Si Kabayan Ngala Tutut

Cek Ninina, "Kabayan ulah hees beurang teuing, euweuh pisan gawe sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk."

Cek Si Kabayan, "Ka mana ngalana?"

Cek ninina, "Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura."

Dongeng Si Kabayan

Leos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katembong tututna loba, lantaran caina herang, jadi katembong kabeh. Tututna pating goletak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katembong kalangkang langit dina cai. Manehna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero soteh kalangkang langit. Cek Si Kabayan dina jero pikirna, "Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana eta tutut teh? Lamun nepi ka teu beunang, aing era teuing ku Nini. Tapi eta tutut teh sok dialaan ku jalma. Ah, deuk dileugeutan bae ku aing."

Geus kitu mah Si Kabayan leos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyere, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna deuk ti kajauhan bae ngala tutuna moal deukeut-deukeut, sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut meh sapoe jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua bae. Kitu oge lain beunang ku leugeut, beunang soteh lantaran ku kabeneran bae. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah eta leugeut teh teu daekeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, sereh jeung koneng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng bae, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

Cek ninina, "Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?"

Cek Si Kabayan, "Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katembong langit."

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

Cek Si Kabayan, "Heheh...el da deet." (*)

Si Kabayan Ngala Tutut Si Kabayan Ngala Tutut Reviewed by Rupa Sundapura on 19.21 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.