Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 14)

Kuntung roko dikekesek kana asbak. Jung Inu nangtung. Panonna neuteup kana cai mancur dina balong leutik, di tengah-tengah bunderan, hareupeun sal anak-anak. Kerecek...kerecek..., cai muncrat kana balong nu anteng. Sakapeung caina ririakan lamun aya lauk nu silih udag. Hatena teu beunang dibangbalerkeun. Melang ka Ina nu ayeuna keur digulang-gaper ku dokter. Melang nu wening, kanyaah nu beresih suci, lain pangarahan. Henteu hayang pamuji ti Awit. Henteu ngarepkeun pamulang tamba.

Carita Nyambung

Kacipta keneh basa jejengkengan dina keukeupanana. Ngahaja datang, hayang panggih jeung Ina teh. Kasampak keur pada ngagugulung ku pangasuh nu duaan. Geuwat ku Inu dibawa ka rumah sakit. Basa balik deui rek mawa salin Ina, panggih jeung Awit. Turun tina mobil, geus sejen deui nu nganteurkeun. Tetela awewe bangor. Cua, matak cua. Tapi hatena ngaku ka dirina sorangan, yen unggal menit ngaran Awit teu weleh kabawa, geus matuh dina hatena.

Ngarasa panas nenjo Awit reureujeungan jeung lalaki nu ganti-ganti teh. Lain tandingna atuh lamun kudu lalawaneun ka lalaki-lalaki nu bisa mawa Awit kana mobil mah, lain...lain lawaneun. Ari Awit tea anak nu beunghar, geus tangtu moal beunang dibawa hirup sangsara. Geus tuman senang moal bisaeun kalah kumaha oge dibawa hirup basajan. Dunya Awit lain dunya manehna.

Tapi di sagigireun rasa rumasa teh, jauh dina jero hatena aya harepan muga-muga sangkaan goreng ka Awit teh sing salah. Manehna ngarepkeun dipideudeuh ku Awit. Inu ngarepkeun bisa ngahiji jeung Awit.

Geus dua poe Ina dirawat di rumah sakit. Panyakitna geus kapanggih. Ayeuna ge keur digarugulung ku dokter.

Sora getruk sapatu ngagareuwahkeun lamunan Inu. Ret ngalieuk, hatena ngageter deui. Dulugdugdag jantungna ngerepan. Awit nu datang teh jeung indungna.

"Cep Inu, tuang heula!" cek indung Awit.

"Sawios Tanteu," tembal Inu. Ku juru panonna kareret beungeut Awit nguyung. Sirahna buni, dibulen ku cindung juru tilu.

"Awit mana tuangeun keur Kang Inu teh?"

"Dina rantang hejo," cek Awit.

Nyel hate Inu seueul nenjo rengkak Awit nu bangun hare-hare. Jeun teuing, teu hayang dahar aing mah, teu. Teu perlu ngaulaan, da lain salaki maneh, hatena ngutruk.

"Sawios Tanteu, tos sesek," pokna ngabohong. Padahal enyaan beuteungna teh lapar pisan. Gampang sakeudeung deui ge bisa dahar di pagawean.

Awit diuk dina korsi peuntaseunana. Kareret nguyung pisan Awit teh. Mun enya lalaki nu nganteurkeun teh kabogohna, tada teuing nalangsaeunana Awit. Asa dosa meureun nu matak nguyung ge. Tuh geuning cipanonna ngeclak. Lalaunan disusut ku tungtung cindungna. Munasabah mun Awit ngarasa nyeri hate ge. Sedeng manehna, naha make kudu ngarasa sedih. Kapan manehna mah taya patula-patalina jeung Ina teh. Kahayang mah tong diberean nyaah sagala. Kahayang mah angger ijid ka Awit teh kawas bareto keur munggaran diuk ngarendeng jadi panganten wawadulan.

Sore kacida lenglangna, langit beresih, ti isuk can cur hujan. Nu biasana ngecrek teh poe ieu mah cangra pisan. Inu naleukeuman tembok sapotong, bari neuteup deui muncratna cai dina balong leutik.

Burudul jelema merul daratang. Tangtu geus waktuna besuk. Inu ngareret deui ka Awit. Teup teuteupna patepung, Inu geuwat ngabalieur sanajan hatena jadi ngaguruh.

"Wit..., ieu aya Ibu Hermana," indung Awit nyaritana rada tarik.

"Cep Inu, ieu Pa Direktur!" pokna.

Ka manehna tangtuna ge. Inu geuwat nyampeurkeun. Solongkrong nu anyar datang ngajak sasalaman. Breh katenjo beungeutna. Enya nu diuk dina mobil basa nganteurkeun Awit nu pamungkas. Katara dina potongan buukna.

