Tabib Teu Sakti

Barakatak

Munajat teuing ku rajin pisan ngadatangan tabib jeung dukun. Ari kasakit anu karandapan ku manehna nyaeta peluh. Teuing geus sabaraha puluh urang tabib jeung dukun anu kungsi didatangan ku manehna, tapi angger bae kasakit peluhna teu cageur-cageur.

Meunang raratan ti babaturanana, cenah aya tabib teureuh India anu bisa ngubaran kasakit peluh. Atuh puguh bae asa mobok manggih gorowong. Teu kungsi didongengan dua kali, kencling bae Munajat muru ka tempat praktek eta tabib.

Sihoreng rada aneh prakprakan nambaan eta tabib teh. Lain diolesan sakumaha biasana, tapi "manuk" anu cindeten bae teh disulingan. Enya we, "manuk" anu paeh teh barang disulingan ku eta tabib, dadak sakala jadi hirup tur maceuh.

Munajat ge kahayangna mah kitu, sugan jeung sugan tabib teh sakti. Atuh gagancangan manehna nangkarak. Calana panjangna geuwat dilaan, ngan kolorna mah henteu, da ceuk eta tabib teu kudu. Nyaho gugurubugan we cenah "manuk" euweuh guam teh.

Sabada eta tabib tipoporose niup suling, ujug-ujug kuniang we...tali kolor Munajat hudang. Terus ugal-igel nuturkeun wirahma suling. Ari "manukna" mah angger we hees tibra na jero kolor. (*)

Tabib Teu Sakti Tabib Teu Sakti Reviewed by Rupa Sundapura on 20.03 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.