Sieuneun Mangle
Ti bubudak geus kabungbulengan ku Nyi Mangle. Karesep teh maca carita dina puriding-puringkak jeung barakatak. Najan hirup di kampung bau lisung, jauh ka bedug, anggang ka kota, tapi kabeneran lanceuk jadi pagawe nagri di Bandung. Unggal mulang ka lembur pasti ngirim oleh-olehna Mangle. Najan karek umur sabelas taun, tapi kacida mikageugeut kana majalah kareueus urang Sunda, malah sakapeung sok tulas-tulis dina keretas sesa, susuganan jaga bisa jadi pangarang di majalah Mangle.
Ayeuna umur teh geus tunggang gunung, geus reup-reupan, tapi karesep kana Mangle batan asor kalah beuki pogot. Cita-cita baheula, ayeuna jadi kanyataan, bisa jadi pangarang di Mangle. Salila geugeut layeut jeung majalah Mangle, aya kajadian aheng anu aya patalina jeung Mangle.
-=oOo=-
Lembur singkur di suku gunung, jaman tai kotok dilebuan. Imah-imah panggung cul-cel pajarauh, kasumputkeun runggunukna tangkal-tangkal kai anu baradag ngarampidak. Ti lembur ka lembur disambung ku geledegan leuweung ganggong, harieun caneom pikabetaheun jurig jeung onom.
Mulang ti sakola rurusuhan, sabab poe kamari aya lanceuk ti Bandung, biasa, oleh-olehna Mangle. Sono, hayang buru-buru maca puriding-puringkak. Teu inget kana ganti baju, teu karasa lapar, buru-buru muru meja di tepas. Orokaya, anu diteang geuning suwung, mani hanjelu. Hanas rurusuhan, ari pek anu diburu-buruna teu nyampak.
"Ma, ari Mangle di kamanakeun?" Sanggeus katatang-koteteng teu kapanggih, terus ka dapur nanyakeun ka nu jadi indung.
"Jeh, puguh tadi teh aya bapa guru ti peuntas, ti Bugel, ningalieun Mangle, teras di candak. Ditambut sawengi cenah, isukan dianteurkeun bari ka pasar Rancah." Ema ngabejakeun Mangle teh aya anu nginjeum.
Poe asa ku lila, nu ditungguan teu daek jol. Jalma-jalma anu ka pasar Rancah geus marulang deui. Unggal aleutan anu leumpang diteges-teges, sugan aya bapa guru anu kamari nginjeum Mangle. Nepi ka aleutan geus gunta-ganti, nu diteangan angger suwung.
Mentegeg hate teh. Ngaran kana maca Mangle teu bisa dibangbalerkeun. Wanci asar geus datang, nu rek nganteurkeun majalah teu jol keneh wae. Antukna jung wae indit jeung babaturan, rek neang Mangle ka peuntas. Hadena keur usum halodo, jadi meuntas walungan Cijolang teu kudu kana rakit. Jauh lembur Bugel teh, aya kana dua kilo meterna.
Datang kanu di tuju kabeneran bapa guru anu nginjeum Mangle teh keur aya.
"Geuning jang Nana, sok kadieu kalebet!" Nu didatangan teh geuning mani someah alus semu, sieup jeung sesebutananna, bapa guru.
"Punten Pa, ka dieu teh bade ngabantun Mangle. Abdi teu acan maca." Terus wae bebeja kana tujuan pangna nganjang ka imahna.
"Aduh, puguh aya anu nambut ku rerencangan, maklum guru-guru mah raresep pisan kana Mangle teh. Ke atuh urang candak heula. Antosan sakedap nya, tah bari ngaleueut!" si bapa guru teh sasadu, bari terus nitah nungguan rek nyokot heula majalahna di babaturanana.
Rada lila oge nungguan anu keur nyokot Mangle teh. Di langit beulah kulon layung geus ngempur hurung, geus reup-reupan, mangkaning jalan mulang anu disorang teh ngaliwat astana.
"Na, kumaha yeuh urang kapeutingan, mangkaning di palebah astana sok aya jurig leneng nyingsieunan." Babaturan hariwangeun sieuneun kapeutingan di jalan.
