Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 13)

Keretas rubak ditarik deui tina mesin tik. Kerewes diwewejet. Dikeupeul pageuh. Lung kana wadah runtah. Kop deui kana keretas nu anyar. Sup dikana mesin tik deui. Teu kaur barang gawena teh, ras inget ka anakna nu keur gering. Tetenjoan Awit teu pararuguh, lieur da sapeupeuting kurang sare. Ina hareeng, teu daekeun sare. Teuing naon mimitina mah ujug-ujug hareeng wae. Beuki peuting beuki nyongkab panasna.

Sanggeus Halimun Peuray

Kudu dibawa ka dokter Ina teh. Ari ka dokter teh kapan kudu ku duit. Ngenta ka Mamih? Ras kana kajadian basa manehna rek indit, niat pindah imah. Kapan sakitu sugalna manehna nyalahkeun indungna. Kapan sakitu raheutna hate indungna teh. Piraku ayeuna solongkrong nginjeum duit? Mun enya ge indungna ngahampura meureun remen neang ka imahna. Kapan ayeuna mah ti saprak pindah kakara sakali neang. Kitu ge sabot manehna keur euweuh. Kudu ka Papap? Lain ge dagoaneun menta duit ka jelema nu jauh mah.

Peurih, peurih pisan hatena. Kuduna mah pakumaha teh jeung bapana budak, menta panyalindungan ka salaki. Tangtu salaki nu bakal neangan duit keur mayar ka dokter, nu bakal munggu ti imahna ka dokter. Kuduna mah kitu. Kapan ieu mah biheung di mana bapana Ina teh, biheung di mana.

Kahormatan wanita teh mutiara nu taya hinggana. Nu kudu dipusti-pusti. Ana geus kagadabah, leungit sagala kahormatan diri. Kawas nu karasa ku Awit ayeuna. Kapengkuhan wanita teh jalan pikeun naratas sawarga dunya, teu kapanggih dina kahirupan Awit. Nu aya ukur panghina. Kawas Inu basa datang minggu tukang, pan nyangka ka dirina teh awewe bangor. Lacak ka tukang jadi conto keur dirina ayeuna. Geus disamarutkeun, geus taya pangampura. Hese pisan mulangkeun kahormatan diri teh. Hese pisan rek mulangkeun kapercayaan jelema teh. Ana geus sakali ancrub kana geugeuleuh, kabeh jalma ngahukum, hese rek meresihan deui diri teh. Najan nyumput ka tempat anu sakumaha bunina, teu weleh nembongan, teu weleh katohyan. Hiji mangsa lalakon ka tukang nu pinuh geugeuleuh teh ngaririwaan, ngabakutet diri, jadi bangbaluh nu beurat. Anging Gusti nu Maha Welas nu teu weleh ngahapunten ka umat-Na, cek Ma Oyoh. Anging Gusti nu teu nyamarutkeun kalakuan jelema dina keur gorengna. Asal urang tobat, seja nyucikeun diri, moal deui-deui ngalakukeun pagawean anu teu dipirido Mantenna. Tapi naha Kang Inu bakal ngahampura? Bakal ngamalum, moal nyamarutkeun? Tapi naon maksudna kalakuanana minggu tukang teh, kawas nu kacida ambekna.

Teu ngahargaan Awit teh ka Akang? Sacara teu langsung, Kang Inu teh hayang dianggap salaki. Gusti Maha Welas Maha Asih. Paingan cenah jodo jeung pati rusiah Gusti. Jalanna mah rupa-rupa. Enya kitu Inu teh jodona, nu make jalan sasalimpetan, luka-liku, teu pikahartieun?

Nyaah cenah ka Ina, Kang Inu teh. Taya kabungah nu ngaleuwihan kabungah mun nu jadi buah hate dipikanyaah nu nu lian. Komo ku Inu, anu sasatna dipiharep pikeun jadi bapa Ina jaga. Ngarah euweuh sesebutan Ina budak teu bapaan. Gusti..., tangtayungan buah hate abdi. Ulah aya nu ngahina, ulah ngalaman hirup kawas abdi. Ulah ngarandapan kanyeri kapeurih kawas abdi ayeuna. Awit nyuuh kana mesin tik. Teu kahajaeun tuts mesin tik kateken ku leungeunna.

