Boedak Ragrag

Roesdi djeung Misnem

Batoer Roesdi noe galĕde ngaranna si Djahir djeung si Kadir. Dina hidji poe eta doea boedak njalampeur oelin ka Roesdi, ngajak ngala sajang tikoekoer dina tangkal tangkil. Roesdi atoheun nakĕr, da "ĕngke rek dibere anakna," tjeuk si Kadir.

Barang nĕpi ka handapeun tangkal noe aja sajang manoekan tea, si Kadir terekel naek. Roesdi djeung Djahir ngadaragoan handapeunana. Kadir ngarangsod naek kana deukeut poetjoekna pisan, da eta sajang tea ajana di poentjak.

Baroedak noe doea, noe aja di handap, arongkoh-ongkoh bae aroelin bari ngadagoan anak manoek.

Geus sadjongdjongan lilana, kadenge koe Roesdi, di loehoer aja noe ngadarokdok. Barang ditanggahan, dahan noe ditintjak koe si Kadir tea peunggas.

Si Kadir teu kaboeroe moentang, koleang ragrag, gĕdĕboet ninggang batoe. Lila pisan si Kadir ngoedoepoeng teu oesik teu malik, ngan kadenge sorana bae gĕgĕroengan. Roesdi djeung Djahir gĕgĕroan, menta toeloeng. Teu lila broel baroedak noe sedjen daratang. Aja noe ngabandjoer, aja noe ngaroengkoepan koe dangdaoenan bari galageroan, "Tjareuh, tjareuh, tjareuh!"

Sanggeus hantĕm ditaroeloengan koe babatoeranna, koelisik-koelisik Kadir usik, tapi adoeh-adoehan keneh bae bari gĕgĕroan, teu bisaeun nangtoeng-nangtoeng atjan. Koe baroedak batoer-batoerna digarotong di bawa ka imahna.

Barang katendjo koe indoeng bapana, katjida pisan maranehanana karageteunana, bari nanja naon sababna pang ragrag. Koe si Roesdi djeung koe si Djahir dibedjakeun ti mimitina nĕpi ka ragragna. Si Kadir koe indoengna dibaloeran koe beas djeung tjikoer, bari djeung ditjeungtjeurikan. Sanggeus katendjo Kadir rada tjageur, Roesdi djeung Djahir bebedja rek baralik.

Datang-datang ka imahna, Roesdi tjarita ka bapana, jen si Kadir ragrag, sarta koe manehna ditjaritakeun asal-asalna, saperti njarita ka bapa Kadir tea.

"Tah kitoe, Oedjang, toengtoengna boedak sok tataekan teh," tjeuk bapana. "Noe matak peupeudjeuh, sia mah oelah sok nalaktak, bisi tjilaka kawas si Kadir. Manoekna teu beunang, batina potong soekoe atawa potong leungeun." (*)

Boedak Ragrag Boedak Ragrag Reviewed by Rupa Sundapura on 21.35 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.