Nyingraykeun Lalangse

Ngahaja isuk keneh geus ngalangeu hareupeun imah. Hawa tiis dibaturan angin ngahiliwir ti landeuhkeun. Nebak awak nu tatadi ngadayagdag dina korsi. Ngararasakeun hawa nu nyelecep, nyulusup kana lulurung kalbu. Endah kacida. Saparat panon nenjo kajauhna, ukur pakebonan jeung gunung leutik nu mapaesan kaendahan alam. Jalan blung-blong ka ditu ka dieu. Kacida pisan simpe, euweuh sora kandaraan anu nyababkeun polusi sora jiga di kota. Anu aya ngan sora manuk jeung sabangsaning sasatoan anu kacida matak genah tumaninah kana hate. Ngupahan anu sungkawa.

Carita Pondok

Matakna ngahaja reureuh di dieu. Bumen-bumen di tempat anu kuring sorangan can wawuh. Ngahaja. Lian ti hayang ngahirup hawa seger, oge aya nu lain, hayang nyingkahkeun lalangse. Miceun rereged anu aya dina diri. Hayang muka lambaran hirup anyar di dieu. Di tempat anyar. Satutas kajadian harita. Kajadian anu kacida matak down. Rendah diri jeung putus asa ngabaturan kuring.

Kajadian anu langsung nangkubkeun jeung meunggaskeun sagala pangharepan anu karek mucunghul, pating parentul mapaesan hate ku karir anu neut-neutan alus. Jabatan alus sakeudeung deui baris kacangking ku kuring. Jabatan anu salila ieu dipiharep ku sakabeh pagawe di perusahaan tempat kuring. Tapi ku kajadian anu tumiba, kuring kudu nutupkeun hate, malah nepi ka resign ti perusahaan sagala. Bongan, enya bonganna atuh mamala beut nganjang na diri. Sakapeung mah aral kacida. Mendingan nemahan pati daripada nandangan lara.

-=oOo=-

"Allahu Akbar!" kuring jumerit waktu awak ngudupruk labuh.

Gubraaag...!

Panci anu dipake naheur cai murag, meneran pisan kana leungeun katuhu anu neueul kana lante.

"Aaawww...!!!"

Rabul tatangga anu deukeut. Pamajikan rawah-riwih ningali kaayaan. Aya anu ngabaluran leungeun ku minyak, aya oge anu ku odol. Paciweuh.

Sababaraha lila jadi pasen di rumah sakit. Ngubaran leungeun anu kaleob. Tapi ning kitu, geus titis tulisna. Anu dipiharep sangkan normal, teu waluya. Leungeun katuhu jadi komper, euweuh tanaga, sarta warnana hideung pabaur jeung bodas anu pating garebleg totol-totol. Matak geuleuh ningalina. Komo lebah curuk mah, iy...pasti ngabirigidig. Ningali tumpukan daging anu teu mangrupa. Jiih.

Kacilakaan anu nyababkeun kuring tatu saumur-umur. Rujit. Sorangan geus ngarasa kitu, komo meureun nu lain. Kitu anu jadi momot kuring saban waktu. Sanajan pamajikan salilana nyarita tetep nyaah, tetep narima kana naon rupa anu tumiba, ngan kuring angger teu sadar. Ti harita jadi leuwih kasigeung jeung gede ambek. Teu kaur aya omongan anu rada teu merenah langsung nyentak. Kitu deui mun ngadenge anu ngalelemu, ngagedekeun hate teh lain atoh. Tapi beuki ijid kanu ngomong asa ngalelewa, asa ngahina.

Sakapeung sadar jeung mangkarunyakeun kanu jadi pamajikan pareng disentak. Tapi nya kitu tea atuh kuring teh sok asa geuleuh. Matak mending nyamunikeun diri di ieu tempat anu hara-haraeun. Meh teu panggih jeung jelema loba. Tiis ceuli herang panon.

Kapaksa meureun. Pamajikan ngelehan maneh nuturkeun kuring pindah. Ari barudak mah angger wae di kota. Satia ka salaki, ngurusan kuring anu keur karandapan aral. Tinimbang aya kajadian anu teu dipiharep. Mimita na mah manehna mugen sarta ngalelemu ka kuring sangkan cicing, angger di tempat anu baheula.

"Naha tos diemutan, Kang?" cenah. Panonna manco ka kuring.

"Komo!" kuring teugeug, teu nempo saeutik oge ka pamajikan.

"Saur pangemut abdi mah mending di dieu heula atuh. Tong getas harupateun. Anggur sing tawakal. Pan Akang ge di dieu keur diubaran. Mudah-mudahan aya jodona. Bisa cageur cara sasari." Pamajikan ngalelemu. Leungeunna ngocekkeun gelas. Song gelas di ka kuringkeun. "Leueut heula cai teh haneut, meh janglar."

"Teundeun na meja!" Kuring teu mirosea.

"Kang!" Pamajikan ngarahuh.

"Hem...!"

"Akang teh sing sabar. Sakieu ge alhamdulillah ngan saukur panangan anu tatu."

"Na di dinya ngaharepkeun kabeh awak kaleob cai panas kitu?"

"Astagfirullah, Kang. Sanes kitu...!"