"Ku naon teu damang?" sora nu nanya. Awit cengkat reuwaseun.

"Emh...oh, euh...heemh...muhun," cek Awit. Geuwat menerkeun tuts mesin tik nu pajurawet hurupna lantaran kaheumpikan leungeunna.

"Wengi kirang mondok, pun anak udur."

"Euleuh, enggal candak ka dokter atuh. Euceu mah ari budak hareeng teh sok enggal dibantun ka dokter. Singsieuneun, kapungkur dugi ka henteuna."

Asa diingetan. Breh dina sawanganana Ina peuting tadi ceurik jejengkengan. Ma Oyoh jeung Ma Uti geus taakeun. Geus dibaluran ku minyak kayu putih, geus dipupuk suhun ku bawang beureum, minyak, jeung daun ingu, tapi angger dengdeng, panasna teu rerep-rerep. Poe ieu maksakeun ka kantor. Kudu, teu meunang henteu kudu ngeupeul duit keur mawa Ina ka dokter.

Ka Mamih? Duh, era...rumasa geus ngaraheutan hatena. Rumasa geus ngarasa teu butuh ku indung teh. Ambek ka Inu, murang-maring ka indung. Padahal diri ge teu luput tina kasalahan. Sagala ngababarikeun. Teu nyangka yen dunya teh pinuh ku rurubed, pajurawet ruwet. Ayeuna geus kieu kakara karasa kadeudeuh nu moal beunang ditukeuran ku naon wae oge. Naha Mamih bakal ngahampura kitu ka dirina?

"Wit, mulih we atuh ari putra teu damang mah," cek Nawang alon.

Bebeja wae kitu, yen rek nginjeum duit? Kabeneran Nawang teh juru bayar di kantorna. Tapi asa-asa pisan rek nyarita teh. Tapi kapan Ina kudu cageur. Naon perluna ngukut kaera ari anak teu kaubaran mah. Teu tega mun kudu nungguan Ina ceurik gegerelengan sapeuting deui.

"Ceu Nawang, emh...tiasa nambut artos?" cek Awit. Rey beungeutna beureum.

Kakara saumur hirupna ngalaman susah ku duit. Tapi kapan manehna teh hayang nembongkeun tanggung jawab ka anak, cenah hareupeun indungna. Kapan hayang nyontoan ka indungna yen ngatik budak teh kudu kawas Awit ka Ina jaga. Kapan geus nyela ka indungna nu teu bisa ngaping budak, nepi ka dirina tigubrag.Maenya rek eleh kakara ku teu boga duit keur ka dokter oge.

"Mangga nanging kedah sasaauran heula ka bapa, damel bonna, tos aya tekenan ti anjeunna, nembe ceuceu tiasa masihkeun artosna."

"Moal isin?" cek Awit, tapi bari jeung nangtung. Naon hartina kaera, mun kudu nyaksian Ina jejengkengan sapeuting deui.

"Moal...," cek Nawang.

Jung nangtung. Terus leumpang muru kamar direktur. Lebah lawang Awit ngajanteng. Kudu kumaha nyaritana. Kieu kitu? Pa, abdi bade nambut artos dua rebu, ah moal mahi, opat rebu, ih kapalang, teu pantes. Lima rebu, enya lima rebu we, ngarah sakalian jeung keur meuli susu budak, jeung keur balanja. Ih ku arera make nginjeum duit sagala. Tapi kapan hayang jadi indung nu hade, nu tanggung jawab sagemblengna kana hirup-huripna budak. Taya hal anu kudu jadi hahalang enggoning ngabela anak. Indung nu hade teh nu bisa nyieuhkeun kahayangna, karesepna, nganomerhijikeun kaperluan anak, kahayang anak. Kabayang keneh basa Ina teterejelan tadi peuting. Deudeuh, mun teu geuwat dibawa ka dokter...

Bus Awit asup kalawan teteg hatena. Direktur tanggah ngadenge panto ngareket. Keteg jantungna ngerepan basa geus papahareup jeung direktur teh. Komo basa direkturna neuteup lila naker, semu heran.

