Putri Leuweung Larangan

Jaman baheula pisan aya hiji raja gede, beunghar tur punjul ti raja-raja lian sarta kamashurkeun adil jeung pinter. Tapi sakitu beungharna jeung agungna teh, anjeunna teu acan sugema wae manahna, dumeh teu acan kagungan putra, anu baris ngagentos jadi raja.

Putri Leuweung Larangan

Hiji mangsa, anjeunna nimbalan patih ngadamel saembara, saha-saha anu bisa ngalandongan raja sareng prameswari, nepi ka kagungan putra, bakal diganjar duit salaksa dinar jeung imah katut pakaranganana.

Dukun lepus paraji sakti, datang ti mana ti mendi, ngabrul milu saembara. Tapi hiji oge taya nu hasil. Dukun teu metu, paraji teu matih, pandita teu mental. Kangjeng raja angger teu aya totondenna baris kagungan putra.

Kangjeng raja ngaraos kalangkung bingungna. Teras bae atuh neneda ka Nu Maha Suci, nangis ngagukguk nyuhunkeun putra anu utama baris pigentoseun ngereh nagara. Tina cengengna paneda, dina hiji wengi anjeunna ngadangu sora tan katingal, pokna, "Pamenta maneh ku Nu Maha Suci bakal dikabul, tapi henteu aya bagja boga anak lalaki, ngan dibere hiji anak awewe."

Henteu sabaraha lilana ti harita prameswari kagungan putra istri, mulus taya kuciwana, sarta dinamian Putri Endang Mayang. Kabingahan kangjeng raja taya papadana, malah poean putri diparasan, raja ngayakeun pesta, lilana tujuh poe tujuh peuting, sarta ngulem sakabeh pohaci papayung eta nagara.

Dina waktuna, kabeh para pangagung nagara kaasup para pohaci, sumping ngaluuhan kana upacara diparasanana putri. Ngan aya saurang anu henteu kaulem teh nyaeta Nyi Rara Demit anu ngageugeuh hulu dayeuh. Duka kumaha, dumadakan lat bae kangjeng raja teh teu emut.

Sanajan teu kaulem, Nyi Rara Demit angger sumping kana upacara parasan putri. Maksudna taya lian ti arek mulangkeun katugenah ka kangjeng raja, pedah asa teu dihargaan, ku cara nyupata putri dina waktu ngadunga sabada neukteuk buuk orok. Ngan niat Nyi Rara Demit teh kabade ku salah saurang pohaci, anu kamashurkeun luhur elmuna nyaeta Pohaci Wiru Mananggay.

Enggal bae Pohaci Wiru Mananggay teh nyumput dina bokor anu dieusi cai pikeun ngabaseuhan embun-embunan orok anu diparasan tea. Dina waktuna diparasan, sadayana pohaci ngadungakeun sangkan Nyi Putri jadi istri anu panggeulisna sarta pangdipika-asihna ku sarerea. Na ari palebah giliran Nyi Rara Demit, pokna teh, "Ieu orok patina aya dina kincir tinun. Engke lamun geus sawawa, dina sumedeng rumaja putri, bakal raheut leungeunna ku kincir sarta eta raheut moal beunang diubaran, sabab nya eta anu ngalantarankeun patina."

Kabeh tatamu anu ngadarangu karageteun, komo para istri mah rea anu patinghareruk, tina teu nyangka Nyi Rara Demit bakal nyupataan kitu. Kangjeng raja teu iasa sasauran, pameunteuna pias awahing keu reuwas. Komo prameswari mah, geus lain caturkeuneun deui, nepi ka les bae kapiuhan.

Teu lila, jol Pohaci Wiru Mananggay anu nyumput dina jero bokor tea kaluar sarta nyaur bedas, "Sadayana ulah reuwas, ulah rempan, kaula anu can neteskeun cirasa ka ieu orok. Ieu cirasa kapaliasan, watekna panyinglar sagala bahya. Tapi tina matihna supata Nyi Rara Demit, pati Nyi Putri tea teu bisa disinglar, ngan bisa digantian ku sare lilana saratus taun. Jadi, di mana Nyi Putri raheut ku kincir, moal tulus pupus, ngan kapiuhan bae, tuluy sare tibra saratus taun lilana. lamun geus jangkep baris digeuingkeun ku putra raja anu kasep tur pinter taya tandingna."

