Palabuan Ratu
Dina babad Bogar ditjaritakeun, jen Sang Prabu Lutungkasarung sanggeus nikah djeung Nji Putri Purbasari, geus djadi satria deui nu djenengan Guruminda Kahiangan. Andjeunna teh miwarang njieun wawangunan di lebah kampung Wangun, djeung miwarang tadjuran (kebon bubuahan) di lebah kampung Tadjur, sisi djalan nu ti Bogor ka Tjiawi. Ti harita andjeunna teh bumen-bumen di Wangun tea, sarta ngagentos djenengan djadi Maharadja Prabu Anggalarang.
Teu kungsi lila Sang Prabu Anggalarang teh ngalih ka Pakuan Padjadjaran lebah Batutulis ajeuna. Prameswari Purbasari harita bobot, ari tjarogena amit rek ngabagawan. Purbasari hojongeun ngiring, tapi teu dilaksanakeun lantaran nu tatapa mah teu meunang njandak istri. Purbasari henteu maksa. Ari Prabu Anggalarang terus ngabagawan bae di patapan Gunung Padang, wewengkon Tjiandjur.
Nu dikantun di karaton, barang nepi kana mangsana, brol babar. Putrana pameget, kakasihna Raden Siliwangi, nu engkena sanggeus sawawa ngalalana ka Sumedang, sarta di dinja kagungan garwa ka Nji Raden Radjamantri, bari ngagem gelaran Maharadja Prabu Sillwangi. Engkena andjeunna kagungan putra nu katelah Maharadja Anom Mantri Sunda, apuputra Sunan Pada, anu padjaratanna di Pagerageung desa Karedok (Sumedang). Putra istri Sunan Pada nu djenengan Gedeng Waru dipigarwa ku Pangeran Geusan Ulun Sumedang.
Sigeg eta, kotjap Ki Djampang di Kadupandak kagungan putra dua, nu djenengan Gelap Njawang djeung Kidang Panandjung. Ki Djampang katut putra-putrana arangkat ka Sumedang, sedja ulun kumawula ka Prabu Siliwangi. Tiluannana kamanah pisan ku Sang Prabu, tina satria kumawulana tur aja djadjatenna, beunang didjieun andelan.
Lila ti lila Sang Prabu Siliwangi teh hojongeun mulih ka Pakuan Padjadjaran. Sababaraha poe sasadiaan tjandakeun. Sanggeus samakta, bring bae andjeunna sarentjangna djengkar ngantunkeun Sumedang. Putra Ki Djampang tea oge duanana teu tinggaleun, lajeut pisan lir putra sakembaran, nepi ka djenenganana sok disiebut Purwakali, disakalikeun, sabab salampah-lampahna sok babarengan bae.
Angkatna ti Sumedang teh Sang Prabu Siliwangi madju ngidul tuluj nurutkeun Tjitanduj, djol bae Nusa Larang (Nusa Kambangan). Ti dinja ngambah lautan nudju ka kulon. Ti lebah Udjung Genteng mengkol ngiler, ngaliwatan muara Tjimandiri, tuluj balabuh sarta tuluj handjat ka darat. Ti dinja kebat badarat ka Pakuan Padjadjaran. Ti harita Sang Prabu Siliwangi njakrawati di Padjadjaran, sarta karadjaannana tambah madju. Ti kulonna diwatesan ku Selat Sunda, ti wetanna ku Tjipamali, ti kalerna ku Laut Djawa, ti kidulna ku Lautan Hindia. Ari tempat handjatna tea ti harita ditelahkeun Palabuan Ratu tug nepi ka kiwari. (*)
R. Satjadibrata - P.N Balai Pustaka