"Aya naon, Wit?" pokna ancad laer.

"Emh...eta, Pa...," Awit aga-eugeu.

"Calik atuh!" cek Hermana bari nunjuk kana korsi.

Awit diuk lalaunan. Sirahna tungkul. Breh kalangkang beungeutna dina kaca luhur meja Hermana. Najan teu atra, katenjo kusut. Tangtu kana kusutna teh. Basa indit ge teu mandi-mandi acan, kabeurangan. Ukur nyisiran we, diwedak saulas bari purat-perot.

"Abdi..., budak udur," pokna. Hermana seuri semu disumputkeun.

"Bade mulih ayeuna?" pokna.

"Muhun, sareng bade...euh, nambut artos."

"Kasawat naon putra teh?"

"Duka, da sawewengi ngadat..." Plong hatena ngemplong. Geus luncat kecap nu matak beurat ngaluarkeunana teh.

"Mangga..., urang sareng wae, da Bapa ge bade wangsul. Dijajapkeun ku Bapa. Eh...sabaraha nambutna?"

"Lima rebu manawi..."

"Oooh...aya ti Bapa ge atuh sakitu mah."

"Wios...bade kana beca we."

"Ih hayu we sareng...teu nanaon, da nu sanes ge sering ngiring. Sareng tasna dina mobil deuih. Mangga...!"

Hatena bungah, asa bucat sagala kaheneg nu tadi teh. Hartina engke sore Ina bisa dibawa ka dokter. Moal ngadat deui. Deudeuh Ina, geuning aya milik, geulis. Ni'mat geuning bisa meunang duit injeuman teh. Turug-turug ancoan keur ngubaran anak, keur meuli susu anak. Bungah, moal manggih kabungah kawas kitu, moal, moal.

"Mangga...!" cek Hermana bari leumpang dituturkeun ku Awit. Hatena degdegan. Bageur pisan Pa Hermana teh. Kituna teh ka sarerea cenah. Tara aya karyawan nu ngangluh da sagala kabutuhna sok meunang wae bantuan ti Pa Hermana mah.

Panto mobil meundeut halimpu, henteu ngajeblag kawas panto mobil landlover, paranti antar jemput karyawan.

"Di Jalan Lalayu Sekar, nya bumi teh?"

"Sumuhun...," tembal Awit.

Angin beurang nyulusup kana liang jandela mobil nu muka satengahna. Tiis ngadalingding. Poho tadi peuting meh teu sare. Leungit rasa tunduh nu tadi heuay merelek teh. Kagumbira, bakal narima duit injeuman. Teu kudu era-era nginjeum ka Mamih. Bisa aing ge jadi indung nu hade, bisa. Kang Inu, tingalikeun Awit ge tiasa janten indung nu hade. Awit sanes istri bangor sapertos nu dicarioskeun ku Kang Inu. Awit alim majar raraoseun pedah Mamih sareng Papap beunghar. Awit ge tiasa bajuang, keur hirup Awit, keur hirup Ina. Hate Awit noroweco baceo, kawas nu hayang mapakan sora patali marga sapanjang jalan.

Kareret ku juru panonna, Pa Hermana, direktur nu lungguh teh, anteng neuteup jalan sorangeun. Teu sing galideur. Awit cameot dina korsi gigireunana. Mobil eureun hareupeun buruan imahna. Hermana imut bari ngusiwel nyokot duit tina tasna. Sok dibikeun ka Awit.

"Hatur nuhun, Pa," cek Awit.

"Mugi sing enggal damang...! Baktos ka raka!"

"Mangga...!" cek Awit.

Geuleuyeungna mobil dituturkeun ku paneuteupna. Karasa pisan kahadean budi manusa teh dina kaayaan keur saperti manehna ayeuna. Duit diteuteup dina keupeulanana. Kawas aya nu ngadorong, beretek lumpat asup ka imahna.

"Ina...! Ina...!" gorowokna.