"Ieu mantu...! Ieu teh rerencangan sakelas Papap kapungkur, Cep Inu," cek indungna bari nepak tonggong Inu. Solongkrong deui munjungan ka garwana.

Rerencangan sakels Papap? Atuh babaturan sakelas bapana Awit, hartina saumur jeung bapana Awit. Ditilik tina ulatna, euweuh sari-sari cunihin Pa Direktur teh, jeung piraku sugan nepi ka bogoh ka anak babaturan. Rada teu pantes, teu merenah mun aing timburu ka manehna teh.

"Kasawat naon putu teh?" cek Ibu Hermana.

"Numawi..." Ibu Direktur ditungtun ku indungna Awit. Gek dariuk dina bangku panjang gigireun Awit. Ngobrol lalaunan, tiluan. Inu angger ngajanteng dina tempatna. Ret ka Awit. Nu diteuteup keur neuteup. Sorot panon Awit bangun hayang ngajentrekeun yen nu ditimburukeun ku manehna teh, lain jelema nu sapantesna dipake timburuan.

Awit terus tungkul deui. Tali cindungna dilaan, tapi terus ditalikeun deui. Teu kungsi lila burudul sababaraha urang nu rek besuk. Saurang-saurang ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Teuteup Inu nanceb kana beungeut hiji lalaki. Enya, tetela eta nu nganteurkeun Awit basa tiheula teh. Nu seuseurian basa rek turun. Tetela eta.

"Mang Amat, mana Bibi teu ngiring?" cek Awit, kawas ngahaja ditarikkeun, hayang kadengeeun ku Inu. Kaharti ku Inu ge meureun maksud Awit kieu, "Hoyah Kang Inu, tah nu disangka kabogoh Awit teh supir jeung gaduheun bojo". Tina rengkuhna kaciri, pantesna teh supir. Tapi Inu henteu nanaon, ukur imut.

"Rarepot Neng, Bibi mah, ngurus barudak di rorompok," cek Mang Amat.

Nu ngobrol saheng sanajan meureun rarasaan manehna mah ngobrol teh lalaunan, tapi kulantaran lobaan teu burung kadenge gandeng.

"Kumaha cenah ayeuna, Wit?" cek nu dibaju koneng.

"Tos rada sakinten."

"Diantosan atuh nya, unggal wengi?"

"Muhun abdi we sareng pun biang sareng...sareng...pun lanceuk," tembal Awit.

Inu ngareret ka Awit. Awit ge ngareret, nyeh imut. Inu males ku imut deui. Sugan karasaeun ku Awit, imut nu bieu teh ngandung harti, yen manehna teh taya halangan disebut "pun lanceuk" ku Awit.

Bel kadenge ngahiung ka sakuliah rumah sakit, tangara yen geus waktuna kudu ninggalkeun pasen nu keur nandangan kasakit.

"Hayu atuh, Wit sing enggal damang," cek Ibu Direktur. Solongkrong sasalaman ka Awit, terus ka Inu.

"Sing enggal damang we!" cek Pa Direktur jeung pamajikanana meh bareng.

Inu imut nganuhunkeun. Saurang-saurang nu ngalayad teh ninggalkeun maranehna. Tinggal tiluan deui.

"Awit, uih we atuh, keun Mamih nu tunggu Ina mah."

"Alim...!" cek Awit.

"Ari Cep Inu bade dines?"

"Bade," tembal Inu.

"Dugi ka tabuh sabaraha didamel teh?"

"Dugi ka tabuh salapan."

"Engke...engke...," teu kebat.

Inu ngarti ka mana loyogna nu nyarita teu kebat teh. Diteuteup duanana awewe nu keur nangtung teh. Awit tungkul, bari nyoo kuku-kudu ramona.

"Rupina upami kabujeng, kantenan abdi bade ka dieu deui," cek Inu.

"Sawios, Mih...mangga bae Mamih mah mulih. Wios nu tunggu di dieu mah Awit we...da Awit indungna."

Indungna neuteup ka Awit. Ret ka Inu, Inu tungkul. Geus tangtu Awit teh nyungkun. Jelengeng Awit basa patepung pamungkas, nanceb dina atina. "Kang Inu teh tos pangorbanan naon? Teu aya hutang deui diantawis urang." Eta mah bareto. Mun seug Awit nyahoeun kaayaan hatena ayeuna, Awit moal nyarita kitu. Ayeuna dina hatena geus kaukir ngaran manehna duaan, buah hate nu dipiasih, nu pangdipikanyaahna sadunya, Ina jeung Awit.

"Moal keueung, Awit?" cek indungna.

