Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 15)
Hawa peuting karasa tiis, nyelesep kana tulang sandi. Beuteung Inu kadenge ngurubuk deui. Kakara ingeteun ti barang jol ka rumah sakit kakara ngahuapkeun roti we hiji.
Tengah peuting ngeweng-ngeweng kieu, ka mana neangan dahareun? Tadi sore hujan ngecrek taya eureunna. Euweuh pisan waktu pikeun sakalieun ngulampreng neangan dahareun. Ayeuna geus tengah peuting kieu kakara karasa beuteungna lapar kacida.
Direret Awit bangun tibra, sare dina korsi males. Sirahna ngulahek diganjel ku bantal nu ditangtungkeun. Geus lolos mangsa-mangsa nu ngahariwangkeun teh. Geus leupas detik-detik nu asa rek ngeureunkeun jantung teh. Ina geus cageur. Panasna geus rerep. Tinggal ngadagoan sehat pisan. Dua peuting deui Ina di rumah sakit teh, kakara diidinan dibawa balik.
Sajero saminggu nungguan Ina di rumah sakit, beuki katara sipat-sipat indung nu nyampak na diri Awit. Tanggung jawab jeung kadeudeuh Awit ka anakna estu teu weleh leupas tina tengetan Inu. Ngaheang keneh kekecapan Awit basa pasea di imahna. Mun manehna tulus pipisahan, Awit ngarepkeun Inu daek ngaku bapana mun jaga Ina kawin.
Budakna ge orok keneh, tapi hate indung nu ngancik di diri Awit geus nganclang ka jauhna. Geus kaciptaeun ku Awit, kumaha lamun jaga Ina kawin, taya nu bakal ngawalian. Pimanaeun teuing nyerieun hate budak teh.
Henteu, Awit teh henteu bubudakeun saperti anu disangka ku manehna. Cenah pindahna ti indungna teh lantaran hayang diajar macakal sorangan. Bongan ku manehna sok disangka bae aragul ku harta indungna. Awit hayang nembongkeun yen manehna ge bisa mandiri, henteu gumantung ka kolotna. Awit hayang jadi indung nu enya-enya bisa ngadidik anakna jaga.
Kuruwuk beuteung Inu nguruwuk. Karasa peurihna murilit, nagih eusi. Rek menta ka Awit, era deuih. Kapalang, unggal ditawaran sok nyebutkeun embung wae. Jeung Awitna deuih sok ngabaeudan wae. Ambekeun keneh kitu pedah disebut awewe bangor? Tapi geuning henteu jejebris ayeuna mah, jeung teu nyarek basa indungna indit ninggalkeun manehna di rumah sakit.
Inu leumpang ngadeukeutan pangsarean orok nu dikaribun ku kulambu bodas. Diteuteup wae orok nu keur ngageubra teh. Deudeuh teuing ngageubra tibra, kawas nu reugreug dumeh geus aya anu bakal nangtayungan. Geus meunang ditungguan ayeuna mah Ina teh di kamarna. Lantaran geus leupas tina mangsa-mangsa gawatna. Teu pupuguh hatena ge ngarasa reugreug. Asa bisa engapan deui nenjo Ina geus cageur teh.
Tina kaca jandela katempo di luar poek meredong. Rumah sakit geus sepi. Sakapeung-kapeungeun kadenge gandengna gilinding kareta nu ngaliwat. "Ih, na beuteung teh teu beunang teuing diparepehan," cek Inu ngagerendeng. Manehna leumpang ka tempat meja dahareun. Ayeuna mah Awit ngagolerna nyanghareup kana meja eta.
Inu rek ngarongkong rantang, tapi teu tulus, da katenjoeun Awit obah, gigisik panon. Sakali deui ngadeukeutan. Kop nyewol sangu sacewol jeung gorengan hiji.
Ceuleukeuteuk aya sora seuri ditahan. Inu ngarandeg. Ret ka Awit. Awit nu seuri teh. Ngalindur kitu? Henteu, henteu ngalindur, seuri enya. Nyeungseurikeun manehna tangtuna ge. Inu ngadeukeutan, nu seuri bangun seeleun terus seuri.
"Sssttt...! Kunaon Wit?"
Awit cengkat, neuteup ka Inu, key deui seuri, ditungkupan ku leungeunna. Inu ge teu tahan, key deuih seuri.
"Ku naon, Wit?" cek Inu.
Tapi nu seuri angger beuki ngehkey. Dideukeutan ku Inu. Kek taktakna duanana dicekelan pageuh. Nu dicekel ngagurinjal, terus diuk ajeg. Eureun seuseurian.
"Ku naon Awit gumujeng?"
"Atuda...," ceuleukeuteuk deui seuri.
"Ngagumujengkeun Kang Inu, nya?"
Awit unggeuk, key deui seuri, teu beunang ditahan.
"Jadi Awit teh can kulem?"
"Teu acan."
"Naha atuh, make api-api kulem?"
"Hayang terang we Kang Inu bade naon ngadodoho meja."
"Atuda lapar, Wit."
"Naha atuh ditawisan tara kersa?"
"Da nu nawisanana batur. Awit mah baeud wae, sih."
"Atuda bongan...," teu kebat.
Taktakna digeubigkeun. Awit ngalieus tungkul ka kenca, buukna milu nuruban beungeutna. Lalaunan disingklakkeun ku Inu. Peuting beuki jempling. Hawa tiis nyelesep, tiis pisan. (*)
Sambungan ti Bagian 14 |
Aam Amilia
T A M A T