Sajarah Wayang
Wayang asal kecapna tina bayang, nu hartina nyaeta lalakon wangwangan adeg-pangadegna jelema, boh lahirna boh batinna, diwujudkeun ku peta-peta model wangwangan jeung dilalakonkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan salendro, ditanceb-tancebkeun dina gebog cau (Danadibrata, 2006: 739). Ruhaliah (2002: 52) netelakeun yen wayang asal kecapna tina 'wa' jeung 'hyang'. 'Wa' nyaeta wadah, 'hyang' nyaeta dewa.
Wayang nyaeta sarupa jejelemaan tina kulit atawa tina kai nu diibaratkeun dilalakonkeunana dina carita Mahabarata, Ramayana, jeung sajabana. Dina pagelaran wayang, Ki Dalang biasana sok dipirig ku gamelan jeung sinden (KUBS, 1995: 561).
Wayang nyaeta hiji wangun seni pagelaran dina wangun drama nu has, nu ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni musik, seni tutur, seni lukis, jeung rea-rea deui (Pasha, 2011: 17). Nurutkeun Pranowo (2011: 1) wayang nyaeta salasahiji wangun teater tradisional nu pangbuhunna.
Sajarah Wayang
Nurutkeun Mulyono (Pranowo, 2011: 1) wayang geus aya ti jaman Neolithikum, nyaeta kira-kira 1500 samemeh masehi. Wayang nyaeta pintonan dina wangun teater tradisional nu pangbuhunna. Suryana (2002: 51) netelakeun yen perkara wayang geus aya bukti tinulisna, nyaeta dina prasasti Tambaga taun 840 M (762 saka). Dina eta prasasti ditulis ngeunaan hiji pagawean nu hartina tukang wayang, dalang nu sebutanana aringgit. Kitu deui dina prasasti Ugrasena (896 M) dituliskeun ngeunaan pagelaran kasenian, salasahijina "parbwayang" atawa pagelaran wayang. Lian ti eta dina mangsa kakawasaan Raja Balitung, pagelaran wayang geus aya nu diguratkeun dina prasasti Balitung taun 907, kalimahna: "Sigaligi mawayang buat Hyang, macarita Bhima Kumara. Hayang nyaho di sakweh ning carita ma: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, sing sawatek carita ma memen tanya" (Danasasmita, 1987: 83).
Hartina nyaeta lamun hayang nyaho sakabeh carita saperti Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, sakabeh carita tanyakeun ka dalang (Danasasmita, 1987: 107).
Rassers (Pranowo, 2011: 3) netelakeun yen pagelaran wayang Jawa lain asli karya asli urang Jawa. Pagelaran wayang nu aya di Jawa nyaeta hasil titiron nu geus aya di India. Di India geus aya pagelaran bayang-bayang mirip jeung pagelaran wayang di Jawa.
Schlegel (Pranowo, 2011: 3), mere sawangan yen dina kabudayaan Cina kuna aya pagelaran sarupa wayang. Dina waktu pamarentahan Kaisar Wu Ti, kira-kira 140 samemeh masehi, aya pagelaran bayang-bayang sarupa wayang. Tuluy ieu pagelaran sumebar ka India, tuluy ti India dibawa ka Indonesia. Pikeun ngadeudeulan ieu hal, dina majalah Koloniale Studien, saurang penulis mere sawangan ayana sasaruaan kecap antara basa Cina, Wayaah (Hokian), Wo-yong (Kanton), Woying (Mandarin), nu hartina pagelaran bayang-bayang, sarua jeung wayang dina basa Jawa.
Unggal tokoh miboga pamadegan sewang-sewangan ngeunaan sajarah wayang ti mana asalna. Sajarah sumebarna wayang ti India ka Timur Tengah, tuluy ka wetan ka Asia Tenggara. Wayang nu langsung ka Indonesia disebut Wayang Kulit Purwa. Wayang ti Indonesia ka Malaysia disebut Wayang Jawa (Pranowo, 2011: 4).
