapi lalaki. Lalaki tea cek Obos oge cadu kudu eleh ku awewe.
"Samaruk Awit, Kang Inu teu emut kana kalahiran Ina?" Sakitu Inu nanya. Hayang ngolongan kaayaan hatena. Kareret ku juru panonna, Awit curinghak. Atoh, geus tangtu atoh ku dikitukeun age. Awewe, awewe...angger atuh, rasa nu ngungkulan maranehna mah. Tinggal ngamumule rasana, awewe nu kumaha oge moal burung eleh.
"Hmh...Kang Inu teu kedah nyarios kitu. Awit ge terang, Kang Inu teu rido. Kang Inu alim nikah sareng Awit. Kang Inu ijid ke Awit..."
"Terus?".
"Beresan ayeuna keneh ge, beresan Awit...! Beresan Awit...! Beresan!"
Cipanon ngembeng. Kerelek tikorona neureuy ciduh. Belecet lumpat, asup ka kamarna. Inu ngarandeg. Tapi teu kungsi lila sukuna ngalengkah. Sup nuturkeun asup ka kamar Awit. Awit nangkuban dina pangsareanana. Segruk ceurik.
"Teu perlu nangis. Kang Inu terang saha nu bieu sareng jeung Awit. Awit geus aya titingalian. Kang Inu teu owel, da ti kapungkur oge taya patula-patalina urang teh. Mangga bae hoyong diberesan mah, ngan ayeuna mah Kang Inu teu acan gajihan."
Awit nyegruk ceurik. Cipanon teh tanaga awewe. Panglumpatan awewe. Suka jeung duka teh lahir ku cipanon. Poma ulah eleh, ulah eleh. Perlu pisan aing teh nembongkeun kakawasaan lalaki ayeuna, detik ieu keneh.
"Lalakon Awit ka tukang, ku Kang Inu geus dihampura. Saterusna Kang Inu nguji. Kang Inu yakin Awit keur keuna ku apes, nepi ka kajadian kieu teh. Matak Kang Inu ngahaja ninggal-ninggalkeun, hoyong nguji. Tapi kanyataanana, Awit teh bangor."
Cek Si Obos lalaki teh pinter ngakal, jago ngekol. Enyaan Bos, karasa.
"Kang Inu...! Kang Inu...! Awit teu rumasa. Awit teu rumasa...!" Jung cengkat. Buukna ngarumbay, kusut. Panonna carindul. Cipanonna ngeclak ngaliwatan pipi nu lemes koneng.
"Hmmm...," cek Inu, anteb neuteup. Nu diteuteup tungkul. Buukna nuruban beungeutna, buni.
Ngahelas Inu teh nenjo kaayaan Awit. Hayang ngeukeup, hayang ngagalentor. Tapi ari ras ka nu tadi seuseurian. Ari ras ka bapana Ina, rey kageuleuh kaceuceub teh ngadeukeutan deui.
"Eta mah rerencangan..."
"Direktur?"
Awit gideug. Buukna nu ngaroyom ka hareup obah kaendagkeun.
"Kriiingng...!" beker leutik luhur bupet ngirining. Awit cengkat. Kop beker dicokot terus diputerkeun. Disada kekerekekan.
"Ketah eta mah teu langkung Awit, bade ngalakukeun nanaon oge. Urang mah ukur papangantenan, sanes? Ngan Kang Inu..."
Breh beungeut Obos nembongan. Urang kudu bisa ngalap hate awewe. Lantaran awewe mah hirup teh ku rasana. Mun rasana ku urang karampa, moal henteu kagendam saumur-umur ge.
Tariking takdir, lalaki mah pinter nyarita, beunghar ku ekol. Piara rasana, teangan karesepna, kadeudeuhna...., moal nyoledat.
Kadeudeuh Awit mah tangtu Ina. Singsaha nu bisa mikadeudeuh Ina, tangtu bakal narik rasa deudeuh Awit, tangtu. Inu ngadeukeutan bok Ina.
"Ngan mihape Ina. Akang ge milu nyaah. Mun bareto keur aya dina kandungan Awit, Kang Inu ukur bisa ngananaha. Leuwih jauhna teu mikanyaah. Ayeuna sanggeus ningali dirina, Kang Inu sayaga taruhan nyawa keur ngabelaan Ina."
