Akal Munding

Dina surat kabar mingguan basa Sunda - Siliwangi - nu medal jaman Belanda edisi tanggal 15 Juni 1921 aya warta nu judulna "Politik Kerbau". Nyaritakeun akal sato nu ngaranna munding keur nangtayungan diri jeung kulawargana tina panarajang sato garalak, babakuna maung. Di handap ieu hasil repostase ti sisi basisir Laut Kidul, kiduleun Bungbulang, Kabupaten Garut.

Akal Munding

Jaman harita, masarakat di dinya geus miara munding. Rata-rata barogaeun mundingna teh leuwih ti dua. Anu unikna, mundingna henteu dikandangan, teu kawas ayeuna, tapi dikencarkeun di hiji pasir. Teu dicangcang, teu ditalingakeun, jeung teu dijaga. Dina mangsa peuting oge diantep di eta pasir, henteu diampihkeun, padahal taun 1921 mah, maung masih keneh loba. Di wewengkon Bungbulang jeung basisir Laut Kidul masih loba leuweung geledegan. Tapi najan kitu, teu kungsi kajadian aya munding nu ditekuk ku sadakang maung. Atuh masyarakat teh teu hariwangeun mundingna dihakan maung jeung sato galak sejenna.

Sabada ditalungkit singhoreng munding bogaeun akal, taktik, jeung strategi sangkan teu dihakan ku maung. Unggal jam genep sore, geus rek reup-reupan peuting, munding nu kapeto jadi pamingpin tembong riweuh ngamankeun anggota kelompokna sewang-sewangan.

Eneng atawa anak munding dikumpulkeun, ngahiji jeung munding nu geus karolot nu geus kurang tanagana. Munding nu masih keneh ngarora jeung gede tanagana sarta tandukna ranggakgak, ngurilingan eneng jeung munding kolot dina posisi nukangan, nyanggareup ka luar. Huluna diposisikeun siga rek diadu, tandukna siap ngagadil.

Kucara kitu maung teh jadi sebereun rek nekuk munding. Nempo tanduk munding nu ranggakgak sarta tungtuna seukeut, maung teu wanieun ngadeukeutan. Kaciptaeun meureun kumaha budal-badil peujitna mun kudu digadil ku munding nu keur meumeujeuhna gede tanaga. Dina kituna mah maung oge boga kasieun.

Kumaha ayeuna? Kapanggih keneh taktik munding saperti di wewengkon Bungbulang? Moal kapanggih. Nu barogaeun mundingna oge ukur hiji dua, tur munding nu dipibogana henteu loba. Mun tea mah dikencarkeun sarta peuting teu dikandangan, kiwari mah leuwih teu aman batan baheula. Memang moal ditekuk maung lantaran maungna geus teu nyesa hiji-hiji acan. Tapi pasti munding teh dina waktu nu moal lila bakal leungit, aya nu maling.


Galura

Akal Munding Akal Munding Reviewed by Rupa Sundapura on 07.06 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.