Tapi basa mukakeun panto, angenna asa eureun ketegna sajongjonan. Inu ngajanteng di lawang bari sidakep. Geus tangtu nenjoeun Kang Inu teh, gerentes hate Awit. Geus tangtu nenjoeun basa bieu dibere duit ku Pa Hermana. Tapi teu kedal. Geura pok atuh Kang Inu nyeuseul, ayeuna mah rek bela diri. Awit rek balaka, ngan Kang Inu panutan ati Awit mah, ngan Kang Inu.

Inu angger ngajanteng, neuteup mani anteb. Panonna kawas nu ngananaha kawas minggu tukang. Awit lumpat ka kamarna. Breh ranjang orok. Basa disampeurkeun ranjang orok teh kosong. Seblak hatena nyeblak. Ret ka lawang kamar, Inu geus ngajanteng di dinya. Angger sidakep kawas tadi, angger neuteup anteb kawas tadi. Ngananaha, naha Awit reureujeungan jeung lalaki sejen. Pok atuh Kang Inu geura nyeuseul, pok atuuuh, jerit atina.

"Hmh..., alus!" Ngan sakitu nu kedal tina biwir Inu. Leos ka luar. Awit lumpat muru dapur. Breh pangasuhna keur ngajarentul. Seblak hatena nyeblak. Palangsiang..., palangsiang.

"Ema...ka mana Ina?" Pangasuhna dicekel, taktakna digeubig-geubig.

"Dicandak ka rumah sakit...," cek Ma Oyoh, segruk ceurik.

"Hah...ku saha? Ku naon? Ku saha...?" Taktak Ma Oyoh beuki rosa digeubig-geubig.

"Ku Den Inu...meh. Nden...ieu Emaaa...," gaur ceurik.

Awit nangtung, berebet lumpat ka hareup. Ret kana panto ka luar nu molongo. Hordengna oyag-oyagan katebak angin. Awit lumpat muru lawang. Katenjo Inu kakara clak kana beca.

"Kang Inu...antosan Awit!" Tapi beca Inu terus ngageuleuyeung. Naha atuh abdi teh ninggang di naas wae. Ari Ina... naha make dibawa ka rumah sakit. Ripuh...? Tangtu ripuh. Tapi..., berebet deui ka jero kamar.

Alus cek Kang Inu bieu. Naon nu alus teh Kang Inu? Da eta mah sanes sasaha, direktur bageur, sanes sasaha.

"Teu rumasa...," gero wae ngagorowok. Geus teu kaampeuh nahan galurana rasa. Ku hayang ngararajet hate, ku hayang nyasaak dada. Ngarah nu nyeri milu ajur, tutumpuran.

"Enden...!" karasa awakna digeubig-geubig ku Ma Oyoh.

"Istigfar, geulis...!"

"Inaaa...!" gerona. Palangsiang Ina teh. Ulah Gusti..., cabut wae nyawa abdi tibatan dipundut kakasih mah. Asa moal kuat hirup teu jeung Ina di ieu dunya. "Kang Inu..., Awit mah teu bangor. Awit mah ngan nyaah ka Kang Inu wungkul..."

"Enden...! Istigfar geulis...!"

Teungteuingeun. Gusti teungteuingeun. Kutan kieu hukumna jalmi au ngarempak larangan Anjeun. Bet ngolebat beungeut dua jelema nu ti leutik miasih. Dina keur kaayaan tunggara, indung jeung bapana nu narembongan ka Awit teh. Breh teuteupna kana duit rebuan lima lambar siraheunana. Keur Ina, keur mawa Ina ka dokter. Kapan hayang jadi indung nu hade. Teu gampang hayang jadi indung nu hade teh. Pangorbanan nu menta sagala rupa.

"Ema...di rumah sakit mana Ina teh?"

"Di rumah sakit Pinuh Asih, Enden..."

"Geuwat Ema urang ka ditu...!"

Langit caang lenglang. Hate Awit poek meredong. Asa teu kaciptaeun bakal aya sinar nu nyaangan geusan naratas jalan kahirupanana, teuing naon anu bakal karandapan, naon atuh. Gustiii naon atuh..., gerentesna halon. (*)

Sambungan ti Bagian 12 Nyambung ka Bagian 14

Aam Amilia

Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 13) Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 13) Reviewed by Rupa Sundapura on 08.53 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.