"Maneh apal ayat Qursi?" Malik tumanya ka babaturan.
"Lah, puguh apal sawareh, mun sorangan mah sok poho deui, iwal lamun macana rame-rame, enya sok inget." Babaturan ngajawabna bari jiga anu humar hemir.
"Eunggeus kajeun, tong sieun-sieun teuing, urang apal kana ayat Qursy mah. Pan ceuk Ema oge, mun panggih jeung jurig, baca bae cenah ayat Qursy ditarikeun, ngarah kadengeeun ku jurigna, sok terus sieuneun." Ngabeberah ka babaturan, da sabenerna mah sorangan oge keueung, humar-hemir rek nyorang jalan mulang teh, bakuna mah di palebah rungkun tamiang handapeun astana.
Keur guntreng duaan, kurunyung anu neang Mangle datang. Song dibikeun bari sasadu, pedah Pa Guru na telat mulangkeun. Geus karuhan kabawa mah, terus bae amitan mulang. Langit geus poek, layung teu tembong deui. Duaan nigtrig leumpang rusuh sieun kapeutingan. Waktu keur meuntas Cijolang, di masigit ngalanglaung sora adzan, ngahudangkeun kakeueung.
"Na, kumaha urang, ka lembur jauh keneh, magrib geus datang, cenah mangsa jurig harudang. Hiiiyyy...sieun urang mah, mangkaning rek liwat kuburan." Babaturan ngecebrek bari bibirigidigan, sieuneun ku jurig leneng nu aya di rungkun tamiang.
"Ari geus kudu kumaha atuh, moal enya urang kudu sare sisi Cijolang mah. Jeung deui sieun-sieun teuing, da can aya anu kabejakeun jalma paeh dihakan jurig. Ukur nyingsieunan anu borangan. Kanu ludeungan mah cenah tara ganggu ieuh." Ngomong daria, ngabeberah babaturan sangkan ulah sieuneun teuing.
"Ari maneh ludeungan?" Babaturan tumanya bari nempo beungeut.
"Sarua sieun!" Ngabelehem ngajawab teh, da saenyana sorangan oge geus ruyrey sieun, ti tadi keneh, ngan henteu nempokeun, sieun babaturan tambah sieuneun.
"Keheula Na, kabeneran tuh aya tangkal sampeu ngagoler," babaturan ngarandeg terus nyokot tangkal sampeu, dibeletokeun jadi dua.
"Keur naon tangkal sampeu, kateuteu ari maneh mah, moal sieuneun tangkal sampeu jurig mah." Heran ku babaturan, sieun ku jurig anu dicokot tangkal sampeu.
"Ari maneh euweuh kanyaho. Ceuk kolot, lamun leumpang peuting mapay anu bala, kudu mekel tongkat tina tangkal sampeu, bisi panggih jeung oray. Oray mah apesna cenah ku tangkal sampeu." Babaturan teh geuning nyahoan kanu kararitu.
Ngobrol bari leumpang, teu karasa geus deukeut ka astana Bulak Lega, tempat anu harieum poek ku tatangkalan baradag. Sisi makam pinuh ku tangkal pandan. Aya dua jalan satapak pikeun sorangeun ka lembur, ngan kabehna oge ngaliwat tempat sungil.
"Na, urang rek liwat ka jalan mana euy?" Babaturan ngarandeg palebah jalan cagak. Anu disebut jalan teh ukur sesebutan, satapak suku teh lain bohong.
"Teuing euy! Ka tonggoh nyorang astana anu pinuh kuburan. Motong jalan ka handap kudu ngaliwat rungkun tamiang, aya jurig leneng."
Bingung, duaan ngahuleng heula milih pijalaneun balik.
"Urang ka handap wae anu deukeut, sugan jurig lenengna keur nyaba." Babaturan ngajak jalan handap. Nurutkeun kamana wae, sarua pikasieuneun.
Ti saprak mudun ka jalan handap, geus teu bisa ngobrol deui. Hate murengked, humar-hemir sieun. Suku asa beurat, rek ngalengkah mandeg-mayong. Babaturan embungeun ti hareup. Ayat Qursy dibaca gegerenceman, ti tadi keneh. Babaturan nempel teu daekeun anggang. Keur kitu, korosak, sewur, aya anu ngawurkeun taneuh keuna pisan kana sirah, jolna tina rungkun tamiang sisi lamping.
