BBM jeung Beus

Seuri Koneng

Gara-gara ongkos beus naek panumpang jadi ngurangan. Pausahaan beus Cirebon-Bandung ngayakeun rapat.

Pingpinan: "Urang umumkeun, ongkos teu naek!"
Staf 1: "Panginten rugel atuh, Pa!"
Pingpinan: "Ah moal, urang kurangan we jarakna."
Staf 2: "Maksadna?"
Pingpinan: "Panumpang anu rek ka Cirebon turunkeun di Kadipaten. Anu ka Bandung turunkeun di Sumedang!"
Staf 3: "Har, engke dugi ka tujuanana kumaha?"
Pingpinan: "Sina laleumpang!" (*)

BBM jeung Beus BBM jeung Beus Reviewed by Rupa Sundapura on 20.59 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.