Si Kabayan Neangan Konci

Si Kabayan dina hiji peuting kaluar ti imahna bari diharudum sarung. Si Iteung kaget bari reuwas, naha aya naon tara da sasarina biasana mah Si Kabayan lamun hees teh tara inget bumi alam.

Dongeng Si Kabayan

Di luar kasampak Si Kabayan jiga anu neangan hiji barang bari dodongkoan jeung tungkul.

"Akang neangan naon atuh manehna teh?" Si Iteung nanya bari nyampeurkeun. Si Kabayan anteng teu nembalan bari tetep tuang-teang kana taneuh.

"Aya naon Iteung, Kabayan, peuting-peuting kieu ngadon di luar?" ceuk mitoha Si Kabayan asa kaganggu meureun ku sora gerendeng si iteung waktu nanya salakina.

"Ah Abah, duka teuing Bah, eta Kang Kabayan ujug-ujug kaluar bari teuing neangan nanahaon mani jiga nu penting pisan," Si Iteung ngajawab.

"Kabayan maneh teh keur neangan naon hah...?" Si Abah nanya.

"Ehm..., ieu Bah, abdi teh keur neangan konci lomari."

"Naha konci lomari nu mana, Akang?" Si Iteung nanya bari kerung.

"Make nanya numana sagala. Naha urang boga lomari sabara hiji?"

"Apan titatadi aya ngagantung tina liangna."

"Heueuh, waktu Akang rek ganti baju eta konci teh murag."

"Ari muragna di mana?"

"Nya di jero! Ari maneh Iteung jiga anu lieur maneh mah," Si Kabayan muncereng ka Si Iteung.

"Har..., naha atuh ari murag di jero imah mah make neangan konci di luar imah sagala!"

"Ehm..., Iteung-iteung maneh mah dasar oon. Apan nyaho di jero mah poek, neangan oge moal katingali. Nya kuring neangan di dieu, di luar anu keur caang bulan, sugan bae kapanggih koncina." (*)

Si Kabayan Neangan Konci Si Kabayan Neangan Konci Reviewed by Rupa Sundapura on 07.51 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.