"Ampun...ampun, tong ngopenan uing! Bacakeun atuh sing tarik ayat Qursy teh, Na!" Babaturan ngompod ngeleper, ngomong haroshos pinuh kasieun.
"Puguh titadi oge dibaca, ngan teu bisa tarik, teu bijil sora euy. Uing oge sieun."
Teu puguh rarasaan. Rek lumpat, suku hese ngalengkah, beurat asa aya anu nyekelan. Leumpang maju hese jauh, asa aya anu ngabeungbeuratan. Keur kitu, sewur aya deui anu ngawuran, keuna kana awak duaan. Babaturan tepi ka ngagajleng nubruk tonggong. Keur mah reuwas ti tadi keneh, leumpang oge teu jejeg, ditubruk pisan, atu teu walakaya. Gubrag duaan patindih dina solokan. Angkohan mah rek buru-buru hudang, orokaya, sewur, sewur, aya deui anu ngawuran sababaraha kali. Rek maca ayat Qursy kalah balabab-belebeb.
"Ha...ha...ha...!" Aya anu seuseurian, babarakatakan, sorana ti beh hareup, tapi jirimna mah teu tembong.
"Tu...tu...tung, eh, tu...tu...tulung." Maksud mah ngagero sataker kebek supaya aya anu ngadengeeun, tapi anu kaluar ukur sora alawah-euleuweuh. Babaturan muntangan cangkeng, puguh jadi teu bisa menyat, teu bisa hudang.
"Ha...ha...ha....!" Anu babarakatakan aya deui. Kolebat...jleg...! Hareupeun aya mahluk hideung buleneng. Hulu gundul, awak rangkebong, matana bolotot celong, biwir kedewil, irung jiga kutil, make pakean hideung rangsak rawek. Eta jurig ngagegag ngadeukeutan, leungeun di ranggahkeun.
Duaan masih ngajoprak dina solokan. Babaturan geus ngahiek bau hangseur. Jurig leneng beuki deukeut. Mega anu ngahalangan langit nyingray ngidul, langit jadi lenglang caang. Alam sabudeureun jadi teu poek teuing, ngan jurig beuki awas katempona. Pikagilaeun, pikasieuneun.
Basa jurig leneng engklak-engklakan ngadeukeutan, geus teu bisa ngagero deui. Geuwat weh Mangle anu titadi dikeukeuweuk teh dipake nungkup beungeut, bakat ku teu wani nempo eta jurig. Barang rup Mangle dirungkupkeun kana beungeut, jurig leneng ngajerit tarik pisan.
"Tobaaat...! Ampuuun...ampuuun...ibu ratu!!! Aaammmpuuun...!" Jurig leneng ngajerit menta ampun.
Naha aya naon make nyebut ampun sagala. Jabaning sanggeus jurig leneng ngajerit, bet jadi jempling. Lalaunan Mangle teh di kahandapkeun, geuning jurig leneng teh geus leungit.
Korejat hudang. Babaturan oge nguniang hudang, terus hanjat tina solokan. Untung usum halodo, solokanana keur garing. Mun usum hujan, jibreg pastina oge.
Luak-lieuk sieun jurig tadi aya deui, tapi teu aya nanaon. Ngan anu jadi aneh teh, naha jurig tadi make sieuneun ku Mangle.
Babaturan hariweusweus, nyaritakeun anu ngajerit. Terus Mangle teh dialak-ilik, digabar-geber, bisi aya jimat di jerona. Teu aya nanaon, tapi tadi kunaon jurig leneng nyebut ibu ratu. Sanggeus disidik-sidik, horeng tadi waktu ngarungkup beungeut ku Mangle, gambarna aya di beulah luar. Gambar wanoja geulis rancunit, nganggo sinjang batik rereng, dikabaya hejo. Dina sirahna nganggo mahkuta koneng emas. Di kencaeun sirahna ngarumbay runtuyan malati. Jadi jurig tadi teh sieuneun ku foto dina jilid Mangle, meureun panyangkana mah eta teh ratu laut kidul. (*)
Andang S. Argayuda