Pitapak Ririwa

"Tah gening Bah Sobir, mangga teras ka lebet Bah!" ceuk saurang lalaki ngabageakeun. Di jero rohang ngarogrog awewe lalaki, budak leutik ronghok tina kaca nako. Bah Sobir ngalacat, nu ngarogrog nyengled mere jalan. Breh weh budak lalaki kumeuheur keur direjeng ku opatan, beulah leungeun kenca katuhu, sarua lebah sukueun ge.

Carita Sunda Misteri

Nu ngarejeng teu eureun babacaan sabisana-sabisana. Sababaraha urang keur ngajampean cai dina gelas.

"Sadar, Jang...! Sadar...! Istighfar...!"

Teu kabayang mun nu ngajampe sapuluh urang, berarti sapuluh gelas. Sapuluh gelas diinumkeun, piraku teu kakabueun.

"Mmmmmh...hmmmm...rrrrr...!" Jang Oding gegereman burial buncelik bari gugurinjalan. Meureun dasar-dasarna basa lelemes mah ngagerem.

"Dedemit jurig nyiliwuri, setan siluman marakayangan, geura nyingkah siah. Barina ge beda alam beda ciciptaan, na bet sasab nyarumah kana waruga manusa!" Nu ngarejeng teu reureuh baceprot. Demi ari Si Abah Sobir ngajanteng sajongjongan nelek-nelek imeut pisan.

"Aingah...mmmmh...lain nyarumah deuleu! Ngahaja deuk mawa Si Oding, kajurungan ku dunungan!"

"Ke...ke...ke...! Teu gugur teu angin jug deuk mawa anak aing, teu linglung mah sia teh juriiig?!" Mang Utay bapa Jang Oding kekerot bubuhan loba batur, mungguhing ari punduk mah geus ngajuwid baning ku seber.

"Cikan tong dijaregelan bae, lesotkeun we!" Bah Sobir karak nyoara, keteyep nyampeurkeun.

"Moal nanaon, Bah?" Kang Momo nyelengkeung, cekelanana ngendoran.

"Moal, insyaallah!"

"Nanaona sia teh deuk pipilueun sagala kana urusan aing?!" Jang Oding muncereng ka Bah Sobir, kituna bari ender-enderan. Ieu kolot kahot urang Lembur Gede teu lemek, ayem we.

"Culkeun we!" pokna deui. Bareng jeung lalesot panyekel, Jang Oding ngagurubug laju diuk ngarengkebeng. Nu opatan ngaburiak ka tukangeun Bah Sobir.

"Hmmmmrrr...geus waktuna aing indit mawa Si Soding, jagragkeuneun ka dunungan aing!" cenah. Sorana beurat pikakeueungeun tur matak kukurayeun. Jung cengkat. Bah Sobir gentak ngeupeulkeun leungeun katuhu,

"Mangkelanan!" cenah nyentak. Bruk Jang Oding ngarumpuyuk laju kokosehan jeung panas-panasan. Nu ngarariung cing derengdeng sapangabisana sewang-sewangan. Padungdengan ragot antara Bah Sobir reujeung lelemes nu ngancik dina waruga Jang Oding teu kabeh bisa kaboker, ngan tungtungna Bah Sobir ngancam ditempas ancaman deui.

"Mun teu ngabejakeun Si A, Si Be-na anu ngajurungan sia, tong ngarep-ngarep sia bisa mantog ka alam sia!"

"Mun aing dibarengkos kieu, hartina ieu budak deuk sina modar nyah?"

"Mangsabodo deuleu! Pira jelema saese, uing mah moal openan, henjig weh deuk dijieun anak kukut ku sia mah!"

Ana koceak teh, mun henteu mah saerte ngadenge kabeh. Memeh ngaguprak, Jang Oding nompokeun harewos kana ceuli Bah Sobir.

Beurangna karak kanyahoan, cenah Jang Oding nimu duit sagepok, lebah pisan jalan ngolecer wengkon Citarik. Duitna dibuntel lawon bodas, dihijikeun jeung sasajen kayaning rujakeun jeung seupaheun. Dua poe dua peuting teu empes-empes, ana sadar jug owah teu puguh. Sareatna Bah Sobir ti Lembur Gede, Jang Oding kajait tina rajapati demit, usung-esangna idajil la'natulloh.

-=oOo=-

"Keun bae Sujang tong didenge ocehan jalma-jalma sirik mah. Da kitu di lembur urang mah teu kaop ningali tatangga aya kamajuan, ngaradon usil. Munjung mah, miara tuyul mah. Teu baretaheun ningali nu maju. Sabalikna aratoh mun tatangga nambru!" Ma Kayah ngecebrek sorangan dina hiji poe, ngalelemu pangdoni anak lalakina anu keur meujeuhna nanjung.