Ngadangu cariosan Pohaci Wiru Mananggay, kangjeng raja katut sadayana anu hadir ngaros lejar deui manahna.

Kacarioskeun sanggeus tujuh welas taun lilana, kangjeng raja sareng prameswari langkung-langkung bingah manahna, dumeh Agan Putri mulus taya pisan ririwitna, tur geulis dibeakkeun ku sorangan, estu taya cawadeunana. Keur geulis teh someah jeung hade basa, teu cegikan teu cedihan, berbudi rajin binangkit. Ah, pokona mah putri mustikaning putri Endang Mayang teh.

Dina hiji mangsa, Agan Putri ngersakeun jalan-jalan ka luar karaton, diiring ku para emban. Barang anjog ka hareupeun imah leutik camperenik, Agan Putri ngarasa panasaran kana sora anu kakara kadangu ku anjeunna. Sabada pupuntenan, sup ka jero imah, kasampak aya nini-nini anu keur muterkeun kincir.

Agan Putri teu ngiceup-ngiceup ningali kana kincir, anu ceuk anjeunna mah barang aheng, da kakara ningali tea.

"Eukeur naon, Nini?" ceuk Agan Putri.

"Eukeur ngincir, Eulis, ngagolongan benang tinuneun!"

"Cing, abdi ngajaran ngincir, meunang teu Nini?"

"Mangga bae, Eulis!" ceuk nini-nini bari ngised diukna saeutik. Gek Agan Putri calik gigireun nini-nini tea. Ceg nyepeng kana gagang kincir. Kakara pisan muterkeun saputeran, ces panangan Agan Putri katojos ku sisi kincir anu geus rogok, kawantu kincir geus butut. Rumpuyuk bae kapiuhan.

Nini-nini jeung para emban pahibut bari tulung-tulungan. Teu lami kangjeng raja sareng prameswari sumping. Barang kangjeng raja ningali pameunteu Agan Putri, tetela lain kapiuhan, tapi kulem tibra pisan. Ras anjeunna emut kana supata Nyi Rara Demit, ti dinya pok sasauran, "Ayeuna mah leuwih hade ieu Putri bawa bae ka karaton, ulah diceungceurikan, sabab geus nepi kana jangjina keuna ku supata Nyi Rara Demit. Nyi Putri lain kapiuhan, tapi keur kulem tibra."

Agan Putri enggal bae atuh dicandak ka karaton, dipernahkeun di kamar beunang mapaesan, simbutna sutra dewangga, anggoanana digentos ku nu sarae, sarta dikemitan ku emban-emban.

Teu lami sumping Pohaci Wiru Mananggay anu sakti tea. Barang breh ningali putri, pohaci ngahuleng sakeudeung ngawatek ajianana. Teu lami pok sasauran, "Engke lamun geus jangkep saratus taun, Nyi Putri bakal gugah. Ngan supados henteu bingungeun dina waktosna gugah, kudu aya nu ngawulaan anu geus wawuh. Anu matak sakabeh pangeusi nagara, iwal Kangjeng Raja jeung Prameswari, ku kula arek disirep supaya sarare saratus taun lilana. Kitu deui jeung karaton katut sakabeh eusina. Tah, ayeuna mah Kangjeng Raja sareng Prameswari, geura angkat bae ti dieu, geura ngababakan ngadamel nagara anyar di tempat sejen."

Pohaci Wiru Mananggay ngawatek sirepna, sakabeh pangeusi nagara sarare harita keneh. Iwal ti kangjeng raja sareng prameswari. Duanana nurut kana omongan Pohaci Wiru Mananggay, lunta ngantunkeun nagara. Ari karaton anu ditinggalkeunana, harita keneh ku pohaci anu sakti teh dipager ku tutuwuhan anu kacida galedena, nepi ka teu katingali aya karaton di jerona. Nya ahirna mah nelah bae jadi Leuweung Larangan.

