Ganjaran Ka Nu Sarakah

Kacaturkeun di tatar pakidulan Garut, aya hiji kulawarga nu kacida masakatna. Banda nu jadi tatalang ragana ngan saukur imah sacangkewok jeung balong tukangan imah sagede kobokan.

Ganjaran Ka Nu Sarakah

Baheula mah basa keur ngorana eta kulawarga teh estu beurat beunghar. Di lembur teh pangjegudna. Salakina teureuh menak, ngan hanjakal loba harta lubak libuk teh teu dibarengan ku beunghar hatena. Karesepna eta salaki-pamajikan teh ngan curak-curak jeung ngahambur-hamburkeun duit warisan kolotna.

Ari kangaranan harta, sakumaha lobana oge tangtu ninggang dibeak. Kitu oge harta kulawarga, tungtungna mah ludes. Pamustungan nu bisa hirup senang, ngarumas pisan ningal kaayaan nu lieuk euweuh ragap taya teh.

Sanajan kaayaanana kitu, naon-naon nu tumiba ka maranehkan teh tangtu wae teu bisa beres ku humandeuar. Barang gawe mah tetep kudu, da beuteung mah angger kudu dieusian.

Sanggeus kaayaanana kitu, salakina jadi rajin barang gawe. Sasatna mah teu bauan. Daek itu daek ieu, rancage tur rapekan. Ngan, abong adat geus kakururng ku iga, karesepna kana ngahambur-hambur mah teu leungit.

Beubeunangan hasil gawe sapoe jeput teh ludes-ludes wae, euweuh nu nyangsang hiji-hiji acan, boh kana tanah boh ingon-ingon pibekeleun pikahareupeun. Nu jadi pikiranana ngan kana eusi kadut. Kulantaran tara rikirik, hirupna angger wae teu aya menyatna.

Beuki kolot mah tanagana teh beuki suda. Atuh panghasilan tina barang gawe teu kawas baheula. Nu mercaya gawe manehna oge beuki ngurangan da loba keneh nu jagjag jeung waringkas. Antukna manehna jadi leungiteun kasab. Kiwari sapopoena ukur jadi tukang buburuh ngarit.

Hiji poe, waktu manehna ngarit di leuweung, panggih jeung saurang nonoman nu sarua keur ngarit. Pangawakana beresih jeung gagah, saliwat mah teu mantes kudu barang gawe kasar kitu mah.

Duanana uplek ngobrol. Manehna ngebrehkeun bangbaluh ka eta nonoman, kumaha kasusah nu tumiba ka dirina. Tina paromanana mah si nonoman haateun pisan. Beres cacarita, eta nonoman teh tuluy ngajak ka mumunggang gunung.

Manehna teu talangke nuturkeun eta nonoman. Sanggeus nepi di mumunggang gunung, si nonoman nuduhkeun hiji tangkal kawung nu doyong ka lebah jurang. Barang disidik-sidik, horeng tanggal kawung teh aheng kacida. Kawung teh buahan caruluk emas.

"Ieu teh tangkal kawung pelak karuhun kuring," ceuk eta nonoman bari tuluy naek kana tangkal kawung. Sanggeus nepi ka luhur, tuluy mipit sababaraha siki caruluk emas, diasupkeun kana kojana. Geus kitu mah tuluy turun deui.

Ari manehna bati colohok, asa hemeng jeung cangcaya.

"Kang, kuring mah teu bisa marengan lila, lantaran aya pangabutuh sejen. Sok wae ngala sacukupna, ulah loba teuing. Kahareupna tangtu anak incu urang sarerea bakal sarua butuh," ceuk eta nonoman bari tuluy ngaleos.

Heuleut sawatara lila, saditinggalkeun ku si nonoman, manehna teh kacida bungaheunana ningali emas nu ting gurilap. Teu talangke deui tuluy ngudalkeun kabeh jukut tina karung nu geus pinuh, laju naek ngala caruluk emas.

Nenjo emas nu sakitu lobana, dina pikirna ngalangkang deui kahirupan manehna mangsa keur beurat beunghar. Antukna najan inget oge kana papatah si nonoman, teu ieuh dipalire. Caruluk emah teh kabeh dipupu, diwadahan kana karung nepi ka pinuh ku emas.

Waktu rek turun, manehna bingung pisan lantaran karung nu rek pinuh ku emas teh hese nurunkeunana. Rek dipuragkeun, kulantaran kawungna doyong ka jurang, tangtu wae moal bisa. Murag ngandung harti dipicen. Ari rek dipiceunan sawareh, tangtu wae lebar. Bororaah satengahna, dalah sasiki oge lebar kacida. Antukna caruluk emas nu sakarung teh dipaksakeun dibawa turun.

Karek oge salengkah, awakna kaburu kabawa manten ku karung nu eusi emas. Manehna jeung carulukna ragrag ka jurang. Emas euewuh nu kapuluk, atuh manehna nemahan pati saharita keneh lantaran katinggang pisan ku karung nu eusi emas.

Jadi hirup mah ulah sieun beakeun rijki ku batur. Masing-masing oge geus aya bageanana. Atuh lamun dina ayana, ulah sok aya asa aing aya, dimonyah-monyah nepi ka poho ka poe isuk jeung ka batur. Tangtu wae sipat-sipat nu sarakah mah pamustunganana teh teu weleh numbuk di sue. (*)


Taufik Rahayu (Mangle No. 2358)

Ganjaran Ka Nu Sarakah Ganjaran Ka Nu Sarakah Reviewed by Rupa Sundapura on 07.29 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.