Lain Lawaneun

Seuri koneng

Aki: "Jadi lalaki mah montong sok borangan Sujang, manggih macan manggih singa ge lawan we."
Incu: "Geuning Aki ari si Nini keur nyarekan tara ngalawan, kalah sok ngahephep."
Aki: "Ih, si Nini mah lain lawaneun jalma atuh Sujang!"
Incu: "Saha atuh nu bisa ngalawan si Nini?"
Aki: "Duit. Ngahephep geura si Nini diasongan duit mah."
Incu: "Teu kaharti lah."

Lain Lawaneun Lain Lawaneun Reviewed by Rupa Sundapura on 22.34 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.