Dina abad ka-4, jalma-jalma nu ngagem agama Hindu datang ka Indonesia, utamana para padagang. Dina eta kasempetan urang Hindu mawa ajaran kitab Weda jeung epos carita India nyaeta Mahabarata jeung Ramayana dina basa Sanskrit. Abad ka 9, muncul carita dina basa Jawa kuna dina wangun kakawen nu nyinekel kana carita Mahabarata atawa Ramayana. Contona Arjunawiwaha karangan Empu Kanwa, Bharatayuda karangan Empu Sedah jeung Empu Panuluh, Kresnayana karangan Empu Triguna, Gatotkaca Sraya karangan Empu Panuluh, jeung rea-rea deui (Pranowo, 2011: 4).
Hazeu (1897) dina Mulyono (1982: 8), miboga sawangan yen pagelaran wayang asalna tina kasenian asli Jawa. Ieu hal ditembongkeun ku ayana istilah-istilah basa Jawa nu sering dipake, saperti:
- Wayang, dina basa Jawa hartina kalangkang.
- Kelir, hartina tabir. Lamun sacara leuwih jero, kelir teh hartina hiji hal nu dibeberkeun.
- Blencong, nyaeta lampu minyak nu sumbuna manjang, gede, jeung kandel.
- Kothak, mangrupa peti nu tutupna gampang ditutupkeun jeung gampang dibukakeun.
- Kepyak atawa kecrek
- Dalang, hartina jalma anu magelarkeun wayang.
Dina susunan imah tradisional di Jawa, biasana aya istilah emper, pendhapa, omah mburi, gandhok senthong, jeung rohangan pikeun pagelaran ringgit (pringgitan). Dina basa Jawa, ringgit hartina wayang (Pranowo, 2011: 3).
Salmun (1942: 1) sapamadegan jeung Hazeu, yen wayang jeung ngawayang teh asli Jawa. Carita anu dilalakonkeunana mah memang nyokot tina carita Mahabarata jeung Ramayana nu aya di India. Cirina upamana nyebutkeun lalampahan, teu jauh ti nagara Astina, Wirata, Madura, Amarta, jeung sajabana. Lian ti eta, meberna kelir, hurungna balincong, ngabaralangna dalang, haleuangna Nyi Juru sekar/sinden, agemna tatabeuhan, jeung ngigelkeunana wayang. Cindekna, ngawayang teh asli kabudayaan pulo Jawa, lain ti mancanagara.
Sajarah Wayang Golek
Wayang nu aya di Pasundan teh asalna ti Jawa. Wayang di Pasundan dibawa ku Maesa Tandreman dina taun 124. Sunan Giri ngawuwuhan wayang ku wanara. Wanara nyaeta monyet nu dina lalakon Batara Rama diluluguan ku Sugriwa. Alam harita wayang Wanara teh matana dua, cara buta. Sunan Bonang ngawuwuhan ku gambar sasatoan, kayaning gajah, kuda, garuda jeung rea-rea deui. Sangkan leuwih rempeg tuluy nganggit "rampog".
Sunan Kalijaga ngatur kelir, gebog, jeung balincong. Lian ti ngarobah gambarna, Sultan Demak nyieun gugunungan sarta ngatur nancebkeun (jantur) wayang dina gebog kenca katuhueun dalang. Di tengah-tengah, hareupeun dalang dikosongkeun pikeun ngawayang, disebutna jagat. Cindekna, ayana tatanggapan "kalangkang jejelemaan" teh hojahna Sunan Kalijaga, da nu sejen mah ngawayang teh teu make kalangkang (Salmun, 1942: 3).
Dina taun 1521 mah wayang teh ngagebleg wae. Sedengkeun dina taun 1555 waktu anu jumeneng Sultan di Demak Raden Trenggana, jujuluk Sultan Sah Alam Akbar III, kakara wayang teh ditatah, kitu ge teu kabeh, ngan ukur panonna jeung sungutna bae, ngarah henteu ngagebleg teuing. Dina taun 1515 jeung 1521, Sunan Giri jeung para wali ngarempegan eta wayang. Dina taun 1563, Sunan Giri nganggit wayang Gedog, bangunna mah cara nu enggeus-enggeus bae ngan makuta, gelungna nu nguwul dipiceun, sarta kabeh wayang boga keris (Salmun, 1942: 6).
