Si Kabayan Gede Ambek

Si Kabayan keur kadatangan jurig ambek. Dina hiji poe, manehna mangkat nguseup. Ti isuk keneh useup geus dialungkeun, tapi nepi ka wanci lohor, can beubeunangan lauk hiji-hiji acan. Tungtungna manehna ngan bati ambek-ambekan. Eukeur mah kesel, katambah sirah kapanasan, atuh puguh we beuki edan.

Dongeng Si Kabayan

Kira-kira jam dua, dimana poe keur meujeuhna panas mentrang-mentring, torojol hiji lalaki nu nanggung jagong. Bari haruhah-harehoh, manehna tuluy eureun handapeun tangkal caringin, gigireun pisan Si Kabayan nu keur nguseup.

Tukang jagong nanya, "Meunang Kabayan ngusep teh?"

Si Kabayan nyentak, "Teu meunang kusaha... ???!!!"

Tukang jagong rada reuwas. Bari singkil manehna menerkeun leungeun bajuna, terus nanya deui. "Galak kabayan laukna?"

Si Kabayan mesat bedog bari pok ngomong, "Kadek bae kadek, galak mah!!!"

Tukang jagong reuwas. Berebet lumpat satakerna, ninggalkeun tanggungan jagong. Sangkaan manehna marukan rek dikadek.

Ceuk Si Kabayan, "Beurat-beurat oge, ieu mah leuwih ti meunang nguseup." Kituna teh bari balik nanggung jagong. (*)

Si Kabayan Gede Ambek Si Kabayan Gede Ambek Reviewed by Rupa Sundapura on 15.43 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.