Parabot Nu Dijieun Tina Garabah, Kai, jeung Sajabana

Pangajaran Basa Sunda

Parabot nu dijieun tina garabah

  • Anglo » Hawu leutik paranti masak
  • Cowet » Paranti nyambel, ngarujak, atawa ngalotek
  • Gentong » Wadah cai
  • Jajambaran » Tempat kukumbah
  • Kekeb » Paranti nutupan sagu dina aseupan
  • Kendi » Wadah cai asak pikeun nginum
  • Keren » Paranti nyieun surabi (anglo leutik)
  • Mutu; gegerus » Paranti ngarendos bungbu pikeun masak
  • Pariuk » Paranti ngangeun
  • Paso » Saleutikeun jajambaran
  • Pependil » Paranti ngaliwet

Parabot nu dijieun tina kai, awi, hoe, jeung sajabana

  • Abir » Peso gede paranti motongan daging
  • Anglo » Paranti ngayak tipung
  • Bokor » Tempat bubuahan tina tambaga
  • Cakil; cangklek » Paranti ngagantungkeun siwur atawa ngaitkeun boboko
  • Canting » Siwur leutik tina awi
  • Cempor » Damar leutik (make minyak tanah)
  • Cewo » Wadah apu pikeun ngalemar
  • Damar » Pikeun nyaangan di dapur (make minyak tanah)
  • Delepak » Paranti nyaangan make minyak suuk
  • Dingklik » Jojodog jangkung keur diuk waktu gogoreng
  • Dongdang » Wadah kadaharan anu geus asak (biasana keur ondangan)
  • Dulang » Paranti ngarih atawa ngakeul tina kayu
  • Gerengseng » Paranti nyieun dodol/wajit
  • Giribig » Sabangsa bilik tapi dianyam rarekep keur moe bangsal (pare)
  • Goah » Ruangan leutik paranti nyimpen beas atawa tempat ngukus
  • Halu » Paranti nutu
  • Jojodog » Paranti diuk bari nagog
  • Kacip » Pameulahan jambe (saperti gunting)
  • Kaneron » Kantong tina hoe anu bias dicangklek
  • Kati » Paranti nyiuk beas tina batok kalapa
  • Kawali » Paranti gogoreng
  • Keda » Paranti nyimpen sangu tina kayu nari aya tutupna
  • Kele » Paranti ngala cai
  • Koja » Wawadahan tina jaring
  • Loloco » Paranti ngaloco lemareun (biasa tina tambaga atawa kuningan)
  • Meno » Cangkir leutik taya gagangan
  • Padaringan » Tempat nyimpen beas
  • Paraseuneu » Tempat nyimpen bibinihan luhureun hawu
  • Peso » Paranti keukeureut olahan di dapur
  • Poci » Teko leutik
  • Seeng » Paranti nyangu make aseupan
  • Sinduk » Paranti nyiuk angeun (tina batok kalapa)
  • Siwur » Paranti nyiuk cai
  • Songsong » Paranti niup seuneu di hawu
  • Talenan » Paranti ngahiris bawang atawa bungbu lianna
  • Tampolong; paidon » Tempat ngaluah anu nyeupah
  • Teko » Paranti wadah cai pikeun nginum
  • Ulakan » Pikeun ngageleng jenggel keur nyieun opak (*)
Parabot Nu Dijieun Tina Garabah, Kai, jeung Sajabana Parabot Nu Dijieun Tina Garabah, Kai, jeung Sajabana Reviewed by Rupa Sundapura on 17.25 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.