Ti saprak kajadian aya budak lalaki nimu duit di parapatan jalan Citarik, ngaran Jajang Sutingong jadi catur salelembur. Ari Ma Kayah nya urang Sumber Sari, indungna Jajang Sutingong. Lanceuk awewena boga salaki urang Majasetra. Rejekina buburingkalan, teu ngimbang kana lakon pangupa jiwana. Pantes pada naksir teu beres teh. Pira dagang beas leuleutikan nu sapoena tara beak saparapat kintal, teu mangkuk tataunan bet kabual meuli jongko di pasar Ciparay, malah bari ngabandar sagala, kaceluk ku landian Juragan Menel. Lubak-libuk di lebak teu kacabak, di pongpok teu kalebok, nu pesen pada napuk, ngaladangan tangka buk-bek, aman hapuk suda habek, sagulak-sagilek jadi sakibik. Patulayah treuk dolak reujeung mobil bak, motor ge kabebek-bebek, gepokan duit kencring sabubuk-bubuk.

-=oOo=-

Pabuburit katembong lanceuk Jang Oding ngagidig bangun rusuh. Ku tatanggana pada nelah Kang Dumon tukang ngomean mesin kompa. Basa sup pisan ka terminal pada nanya, "Deuk ka mana?"

"Deuk ulin we, aya perlu ka Lembur Gede." Kitu pokna pondok.

Basa gujrud di pasar aya nu maot, hare-hare we, ukur innalillahi. Kalacat weh kana angkot jurusan Ciparay-Tegalluar. Nepi teh ka nu dijugjug jug ditalek ku nu boga imah.

"Kumaha tuang rayi teh? Teu kateterasan?"

"Sae. Alhamdulillah, dugikeun ka ayeuna ge sehat wal apiat!" Kang Dumon nembalna bari pepeta, kawantu cita-cita hayang jadi mubalig teu tinekanan. Laju pupulih ngabrakeun unek-unek anu dikemu satutas kajadian kasarumahanana Jang Oding, adina.

"Ari daek mah nungguan tepi ka tengah peuting!" ceuk pribumi anu taya lian Abah Sobir. Kang Dumon giak sayaga. Panceg jam satu peuting, dirigdig ditungtun ka pangkeng tukang, didiukkeun dina amparan lawon bodas.

"Pek narik napas sakuatna, engke palebah ngaburakeunana langsung meureumkeun panon nya!" papatah Bah Sobir. Kang Dumon unggeuk.

Reketek...hep napas ditarik, laju ditahan tangka tibeberegeg. Hah...weh diburakeun.

Nu karasa ku Kang Dumon, manehna asa leumpang mapay jalan lenyed. Unggal ngalengkah, kedenge ku manehna sada anu humarurung tandaning nyeri pisan. Teu lila antarana, ngajelengeng sora anu nitah beunta. Ana bray, jug gok di hiji tegalan. Kang Dumon rungah-ringeuh kamana jeung kumaha nya pipetaeun. Najan kitu, suku mah teu burung ngalengkah sakaparan-paran. Alam sabudeureunana teuing ku negla. Mana wetan mana kulon, kateuing. Teuing beurang teuing peuting, haleungheum mangsa sareupna ngalayung. Sanggeus aprak-aprakan, gok ka hiji pakampungan. Lumayan asa teu keueung teuing. Taksiran bakal nimu batur ludeung. Di ieu pakampungan, Kang Dumon guk-gok jeung jelema nu taya pangangguran nyalse. Aya nu ngagugusur roda badag, nu mumundak jubleg batu, nu kawas kuda narik padati bari dicepretan, anu muter-muter gintiran, nu ngadon nutu lisung teu eureun-eureun, malahan aya ibu-ibu anu jiga wawuheun pisan tapi kalah ka calawak da awakna ramohpoy ngakod-ngais orok lalintuh.

"Kang, Kang Dumon eta teh?" ujug-ujug aya nu lumengis. Barang ret, mimitina mah asa teu wawuh. Dalah ku ditelek-telek horeng Kang Sudarna, lanceuk beuteungna Jajang Sutingong, minantu Ma Kayah urang Sumber Sari. Naha bet aya di dieu? Pan Bandar beas pangjagona. Teu ieuh tetelepek, nu sidik mah manehna teh kacida pikawatireunana, malah tuluy digiringkeun ka torowongan nu pikagilaeun jiga careham naon mah.

"Bejakeun ka adi-adi kuring cukup sakuringeun we lakon hirup model kieu teh, tong sok kabita ku moronyoy dunya nu wungkul macikeuh!" pokna melas-melis, satuluyna didurugdug ka jero torowongan. Kang Dumon tangka ngabirigidig, reup weh peureum, beunta-beunta masih di pangkengna Bah Sobir.

Basa balikna, di jalan nu kaliwatan, ngagarimbung jalma-jalma, cenah bandar beas maot kaeurad tambang popoean. Ras Kang Dumon kana pok-pokan Kang Sudarna, "Nyeta kuring teh kapohoan, kuduna poe Saptu teh ulah muka jongko, jadi weh kateuhak." (*)


Emha Ubaidillah
Pitapak Ririwa Pitapak Ririwa Reviewed by Rupa Sundapura on 15.05 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.