"Heup...heup gandeng. Meunggeus tong loba carita deui." Panon kuring mencrong ka luhureun meja gawe. Map anu numpuk, buku-buku, kantong jingjing, ngingetkeun kuring waktu digawe.

"Hapunten!" Manehna cengkat.

"Nung...!"

"Kumaha?" cenah ngarandeg, lengkahna kandeg.

"Hampura, Akang!" cekeng.

"Teu sawios. Ngartos." Gek deui di gigireun.

"Akang teh era ku kaayaan. Enung ge apal kumaha akang baheula. Jadi wayahna mun Enung nyaah ka akang...," kuring neuteup panonna nu liuh carinakdak. "Akang hayang pindah. Hayang ngumpi diri. Keun wae cicing nyorangan ge, ari Enung teu daek mah."

"Pami tos buleud mah, mangga. Keun abdi ge bakal nyarengan!" Sorana dareuda.

-=oOo=-

Tempatna jauh ka ditu ka dieu. Kabeneran aya relasi anu ngajual vila. Alhamdulillah, teu ditawar deui langsung diduitan bakat ku atoh. Tempat anu ceuk batur hara-haraeun, pikasieuneun teh, cek kuring mah betah kacida. Tempat anu saeutik-saeutik miceun bangbaluh, nyingraykeun lalangse anu asa ngukuntit diri.

Unggal isuk ngalangeu hareupeun imah. Jalan-jalan ngarasakeun hawa anu seger tumaninah kana awak, sumarambah kana bayah. Katunggaraan saeutik-saeutik kaubaran ku ningali kaayaan ciptaning Gusti anu endah kacida. Sanajan angger we sok aya kasedih datang mun inget kana kajadian.

"Gusti, naha anjeun masihan sagala kasedih nu pohara." Kuring nyusut cipanon ku tonggong leungeun nu datang teu kaampeuh. Panon angger nyerangkeun sakuriling. Ret ka kenca ret ka katuhu.

Karek sidik, geuning rada jauh, beulah kaler aya jalan badag molongpong. Di dinya aya gapura badag warna emas. Patingborelak katojo sumirat. Gapura anu jadi batas hiji wewengkon. Katangen di luhurna aya aksara badag. Ngan teu pati eces, jeung teu kaharti tulisanna, teuing batas daerah naon. Tulisanan rada teu jejeg, siga tulisan sunda buhun.

Awak asa lungse, asa sedih pohara ningali gapura anu aya di dinya. Gapura anu dipinding tihang beton kenca katuhu. Beton mangrupa dua leungeun anu keur nadah, siga anu keur ngadoa ka manten-Na.

Aya nu merebey ningali eta dua leungeun anu keur ranggah. Leungeuna anu katuhu ning euweuh ramo anu katingali. Ti pigeulang nepi ka ramo teu aya. Buntung.

Ret kana leungeun katuhu kuring anu teu daya teu upaya. Tong boroning bisa ranggah siga kitu. Anggur bet asa ngaheurinan. Teu bisa nanaon. Jadi hahalang pikeun ngalakuken kagiatan. Ngulapes, teu daya teu upaya. Sagala ngan saukur dilakukeun ku leungeun kenca.

Ret deui kana leungeun ranggah di luhur gapura. Katingali leungeunna bedas. Ngadoa unggal waktu. Jung nangtung lajag-lejeg. Aya amarah anu datang teu diondang. Ambek ngurunyung inget kana papasten anu karandapan. Kabayang wae waktu keur gandang. Sapopoe make mobil. Datang ka kantor pada ngahormat, pada ngajenan. Ari ayeuna?

"Na atuh maneh teh ngadon ngulapes. Euweuh guna. Euweuh gadag. Asa mendingan siga leungeun di luhur gapura. Sanajan buntung tapi geuning perkasa katingalina. Gagah!" Kuring ngabeubeutkeun maneh kana korsi. Ngepeskeun leungeun katuhu satarikna.

"Aduuuh...!" Kuring ngajerit basa leungeun keuna pisan kana armrest korsi. Nyuuh kana meja sababaraha lila. Ngarasakeun nyeri dina leungeun.

Clak...clak...! Sora nu ngeclak eces kana ubin. Ngareret sakeudeung ka lebah sora anu deukeut suku. Bari angger nyuuh. Gebeg. Ningali getih anu aya dina ubin ngabayabah. Beuki loba bareng jeung nu ngeclak ti luhur saeutik-saeutik. Tanggah, euweuh nanaon. Paneuteup balik deui kana ubin, nuturkeun getih, ti mana asalna. Ret kana leungeun anu beuki nyanyautan.

"Gusti...!" kuring ngajerit ningali leungeun kuring nu buntung. "Nung...Enung...!" Kuring ngagero pamajikan bakat ku reuwas.

Antara sadar jeung heunteu aya nu nyoara tan katingali. "Sukur geus mikeun eta leungeun ka kuring. Dasar jalma merekedeweng. Salilana ngagugulung aral!"

Sorana ti beh kaler...lebah gapura. Ret ka gapura. Ret ka luhur gapura. Ningali leungeun anu ranggah tea. Cacadna leungit, ganti jadi dua leungeun anu sampurna.

Leng teu inget di bumi alam. (*)


Nina Rahayu Nadea
Nyingraykeun Lalangse Nyingraykeun Lalangse Reviewed by Rupa Sundapura on 10.54 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.