Kacaritakeun sanggeus sababaraha puluh taun, eta tempat teh jadi tempat pamoroan, sampalan badak jeung uncal, malah eta tanah patilasan nagara teh geus kaereh ku hiji raja gede. Eta raja kagungan putra hiji pameget, teuing ku kasep, satingkah-saparipolahna matak pikayungyuneun bae, jenenganana Pangeran Lingga Wisesa. Ari karesepna kana moro. Beunang disebut taya dungus nu kalarung, taya sampalan nu kaliwat. Ari mulih ti pamoroan teh tara teu beubeunangan, kudu bae nyandak banteng atawa uncal.

Dina hiji poe, morona anjog ka Leuweung Larangan tea. Teu ku hanteu atuh, harita mah morona teh teu beubeunangan pisan. Tuluy bae timbul karepna hayang asup ka jero Leuweung Larangan. Tapi sakabeh pangiringna taya nu wanieun milu, lantaran eta leuweung teh loba kacaturkeunana. Leuweung anu kacida angkerna, dijaga ku dedemit jeung siluman-silemin.

Mulih ka karaton, sawewengi Pangeran Anom henteu kersa kulem, panasaran ku Leuweung Larangan. Sanggeus asak dimanahan, isukna Pangeran Lingga Wisesa nganggo anggoan kaperjuritan, nyungkelang pedang pusaka. Sanggeus tarapti, jut lungsur ti kaputran, clak tumpak kuda, Si Barong, ulesna dawuk ruyung, kuda anu geus biasa dibawa ka pangperangan.

Gancangna kuda digitik, derengdeng lumpat sataker tanaga. Jog bae ka sisi Leuweung Larangan. Pangeran Anom ngawatek ajianana, teu sakara-kara leuweung teh kawas nu muka, mere jalan ka Sang Pangeran. Pangeran Anom tuluy lebet ka Leuweung Larangan. Breh bae aya karaton kacida agrengna. Di palebah lawang saketengna aya dua welas perjurit anu ngajaraga, nyoren pedang nyekel tumbak. Tapi kabeh sarare. Malah komandanna mah, anu berengos, nyarande kana pilar bari nulak cangkeng, ari panonna peureum, kerekna sugar-segor.

Pangeran Anom lebet ka jero karaton. Ti palebah kamar anu pantona nutup, papaesna beda ti nu sejen sarta leuwih endah jeung leuwih hurung-herang, anjeunna ngarandeg. Lalaunan pantona dibukakeun. Ari bray teh muka, Pangeran Anom olohok sajongjongan. Eta kamar eusina istri wungkul, lolobana mah kawasna bangsa emban, sarare ngurilingan hiji pajuaran anu alus kabina-bina.

Pangeran Anom hatena ratug tutunggulan. Tuluy angkat lalaunan nyaketan pajuaran. Breh katingal aya istri anu kacida geulisna, kulem tibra. Hate pangeran beuki ratug bae, aya rasa suka pacampur jeung risi. Sukana asa mendakan istri anu salami ieu dianggo panyileukan, ari risina sieun ditampik ku nu geulis tanding pohaci.

Beuki diteuteup ditelek-telek, beuki ngaraos lalanjung bae. Tina bakating ku bogoh ka Agan Putri, tapi sieun ditampik, rumpuyuk bae kapiuhan sarta nyuuh kana sisi pajuaran. Pananganna anu katuhu nyampay kana panangan Agan Putri. Teu lami hiliwir angin panghurip nebak ka jero puri ku kawasana Pohaci Wiru Mananggay. Sakur anu katebak, patingkulisik nyararing tina sarena. Manahoreng geus datang kana mangsana, beak supata Nyi Rara Demit.

Kulisik Agan Putri gugah. Ari breh teh ningali ka beulah katuhu, aya pameget keur nyuuh kana sisi kasur, pananganana nyampay kana panangan anjeunna. Agan Putri henteu geruh, da tos diwartosan ku Pohaci Wiru Mananggay dina impenan. Eta pameget teh raja putra anu baris jadi carogena. Kulisik Pangeran Anom lilir. Teup paadu teuteup. Duanana ngaraos kajamparing asih, kapentang panah katresna. (*)


Putri Leuweung Larangan Putri Leuweung Larangan Reviewed by Rupa Sundapura on 19.30 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.