"Moal!" tembal Awit tatag.

"Tangtos abdi ge ka dieu," cek Inu.

"Teu kedah...!" cek Awit.

"Awit...!" indungna nyentak.

Inu ngalieus. Teuteupna pindah kana reregan bodas nu nutupan jandela. Di jero kamar eta Ina digugulung. Teu nyahoeun Awit mah yen hatena ge peurih, hatena ge melang. Inggis Ina teu katulungan, inggis kudu buru-buru paturay. Inggis alah batan maut hinis.

Breh Ina keur jejengkengan dina keukeupanana. Panonna molotot, kawas nu nganaha-naha. Protes, naha lahirna ka dunya teu dimumule. Pada mikaijid, pada mikangewa. Dibageakeun ku teuteup "ngece" unggal jelema. Dirina nu suci datang ka dunya teu mawa dosa. Naha, naha, make kudu ngarandapan dipiijid?

Harita lahir kadeudeuh nu taya wates wangenna. Asih ti hiji bapa ka anak. Kapan saur Ema ge nyieun amal ka manusa teh teu kudu ku dunya wae. Nyait wiwirang batur ge kaasup kana amal nu hade. Asal nu dipangnyaitkeunana teu nguciwakeun. Awit ge henteu. Awit ge bageur. Enyaan geuning Awit teh bageur. Tapi cenah bieu ge teu kedah dibaturan.

"Sawios atuh, abdi mah bade teras wangsul wae," cek Inu. Ret nenjo ka Awit. Awit tanggah, neuteup ka manehna. Terus ngalesotkeun tali cindungna, dilaan. Pek dibeulitkeun kana beuheungna.

"Is, naha...? Urang sakali sewang bae atuh ari Cep Inu kersa mah."

"Sanaos unggal wengi ge abdi mah kersa."

"Leres?" cek indungna.

"Ah Tanteu mah...abdi ge sami nyaah ka Ina, katingal wae nuju jejengkenganana atuda."

"Step...panginten nya."

"Sumuhun, panas teuing rupina."

"Kieu we atuh Cep Inu. Tanteu di dieu dugi ka tabuh salapan, gentosan sareng Cep Inu, mun mulih ti kantor."

"Kitu sae."

"Nya, Wit?"

Awit unggeuk. Panonna ngareret saeutik. Inu imut, Awit beuki tungkul.

Gucrek panto dibuka. Berebet suster lumpat ka luar, sarerea curinghak. Awit diteuteup ku indungna. Teu lila gurudag aya kareta didorong ku duaan. Awit nyegruk dina keukeupan indungna.

"Dokter...anak saya?" Awit lumpat muru kamar tapi dijewang ku suster. Awit kekepehan, tapi terus direjengan.

Basa kareta kaluar ti kamar, aya mahluk leutik dina luhurna, dituruban simbut bodas. Botol infus dicekel ku saurang. Nu duaan nyekel kareta dorong. Dokter leumpang ngagidig.

"Inaaa...!" Awit ngajerit, rek lumpat pisan, dicekel ku suster.

"Sabar, Wit...!" cek indungna.

"Ina...! Mamah, Ina...anak Awit. Ina...ulah, Ina...!" lenggerek rek ngudupruk.

"Cep Inu!" indungna Awit ngagorowok. Regeyeng Awit dipangku ku Inu.

"Golerkeun di dieu!" cek suster.

Lalaunan Awit digolerkeun dina korsi males. Dituruban ku simbut belang. Leketey hate Inu ngaleketey. Neuteup nu ngagoler, peureum. Tina sela-sela panonna aya cai nu ngeyembeng. Lalaunan ku indungna disusut. Jul-jol suster nu mantuan nyadarkeun Awit. Ari Inu ukur ngajanteng. Karasa hatena nyeredet peurih, lain heuheureuyan.

"Gusti...salametkeun Ina, pun...anak. Ina, ulah waka ngantunkeun. Ina, Apa bakal ngabela Ina, bakal mikadeudeuh Ina."

Breh Ina molotot, bangun nganaha-naha. Naha make embung ngaku? Enya, Ina...sing damang, Ina...sing damang. Ina teh sabagian tina hirup abdi, ulah waka dipundut Gusti..., ulah!

Cai mancur muncrat mun aya lauk ngageboy, mun aya lauk nu silih udag. Tapi Inu teu awaseun da panonna jadi rumeuk, beuki rumeuk. Clak aya cipanon. Ngan sakeclak, ngawakilan kapeurih hatena. (*)

Sambungan ti Bagian 13 Nyambung ka Bagian 15

Aam Amilia

Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 14) Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 14) Reviewed by Rupa Sundapura on 22.20 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.