Boedak Lintoeh

Roesdi djeung Misnem

Ka dieu, baroedak! Maraneh geus papanggih djeung oedjang Gěmbroe? Saha noe tatjan? Geura ilikan ieu gambarna.

Roesdi djeung Misnem

Euleuh! Euleuh! Geuning lintoeh nakěr. Pipina mani karěbi, beuteungna njěmploe. Poegoeh! Pang disěboet oedjang Gěmbroe oge, da gěde beuteung. Ari ngaranna noe saěnjana mah Oedjang Roesdi.

"Dadaharanana oenggal poe beak doea kati," tjeuk ěmana. Ari deungeun sangoe salawasna meakkeun batoer. Barang hakanna taja eureunna. Ti barang hoedang něpi ka doeg hees, soengoetna teu petot-petot njapek. Sakoer kahakanan noe kapanggih dihoeapkeun.

Tah kitoe sababna pang lintoeh teh! Sore isoek teu aja deui gawena, ngan oelin bae di kěbon. Toeh geuning, badjoena, tjalanana, mani rarawing, sok tikakarait kana pagěr. Koe kolotna papakeanana tara pati dioeroes, bongan gagabah. Omong ěmana, "Keun bae soegan kapokeun." (*)

Boedak Lintoeh Boedak Lintoeh Reviewed by Rupa Sundapura on 22.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.