Wayang Beber anu meh leungit, kasedekkeun ku wayang kulit tea, dina taun 1564 ku Sunan Bonang dihudangkeun deui, babakuna tatabeuhan direaan, disebutna katiprak, ari sarupa-sarupana nyaeta rebab, kendang, terebang, angklung, kenong jeung kecrek. Dina taun 1581, Sultan Pajang nu jenengan Raden Jakatingkir, jujuluk Sultan Adiwijaya ngarobah deui wayang, babakuna leuwih dialusan natahna, nepi ka unggal gurat sungginganana (Salmun, 1942: 7).
Salasahiji tempat mekarna seni wayang Golek nyaeta Cirebon dina mangsa Sunan Gunung Jati (1479-1568) nyekel kakawasaan pamarentahan. Wayang nu mekar di Cirebon harita nyaeta wayang Golek Papak/Cepak nu dimangpaatkeun pikeun da'wah Islam. Cenah baheula minangka mayarna teh nyaeta maca dua kalimah syahadat. Carita nu dilalakonkeunana nyaeta Amir Hamzah (Suryana, 2002: 74-75).
Dina taun 1583, Sunan Kudus nyieun wayang Golek keur tanggapeun ti beurang. Dayeuh Pasundan nyaeta tempat sumebarna pagelaran wayang Golek. Sumebarna eta pagelaran wayang Golek teh kawilang hese, kitu ge ngan di kabupaten-kabupaten wungkul (Tanah Pasundan Kidul tarahal ku pagunungan), turug-turug nu ngarti kana basa Jawa teh ngan hiji dua bae, sakur nu rada lila ngumbarana di Jawa Tengah. Jaba ti kitu, nu jadi dalangna oge langka (Salmun, 1942: 9).
Wayang Golek ti Cirebon oge beuki jauh asupna ka Priangan. Nu bisa ngadalang beuki rea lantaran kajurung ku resep. Ti harita wayang Golek mimiti punjul dipikaresep ku urang Sunda, lantaran jaba ti beunang ditanggapna ti beurang, ti peuting oge bisa. Bangunna oge leuwih mijalma, lantaran sasatna awak sakujur teu beda ti jelema make kedok. Nu teu tembong teh ngan ti semet cangkeng ka handap. Tapi lantaran disampingan, jadi asa aya bae awak bagian ka handapna teh (Salmun, 1942: 9).
Balukar majuna jaman, kaayaan wayang Golek oge beuki maju. Nu bisa ngadalang beuki rea tur kabehdieunakeun mah ngadalang teh henteu dimistikeun kudu basa Jawa bae. Ku eta hal, atuh urang Sunda teh beuki rea wae mirosea, nepi ka cek sawareh mah magar geus aya ti dituna, yen pikeun urang Jawa dibahanan wayang Kulit, ari pikeun urang Sunda mah wayang Golek (Salmun, 1942: 10).
Jaba ti wayang golek, wayang di Pasundan nu kungsi aya nyaeta wayang Lilingong jeung wayang Wong, kitu ge ayeuna mah pohara arangna. Baheula kungsi aya wayang Lilingong teh di Pacet (Cianjur), taun 1932. Wayang Lilingong teh arek cara wayang Golek bae, tapi pohara daraponna kawas anu sakadaek bae ngarekana. Ngaran-ngaranna oge beda jeung wayang Purwa. Jigana wayang Lilingong teh mangrupa hasil titiron tina wayang Krucil di Jawa, lantaran tatabeuhanana pohara basajanna, upama dibandingkeun jeung tatabeuhan (salendro) dina Golek, nepi ka jiga anu dapon araya soraan bae. Wayang Wong umurna leuwih ngora batan wayang Kulit atawa Golek tapi musnana mah leuwih ti heula. Wayang Wong di Pasundan jeung di Jawa, baheula mah teu aya bedana sagala-galana, tapi lila-lila lantaran pada boga rasa pada bogoh, karasep, wayang Wong tea oge jadi beda (Salmun, 1942: 10). (*)
Nano Sutrisno