Cenang

Fiksi Mini Basa Sunda

Bari nyabunan piring, Nyi Kenoh nyarita humandeuar.

"Sarusah...baringung...salaki engke datang."

Nyi Ursih nu bareng kukumbah di tampian, gancang ngengklokan.

"Hih, naha sarusah? Naha baringung? Kudu atoh salaki datang mah. Pan sok babawaan sagala. Mangkaning geus tilu bulan nyabana teh, lain? Pasti rebo ku babawaan. Jaba...rukun sono..."

Nyi Kenoh anggur rambisak.

"Naha ceurik? Salaki nyaneh nyeleweng di panyabaan?" Nyi Ursih nyusud. Nyi Kenoh ngajawab ku gideug laun. Leungeunna sabeulah dipake nyusutan cipanon.

"Ih, sok teu pararuguh. Lain kadua atoh salaki jujur di panyabaan. Ayeuna datang sabada tilu bulan ngampleng," Nyi Ursih ngaweweleh.

"Atoh...atohna mah ieu oge," jawab Nyi Kenoh. Cipanon terus murubut. "Ngan...ngan..."

"Ngan naon...?" Nyi Ursih ngadesek. Teu sabar.

"Palangkakan cenang...!" jawab Nyi Kenoh.

Manuk galejra jalu bikang nu keur gulet silih gapruk dina tangkal kersen sisi tampian, ngadadak patinggeleber ngajauhan. Sorana ricit. Tarik. Kawas nu seuseurian. (*)


Usep Romli Abdul Hamid
Cenang Cenang Reviewed by Rupa Sundapura on 19.38 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.