Nu nyegruk kadenge deui. Tapi basa neuteup beungeut dina bok teh, les musna sagala pangarahan nu tadi ngawasa hatena. Nu aya ngan rasa deudeuh nu murni. Enyaan milu mideudeuh. Lebar temen mun jaga boga bapa tere nu teu bisa nungtun, teu bisa ngadidik manehna kana jalan bener.
Direret Awit keur diuk deui dina tempat sarena. Ngalahun bantal sarta sirahna nyarande kana bantal, buukna nurub ka hareup. Kadenge segrukna bangun dipegeg. Nenjo kaayaan Awit kitu, timbul sangkaan goreng dina diri Inu. Naha enya kitu Awit teh geus boga deui tetenjoan?
"Kang Inu... Awit kedah hirup. Awit kapaksa didamel..."
"Naha di Mamih Awit geus teu kaparaban?" cek Inu sugal. Bray mobil nu tadi ngabagug nembongan deui. Serengeh jelema nu kumisan jeung Awit turun tina mobil.
"Awit isin...! Awit isin. Tatangga tos pada terang. Kang Inu teu mulih-mulih. Tatangga nyalindiran. Awit teu kiat, Kang Inu. Awit teu kiat. Ari Mamih mani siga teu ngaraoskeun pisan ka Awit teh. Meh unggal dinten angkat. Mangga wae Kang Inu bade bendu bade nanaon oge. Awit yakin, Awit aya dina jalan bener." Tatag ayeuna mah nyaritana teh. Jung nangtung. Buukna dikatukangkeun ku ramo-ramo lengueunna. Teup teuteupna eunteup. Seredet hate Inu nyeredet. Geulis, Awit teh geulis najan keur ceurik. Nyaah lamun digadabah deungeun.
"Mangga wae bilih Kang Inu isin mah nikah sareng istri sapertos Awit. Ngan Awit nyuhunkeun kasaean manah Kang Inu. Di mana jaga Ina kawin keresa ngangken bapana budak...," teu kebat.
"Hmh...jadi Awit teh enyaan teu ngahargaan jasa Kang Inu?"
"Naon maksad Kang Inu teh?"
"Awit leuwih ngahargaan nu tadi nganteurkeun ti batan ka Kang Inu?"
Kuduna mah Awit ngarti, kudna Awit ngarti ka mana loyogna kecap manehna teh.
Inu ngajengket. Leumpang ngagedig teu ngalieuk deui. Nepi ka buruan, Inu yakin Awit bakal ngudag, bari ngagorowokkeun ngaranna.
"Kang Inu! Antosan...Kang Inu," tangtu, tangtu. Leumpangna rada dialonkeun, ngahaja ngadagoan Awit nyalukan. Tapi basa Inu geus tepi ka panto buruan hareup, Awit lebeng teu ngudag. Lalaunan Inu ngalieuk, panto teh nutup geuning.
Eleh...eleh ku Awit teh. Aing eleh, cek hatena. Lalaunan panto ditutup. Hatena kumejot hayang balik deui, hayang nalek enya-enya. Ka saha atuh Awit mikanyaah teh.
Naha atuh ari bareto bangun nyaah naker, bangun cinta naker ka aing teh. Pangarahan sabot butuh kitu? Pangarahan...awewe pangarahan.
Ira ge pangarahan, butuh sabot salakina euweuh. Awit pangarahan sabot butuh ku nu nangtayungan, Mila ge pangarahan. Kabeh ge awewe mah pangarahan. Cinta suci, kasatiaan...wadul, ngan aya dina dongeng, ngan aya dina sesebutan bujangga.
Leumpang Inu lungse, bari ngodok saku. Teuteupna sakapeung tanggah ka langit. Breh mobil bulao, jrut Awit turun, hatena ngagolak deui. Gusti...abdi sadar, ti wangkid ieu abdi mimiti micinta Awit...pun bojo.
Salengkah, salengkah. Mega ge angger ngagandeuang, alon bangun maturan. (*)
Sambungan ti Bagian 11 | Nyambung ka Bagian 13 |
Aam Amilia