Di Parasmanan

Barakatak

Uhin, Ijah, jeung Otib keur ngantri bari nyarekelan piring hareupeun meja parasmanan di tempat tatanggana anu keur hajatan. Di hareupeun maranehna aya saurang nini-nini nu keur anteng ngocek sayur sop.

"Enggal atuh, Ni! Nu sanes tos cangkeuleun ngantosan. Barina ge tos teu aya dagingan hayoh we dikocek-kocek," ceuk Uhin bangun nu kesel.

"Nini mah lain neangan dagingna deuleu!" tembal si nini rada nyereng.

"Nya milarian naonna atuh hayoh we diaduk-aduk?!" ceuk Uhin deui bari kerung.

"Nini keur neangan huntu palsu, tadi rag-rag kana ieu sop!" jawab si nini bari tuluy dirampaan ku leungeunna. (*)

Di Parasmanan Di Parasmanan Reviewed by Rupa Sundapura on 11.07 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.